Tjarita Mantri Djero (Bagean 17, Djilid 1)

Sakabeh kadang wargi, kitoe deui para kapala djeung para oelama noe karoempoel di padaleman pada tjaringtjing, sagobangna, satoembakna, lantaran sangkaan sarerea, moal salah deui tangtoe moesoeh teh nempoeh dajeuh. Ari kana serah bongkokan tea, satoengtoeng koeat keneh ngalawan mah, taja petana. Dibelaan toetoempoeran batan nagara dibikeun dilindih deungeun mah.

Carita Nyambung

Djoeragan Patih ditanggap tjariosna koe Kangdjeng Dalem, tapi sanadjan sakoemaha imeutna oge, sakoer noe ngadangoe pada ngaraos panasaran, sabab djoeragan Patih mah henteu njaksian keur waktoe perangna.

Katjaritakeun Mantri Djero, bawaning koe hade pangoeroesna djeung matih oebarna, isoekna ngaraos senang, ngan loengse keneh, wantoening kaloearan getih sakitoe lobana. Tapi koe sabab andjeunna ngamanah, tangtoe Pangawoelaan palajeun ngadangoe hal tjaritaan perang. Loengse-loengse oge ngawajahnakeun andjeun. Pok Mantri Djero njarios, sasaoeranana teu kaoer balas eureun, bawaning koe tjape. Pioendjoek Mantri Djero.

"Moeng kenging tiloe dinten di djalan, abdi Dalem sareng wadia balad dongkap ka Kawasen. Raka Dalem, Kangdjeng Boepati Kawasen kasondong parantos sajagi, baladna kirang-langkoeng tiloe ratoes abdi, kalajan lengkep pakarangna. Kenging sadinten abdi Dalem ngarereb di Kawasen, ngantos abdi-abdi ti Galoeh, namoeng henteu aja bae dongkap. Raka Dalem, Kangdjeng Dalem Kawasen ngadawoehan, oepami balad ti Galoeh taja bae dongkap, moesoeh teh bade diajonan koe doeaan bae. Endjingna deui teu aja keneh bae oerang Galoeh anoe dongkap, nanging barang bade djoeng pisan mios ka wates, ka tempat anoe disangka bakal kaliwatan koe moesoeh, djeboel aja noe toempak koeda ditegarkeun semoe roesoeh, papakeanana oge baraseuh, kawas entas meuntas. Toeroenna tina koedana teh toetoeroeboen bae. Song djelema noe dongkap anjar teh ngasongkeun serat ka Dalem Kawasen. Ari diaos, serat ti Kangdjeng Boepati Galoeh, ngawartosan, jen balad Galoeh moal tiasa dikintoen ka Kawasen, margi perdjoerit Mataram dinten mangkoekna wartosna parantos ngalangkoeng ka Dajeuh Loehoer. Pidongkapeunana tangtos ka pakidoelan Tanah Rantjah, malah moal lami oge mareuntas di Tjidjolang. Kangdjeng Dalem Kawasen kalintang hemengeunana. Dawoehanana, "Beu, atoeh ari kieu mah saroea bae djeung dipinggeskeun leungeun, sabab dipentjar kakoeatan, taja petana balad Kawasen djeung Nagara Tengah kaboeroe moeroe ka Galoeh, ari moesoeh geus rek meuntas ka Tjidjolang mah!"

"Kangdjeng Dalem Kawasen ladjeng nimbalan ka oetoesan ti Galoeh, soepados ngoeninga ka noe miwarang, jen balad Kawasen sareng Nagara Tengah taja panginten tiasa enggal ngaboedjeng ka Galoeh, margi nadjan ajeuna-ajeuna ngaboedjeng oge, tangtos kapiheulaan koe moesoeh, kawoewoeh Tjitandoej tjatjaahan, wantoening ajeuna teh moesim hoedjan. Koe margi eta pirempagna Raka Dalem, oepami sakinten perdjoerit Mataram moal kaajonan koe wadia balad Galoeh woengkoel mah, langkoeng sae moendoer bae heula, antosan di Tjihaoer. Di dinja kantenan kasondong bala Oemboel Tjihaoer sareng oerang Soekakerta, margi parantos asak pasini, balad Soekakerta mah bade ngantos di dinja bae, soepados oepami oerang Soenda kabereg sarta kapaksa moendoer, njampak aja batoer. Doepi margina noe mawi sae moendoer ka Tjihaoer, soepados balad opat nagara tiasa kempel ngahidji. Oerang Galoeh tiasa meuntas ka koelon, di hilireun Sanghiang Indit-inditan, wireh palebah dinja mah Tjitandoej singget, gampil dipeuntasanana."

Mantri Djero eureun sasaoeranana. Sotjana peureum, bawaning koe tjape, wantoening njarios bari nahankeun kanjeri. Barang geus aja sadjongdjongan lirenna, toeloej andjeunna ngaladjengkeun deui tjarios.

"Balad Kawasen sareng abdi-abdi Dampal Dalem, henteu tjios miangna ka wates, margi robah paniatan, koe adjaman bade ngaboedjeng ka Tjihaoer tea. Henteu aja noe nginten satjango ramboet, oerang Mataram darongkapna ka Tanah Rantjah teh moeng mitjeun salasah bae, margi baladna noe dongkap ka dinja mah moeng sapalihna. Doepi seuseueurna harandjatna di Pamotan. Terang-terang soteh dina dintenan bade mios bae, lantaran oerang Pamotan rea noe kalaboer ka dajeuh Kawasen, wireh lemboerna diboerak-barik moesoeh. Noemoetkeun wartos, oerang Mataram anoe harandjat di Pamotan teh kirang-langkoeng aja tiloe reboena sareng lengkep pakarangna, malah seueur pisan perdjoeritna noe ngabantoen bedil sareng kalantaka. Atoeh sakalintang bae Raka Dalem goegoepna, sadjabina ngaraos parantos kakepoeng teh, ongkoh seber ngadangoe moesoeh sakitoe rongkahna. Nanging dasar Kangdjeng Dalem Kawasen sinatria prawira, andjeunna henteu lami tagajoer manahna. Ladjeng natakeun abdi-abdina. Balad Kawasen ditjandak koe andjeunna ka kidoel mapag moesoeh, doepi abdi Dalem sareng abdi-abdi Nagara Tengah dipapantjenan ngantos di loeareun dajeuh. Dawoehanana, "Mantri, lamoen kaoela kasoran sarta balad Kawasen maloendoer, Mantri koedoe ngangseg, oerang Kawasen halangan, soepaja oelah aja noe bisa nobros barisan!"

Bral Kangdjeng Dalem Kawasen djengkat, diiring koe sabaladna. Doepi abdi Dalem toemoet kana dawoehanana, tata baris di loeareun dajeuh, margi abdi-abdi Kawasen mah ditjandak sadajana. Doeka koemaha derna perang mah, margi abdi Dalem henteu njaksian, moeng endjingna abdi Dalem ngoeping soara ngagoeroeh, kakoepingna sapertos goenoeng oeroeg bae. Beuki lami soara teh beuki tetela kakoepingna, malah sidik aja noe tingdjarerit menta toeloeng. Abdi Dalem sareng sadaja balad parantos sajagi bade nampan panaradjangna moesoeh. Ari boeroedoel teh wet sanes moesoeh. Sihoreng noe tingdjarerit teh oerang Kawasen, moendoer katawoeran, henteu kiateun nagenan ngamoekna perdjoerit Mataram. Ras abdi Dalem emoet kana timbalan Raka Dalem, njaeta oepami oerang Kawasen moendoer, kedah dihalangan. Breng abdi Dalem sareng sabatoer-batoer madjoe, wadia balad teh ditatakeunana galoedra ngalajang, soepados sakalian tiasa ngahalangan oerang Kawasen anoe loempat paboerisat tea. Barang oerang Kawasen ningal jen aja keneh batoer, hatena arageung deui, ladjeng eureun loempatna, ngoempoel deui miloe njanghareup ka moesoeh. Koe abdi Dalem ditingalan, nanging Raka Dalem henteu kapendak. Ari dipapaj ka oerang Kawasen, kenging wartos andjeunna teh kasamboet dina keur tjampoeh. Doepi lajonna dibantoen koe patihna moeboes ka goenoeng, doeka di palebah mana."

Sakoer noe ngadangoe, kitoe deui Pangawoelaan pada mintonkeun kasedih. Dawoehanana, "Moegi-moegi Goesti Mahasoetji ngagandjar ka noe ngadjalankeun kawadjibanana!"

"Henteu lami antawisna, boeroedoel teh perdjoerit Mataram, mani nakleuk hideung, sapertos sireum bade pindah sajang bae! Koe Dampal Dalem kantenan kagalih sakoemaha sabilna abdi Dalem dina waktos harita. Ningal ka gigir, abdi-abdi sadaja maroeringis. Ningal ka pajoen, kapetengan noe didamel poepoetjoek, semoe ngoentjoeng, sahenteuna njanghareupan moesoeh noe sakitoe seueurna. Nanging aja berekah Dampal Dalem, oerang Nagara Tengah henteu ngalingsemkeun. Gaproek moesoeh teh ditaradjang, der perang tjampoeh!"

"Heh! Soekoer, lalaki...!" dawoehan Kangdjeng Dalem.

Mantri Djero liren deui sasaoeranana, ngaraoskeun heula kanjeri. Barang geus ngaso, daradad deui andjeunna noeloejkeun tjariosanana.

"Nanging kalah wowotan, abdi-abdi Dampal Dalem teh moeng saleak pisan, blag-bloeg anoe kasamboet. Tingdjarerit sorana anoe raheut koe pakarang moesoeh. Kawoewoeh sora bedil sareng kalantaka moenggah neregteg, kalintang matak njeberkeunana hate. Koe margi koe abdi Dalem katingal, sanes tagenaneun, ladjeng bae abdi Dalem sareng sabatoer-batoer moendoer ka dajeuh. Balad Mataram toemaninah lebetna ka dajeuh teh kawantos noe ngadjagina parantos taja dajana. Padaleman dirandjah, doenja brana sareng istri-istri parekan dipagorenjangkeun. Tjindekna abdi Dalem henteu tiasa njarioskeun pepetaanana balad Mataram. Saena garwa raka Dalem sareng poetrana pameget, iasa keneh ngedjat, moeboes ka pagoenoengan sareng seueur rentjangna noe ngariring. Abdi Dalem oge bobor karahajoean, keuna koe toembak. Ieu raheut noe dina dada kalintang njerina. Koe margi parantos katingal, jen kedah tjaremna abdi-abdi Dampal Dalem teh, oepami perang diteraskeun, sareng abdi Dalem parantos teu kiat nahankeun kanjeri, ladjeng moendoer bae, loempat sakaloempat-lampet, margi emoetan teh ngaboeang njawa di tengah kalangan oge pertjoemah, ari taja paedahna mah. Kitoe oge noe tiasa kaboer teh moeng tamtama noe taroempak koeda bae, margi anoe badarat mah toempoer dibasmi koe moesoeh. Emoetan abdi Dalem, oepami Dampal Dalem palaj salamet, enggal ieu dajeuh tilar, mangga oerang moeboes ka koelon, nepangan Kangdjeng Dalem Soekakerta, margi dilajanan oge taja petana pikiateun, toengtoengna tjarem sadajana!"

Kangdjeng Dalem ngahoeleng, kitoe deui sakoer noe ngadangoe tjarios Mantri Djero pada taroengkoel, kabeh pada ngandoeng kamoejoeng. Istri-istri tingsalegroek narangis.

Atjan oge Mantri Djero toehoer lambejna, entas njarioskeun kadjadian di pangperangan, di aloen-aloen tagiwoer, kawas aja kariboetan. Teu lila jol goelang-goelang oendjoekan, jen kadongkapan abdi-abdi oerang pilemboeran anoe dongkap maroeboes, lantaran ajeuna perdjoerit Mataram parantos aja di satengah djalan.

Sakoer noe aja di padaleman kabeh pada goegoep, ear istri-istri noe maridangdam, riab pada moeroe ka saboemi-boemina, rek ngarawatan babandaan, bari tinggarero, "Tiwas, tiwas...! Hajoe oerang moeboes!"

Kangdjeng Dalem oge noe asalna sakitoe tegerna manahna, ari ningali kitoe mah kabawa sentar. Toeloej miwarang goegoeloeng, kersana rek njingkahan bahja, ngaboedjeng ka Soekakerta. Henteu lila para kapala, para oelama, kadang wargi, djeung para rentjang geus ngalioed di boeroean padaleman sabawana-sabawana, kitoe deui abdi-abdi noe rek ngiring nilar dajeuh, geus ngagimboeng di aloen-aloen. Kangdjeng Dalem nitihan koeda, ari istri-istri digarotong dina tandoe. Noe sedjen mah koemaha kabogana bae. Aja noe taroempak koeda, aja noe njaratjat bae. Mas Anggataroena tjakah-tjikih ngoeroeskeun tjandakeun. Sakoer noe ringkes djeung gede hargana koe Kangdjeng Dalem dipiwarang dibawa.

Memeh djengkar Kangdjeng Dalem ngadeg di pajoeneun para wargi, para kapala, djeung para oelama. Pok andjeunna ngadawoehan. Lahirna, "Eh sakabeh para wargi djeung batoer-batoer noe karoempoel, geus kersana Noe Maha Wisesa oerang koedoe nandangan tjotjoba anoe sakieu gedena. Pikeun pangeusi Nagara Tengah aja doea roepa piliheun, njaeta kahormatan djeung kasalametan. Lamoen hajang meunang kahormatan, koedoe ngadjalankeun kasatriaan, njaeta koedoe ngalawan sakoeat-koeat, oelah rek ngedjat salengkah, oelah moendoer dioeroegan moesoeh. Tapi lamoen kitoe oerang tangtoe binasana. Lamoen oerang mamrih kasalametan, koedoe gantjang ninggalkeun dajeuh, ngadon moeboes ka noe soeni!"

"Moenggoehing kaoela mah estoe katjida bingoengna. Oepama ngagoegonan tetekon kasatriaan, tjadoe kaoela moendoer, haram kaoela tilar nagara, sabab geus bagianana menak mah paehna taroeng djeung moesoeh, malah ajeuna kaoela rek indit mapag moesoeh. Tapi lamoen inget kana papagon noe djadi loeloehoering nagri, kaoela teh nandang dosa doenja-aherat, oepama henteu ngadjaga kana kasalametan rahajat, soemawonna lamoen geus sidik jen bakal tjilakana mah. Koe sabab eta, kaoela menta timbangan sarerea, kawadjiban noe mana noe koe kaoela koedoe ditoeroet teh, naha kawadjiban satria atawa kawadjiban radja?"

Para ponggawa djeung kadang wargi, kitoe deui abdi-abdi pada saoer manoek, oendjoekan ka Pangawoelaan, jen leuwih perjogi ngadjalankeun kawadjiban radja, njaeta ngadjaga kasalametanana rahajat.

Dawoehan Kangdjeng Dalem, "Moal kaoela diseboetkeun menak noenda kaoetamaan, lalaki djedjerih pati?"

Diwalon koe Djoeroesimpen noe loba kaoeningana tea. Pioendjoekna, "Saha noe bade ngalepatkeun? Sadajana pada terang kieu kaajaanana. Sawangsoelna oepami Dampal Goesti anggeus-anggeusan, salamina moal kendat dioepat koe randa-randa noe ditinggalkeun maot koe salakina, moal towong dipiomong koe boedak jatim noe katinggal maot koe bapana, margina tangtos sadajana nareumbleuhkeun, jen Dampal Goesti noe djadi marga lantaranana, ngorbankeun balad teu sareng atoeran."

Koe Kangdjeng Dalem kamanah. Lahirna, "Hajoe atoeh ari kitoe mah!"

Boeroedoel aleutan mangkat. Kangdjeng Dalem toenggang koeda, di poengkoereunana djoeragan Patih, ditema koe gotongan Mantri Djero noe geus teu iasa walakaja, disamboeng deui koe tandoe para istri djeung wargi noe geus sarepoeh. Poengkoereunana ngabring para pangiring, rentjang-rentjang eusi padaleman. Kitoe deui abdi-abdi pangeusi dajeuh, anoe pada neangan kasalametan, ngabroel pada ngiring. (*)

Samboengan ti Bagean 16 Njamboeng ka Bagean 18

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 17, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 17, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 22.57 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.