Tatarucingan

Tatarucingan

Tatarucingan koleksi sim kuring. Kenging ngundeur ti internet. Lumanyun lah, etang-etang tambi nundutan.

+ Leutik, bodas, ngabelesat.
- Remeh napel na pesawat jet.

+ Leutik, hideung, kesangan.
- Sireum tas push-up.

+ Dicabak ledok, ditakol ngabelentrang.
- Tai kotok dina katel.

+ Sato naon nu pang leutikna.
- Tongo tapa 10 taun, tipes, kagencet batu.

+ Kaleng naon nu matak paur.
- Kalengkahan maung.

+ Kaca naon nu beurat.
- Kacalikan gajah.

+ Tahu naon nu pangbauna.
- Tahuntu sia.

+ Ucing ngising muru naon.
- Murukungkung.

+ Kumaha ngabedakeun gajah leutik jeung gajah gede.
- Diayak.

+ Diasupkeun kalah kaluar.
- Kancing.

+ Mun turun lila, mun naek gancang.
- Leho.

+ Aki-aki ragrag surak.
- Sakti.

+ Lele naon nu sok aya di sisi jalan.
- Lelepon umum.

+ Paskibra naon nu teu ngeunah.
- Pas kibra-kibrana sare di hudangkeun.

+ Bedana HP jeung monyet.
- HP mah Nokia, monyet mah Nukieu.

+ Lomari naon nu sok nyanyi.
- Lomari Irama……anjir maksakeun.

+ Oray naon nu teu bisa ngaleor.
- Oray ngahakan linggis.

+ Tukang naon numatak nyilakakeun.
- Tukangeun mobil nu rek mundur.

+ Kunaon tukang baso nakolan mangkok.
- Ku sendok.

+ Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara.
- Toge.

+ Tukang naon nu jejengkean.
- Tukang teuing.

+ Hayam naon anu sukuna sarebu.
- Hayam keur pawey.

+ Sato naon anu teu bisaeun mundur.
- Sato nu keur nukangan tembok.

+ Batu naon anu teu aya di cai.
- Batu garing.

+ Piring naon anu bisa dipake nempo bulan.
- Piring bolong.

+ Naon sababna ban mobil tina karet.
- Mun tina coklat pasti digembrong sireum.

+ Sapi naon anu bau.
- Sapiteng.

+ Hayamna bodas, naonna anu hideung.
- Kalangkangna.

+ Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna.
- Tinggal turunna.

+ Pare naon anu teu ngeunah.
- Parea-rea omong.

+ Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh.
- Keretas.

+ Kapal naon anu teu bisa ngapung.
- Kapal nu mesinna ruksak.

+ Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui.
- Kari salapan, da nu kempes teh ditiup deui.

+ Maju eleh, mundur meunang.
- Nu keur lomba tarik tambang.

+ Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon.
- Minumpas kejahatan.

+ Hideung, leutik, bahaya.
- Sireum napel dina bom.

Tatarucingan Tatarucingan Reviewed by Rupa Sundapura on 12.21 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.