Tuturut Munding

"Geus ngabudaya kawasna di urang mah, nya Mes?"

"Naon tea, Kabayan?"

"Eta, panasan, embung eleh, atawa tuturut munding ari kitu teh pingaraneunana, Mes?"

"Heueuh, naon tea? Sing jentre ari nyarita teh atuh."

"Eta tea geuning...heueuh...hayang nurutan batur, Emes."

"Hayang nurutan batur kumaha ari ente, Kabayan?"

"Lah, sok api-api teu ngarti ilaing mah, Emes."

"Har ituh, teu pupuguh...!"

Tuturut Munding

"Geura we tuh tempo ku ilaing. Mun dina salah sahiji stasion tipi aya hiji acara anu loba nu mikaresep, geus tangtu we stasion tipi nu sejen teh nurutan ngayakeun acara samodel kitu. Ukur dibedakeun ngaranna we atawa istilahna. Padahal kitu keneh kitu keneh. Tipi nu sejenna deui-deui teh embung eleh. Der ngayakeun deui anu teu beda ti kitu. Antukna mah kabeh station tipi aya acara nu kituan."

"Da lain dina stasion tipi wae atuh, Bay..."

"Heueuh nu matak ceuk uing kawas nu geus ngabudaya tea oge, Mes."

"Enya, ari kitu?"

"Kumaha tah ceuk ilaing salaku santri kalong?"

"Nya kawasna mah pedah babari we, Bay. Kapan ari nurutan mah ukur nurutan, nurutkeun nu geus aya, kitu, kitu weh."

"Kumaha tah ari kitu, Mes?"

"Nyaaa, sigana ari dina urusan dunya mah...sah-sah sajaaaah. Ngan meureun sacara moral kasebut kurang atawa teu hade."

"Euh, enya, ceuk Tuan Hirbish tea mah, naon teh...mun dina karangan mah plagiat-plagiat kitu. Ari dina hal sejenna kumaha, Mes?"

"Wallohu’alam! Dina Al-Qur’an surat Al-Isro ayat tilu puluh genep, Allah Swt ngadawuh: 'Jeung poma maneh ulah sok tuturut kana saniskara anu maneh henteu boga pangaweruh perkara eta, karana saestuna pangdenge, panenjo, katut hate teh kabehanana oge bakal dipariksa, dipenta tanggung-jawabna'. Tah kitu, Bay."

"Jadi mun teu nyaho kana masalahna mah ulah sok tuturut, nya Mes? Meulit ka bitis, meureun, nya? Ula-ilu, ula-ilu, bari teu nyaho nanaon, dina ayana hal-hal anu teu dipiharep, malindes ka diri sorangan, badan anu katempuhan..."

"Nyaa meureun kitu kira-kirana mah, Bay."

"Heueuh, na atuh ari uing, Mes, teu kaop aya beja kitu-kitu, atawa ngadenge anu-anu, najan bari teu nyaho-teu nyaho oge sok hayang we milu nimbrung ceuk Mas Baligo tea mah."

"Kapan dina surat An-Nur ayat lima belas oge Alloh Swt ngadawuh kitu, Bay. Wallahu’alam. Nyaeta: 'Sing inget nalika maraneh silih bejakeun eta pitenah ku letah maraneh sarta maraneh ngomongkeun ku sungut maraneh saniskara anu henteu dipikanyaho ku maraneh, turta maraneh nyangka yen eta perkara leutik, padahal eta teh mungguhing Allah mah perkara gede."

"Siga teu pira, nya! Padahal balukarna, wah! Da eta tea, nya, mungguhing Allah mah perkara gede. Matak sagala rupa oge ulah sok dianggap enteng, nya Mes?"

"Enya, jeung ulah pedah geus nyampak, tuluy we diteureuy buleud. Komo bari jeung teu nyaho nanaon tea mah, Bay. Kapan dina surat Al-Maidah ayat saratus opat oge disebutkeun kitu. Wallahu’alam: 'Jeung upama dicaritakeun ka maranehna: Hayu urang iman kana kitab anu diturunkeun ku Allah ka Rosul. Jawabna teh: Cukup pikeun kaula sarerea mah nu katarima ti karuhun oge.’ Naha rek ditarurut wae eta karuhun teh, sanajan karuhunna teu nyarahoeun naon-naon jeung teu meunang pituduh?"

"Euh komo kitu nya, Mes, bari teu nyaho nanaon tuluy tuturut ka nu teu nyaraho nanaon. Bakal linglung we, nya?"

"Enya, sedengkeun ceuk tadi oge kapan pangdenge, panenjo, katut hate teh baris dipariksa."

"Tuluy we meureun kadalon-dalon nya, Mes? Ari kitu teh, naon teh ceuk Mama Nu’em teh, Mes?"

"Lah, baku Kabayan mah ari geus kitu teh."

"Geus kitu kumaha, Emes?"

"Heueuh ngalilieur! Ujug-ujug ceuk Mama Nu’em teh...naon teh...?"

"Euh enya karek inget, paingan aya nu ngateu meunangkeun taklid tea, Mes. Naon teh, taklid buta tea kitu?"

"Kateuing atuh, Bay! Etaaa ceuk ente kumaha?"

"Sameledok! bet kalah malikkeun ari ilaing, Emes? Nya ari ceuk uing mah meureun, nu disebut taklid buta teh tuturut munding, bari jeung teu nyaho naon-naon, tuluy dilegleg diteureuy buleud, dijieun ageman, sok sanajan anu diturutanana teh teu nyaraho naon-naon deuih. Tuluy we cilaka ku polahna teh, kitu atawa lain, Mes?"

"Wallahu’alam urusan eta mah, Bay. Komo ana atuh kapan ceuk ente oge ukur santri kalong. Tah, nu puguh mah pidawuh Allah Swt dina surat Lukman ayat dua puluh hiji, wallahu’alam: 'Jeung upama dicaritakeun ka maranehna: Geura narurut kana saniskara anu diturunkeun ku Allah. Jawabna teh, 'Malah kaula sarerea mah nurut kana agama anu kasampak geus diagem ku karuhun-karuhun kaula sarerea. Naha maranehna narurut wae sanajan setan ngajak ka maranehna kana naraka Sa’ir?’ Tah kitu cenah, Bay."

"Na’udzubillaahimindzalik! Naraka-naraka kitu mah, komo naraka Sa’ir...Gusti, mugi ditebihkeun abdi teh. Jadi kumaha atuh ari kitu, Emes?"

"Nya kitu we, Kabayan, sarua ana oge mugi ditebihkeun."

"Amin! Emh, paingan ceuk paraji nya Mes."

"Kumaha kitu, Bay?"

"Ulah sok saturut-turutna lamun lain turutaneunana, nya?" (*)


Mansur S.

Tuturut Munding Tuturut Munding Reviewed by Rupa Sundapura on 21.20 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.