Istilah Dina Widang Tatanen

Dina widang tatanen aya istilah-istilah anu remen dipake, ti mimiti ngabukbak lahan, ngagarap, melak, nepi ka panen.

Pangajaran Basa Sunda

A. Tani Di Sawah

  1. Ngagarap Taneuh
    • Malik jarami » Malikkeun jarami sawah anu anyar dipibuatan upama rek nyawah dua kali atawa tilu kali dina jero sataun.
    • Nyambut » Ngagarap atawa ngawuluku.
    • Ngawalajar » Macul ngamimitian.
    • Malik » Malikkeun taneuh anu geus dipacul mimiti.
    • Mindo; ngeprek » Macul mindo ngancurkeun taneuh anu masih tingguruhul.
    • Ngangler » Ngaluluh taneuh supaya jadi ancur pisan atawa leutak.
    • Ngacak » Miceunan jujukutan jeung nu barala.
    • Ngalelep » Ngalelepkeun jujukutan jeung babalaan.
    • Ngararata » Ngaratakeun taneuh nu geus dipacul.
    • Ngawuluku » Ngagarap make wuluku.
    • Motong » Maculan nu teu keuna ku wuluku.
    • Ngagaru kambang » Ngagarap make garu.
  2. Melak jeung Ngurus Pare
    • Ngalean » Mimitian mipit pare pibiniheun.
    • Mitembeyan tebar » Mimiti ngawurkeun pare kana pabinihan.
    • Tebar » Ngawurkeun binih kana pabinihan.
    • Bubut » Ngarabutan binih pare dina pabinihan tandurkeuneun.
    • Nyaplak » Ngagarisan taneuh nu rek dipelakan pare ku caplak.
    • Tandur » Melak pare di sawah.
    • Mitembeyan tandur » Ngamimitian tandur.
    • Ngarambet » Miceunan jujukutan nu jaradi di antara tangkal pare.
    • Ngarambet ngabaladah » Ngarambet ngamimitian.
    • Ngarambet mindo » Ngarambet ngaduakalian.
  3. Panen
    • Dibuat » Ngala pare.
    • Derep » Buburuh dibuat.
    • Gacong » Buburuh dibuat. Buruhna sasangga dina sapocong.
  4. Kaayaan Pare
    • Sumihung » Kaayaan binih geus saperti sihung. Kira-kira saminggu ti tebar.
    • Bubuni tikukur » Lamun aya tikukur nyumput bakal buni. Kira-kira umur binih tilu minggu.
    • Bear » Binih anu dibabut teh teu loba mawa taneuh; binih alus.
    • Ngompol » Binih anu dibabut teh akarna loba taneuhan.
    • Lilir » Hartina hudang. Kira-kira saminggu ti tas tandur.
    • Gumunda » Daunna hejo saperti daun gunda. Kira-kira tilu minggu ti tas tandur.
    • Mapak daun » Daunna katembong rata. Kira-kira dua bulan ti tas tandur.
    • Nyiram » Pare saperti reuneuh. Kira-kira sapuluh poe ti papak daun.
    • Reuneuh » Pare geus katembong pibuaheunana. Kira-kira tilu bulan ti tandur.
    • Celetu » Pare geus aya hiji-dua anu bijil humutna. Kira-kira sapuluh poe ti reuneuh.
    • Rampak » Geus katembong kabeh humutna. Kira-kira sabulan ti celetu.
    • Tungkul » Pare mimiti ngeusi nu matak kaayaanana tungkul.
    • Beuneur hejo » Pare geus katembong beuneur tapi hejo keneh. Kira-kira tilu minggu ti rampak.
    • Sumurawung » Pare geus asak tapi can meujeuhna dipanen. Kira-kira sapuluh poe ti beuneur hejo.
    • Jujumaahan » Pare ngadagoan wanci anu mustari pikeun dipanen. Kira-kira sapuluh poe ti sumurawung.

B. Tani Di Kebon atawa Huma

  • Ngaburujul » Ngawuluku tanah darat.
  • Ngeprek; nemprang » Macul mindo ngabuyarkeun tai pacul nu tingguruhul.
  • Ngarag » Ngabearkeun taneuh sanggeus dipacul memeh dipelakan.
  • Ngaseuk » Nyieun logak laleutik keur melak sisikian kayaning jagong, kadele, jeung sabangsana.
  • Ngayuman » Ngaganti nu ruksak, nu goreng, atawa nu teu jadi.
  • Melak » Ngubur atawa nancebkeun tutuwuhan sina jadi.
  • Ngored; kokored » Ngaberesihan jujukutan.
  • Ngoyos » Ngaberesihan jujukutanana bari rada disaeuran taneuh.
  • Diayab » Dikored tuluy jujukutanana dikirab-kirab supaya taneuhna teu kapiceun.

C. Istilah Sejenna

  • Ngipuk » Ngawurkeun atawa melakkeun sisikian dikerepkeun sina jadi petetan nu bakal jadi binih.
  • Ngabungbung » mindahkeun petetan kana bungbung awi atawa polibeg.
  • Muter » Mindahkeun tatangkalan anu geus rada gede ku cara dikali sabudeureun akarna, diangkat, terus dipindahkeun jeung taneuh nu narapel dina akarna.
  • Nyiram; nyebor » Ngucuran pepelakan ku cai supaya seger.
  • Nyemprot » Nyemprot tutuwuhan ku semprotan make cai nu geus dicampuran obat (insektisida jeung sajabana).
  • Ngembrat » Nyiram make embrat.
  • Cangkokan » Dahan pepelakan nu kaian nu bisa dipelakkeun sanggeus akaran.
  • Nyangkok » Nyieun cangkokan.
  • Gemuk » Kadaharan pepelakan.
  • Berak kandang » Gemuk tina kokotor sato ingon-ingon.
  • Berak toko » Gemuk buatan pabrik saperti urea, KCL, TSP, NPK, jeung sajabana.
  • Binih » Sisikian atawa pepetetan pelakeuneun.
  • Ayeuh » Tumerap kana pare nu rarebah.
  • Hama » Sato jeung nu lianna anu sok ngaruksak pepelakan.
  • Tumpangsari » Melak tutuwuhan nu umurna sausum (palawija) dina taneuh nu dipelakan tangkal nu rea umurna tapi tacan kahieuman.
  • Heuleuran » Jajaran pepelakan anu rada rubak.
  • Stek » Dahan pepelakan sarupaning kakaian nu bisa di pelak.
  • Petetan » Bibit tutuwuhan nu leutik keneh, biasana aya keneh sesa sikina. (*)
Istilah Dina Widang Tatanen Istilah Dina Widang Tatanen Reviewed by Rupa Sundapura on 08.31 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.