Wawangsalan
Wawangsalan teh nyaeta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna teh tara ditetelakeun, tapi kudu diteangan tina bagian eusi. Wangsal teh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi tea. Nilik kana wangunna, wawangsalan teh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaeta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan teh ngeunaan silih asih, cinta, atawa birahi (tina Wikipedia Basa Sunda).
Conto wawangsalan:
- Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi » Oray
- Nyiruan genteng cangkengna, masing mindeng pulang anting » Papanting
- Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun » Kejo
- Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut » Simeut
- Jukut jangkung pipir gunung, hate abdi panas peurih » Eurih
- Teu beunang diopak kembung, teu beunang dientong-entong » Kolontong
- Teu beunang ditiwu leuweung, teu beunang dipikasono » Kaso
- Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang » Hayam
- Kendang gede pakauman, dag-dig-dug rasaning ati » Bedug
- Aya buah nyuhun daun, matak panas teuing ati » Danas
- Beulit cinggir simpay tangan, salamina hamo lali » Ali
- Bako siksik diseuneuan, ulah ngan jamedud bae » Udud
- Sendok batok digagangan, geus lawas abdi ngalayung » Gayung
- Untun tipung tambang beas, laksana kapiduriat » Laksa
- Keong leutik saba sawah, ulah ngan sambutut bae » Tutut
- Hayam tukung saba gunung, uyuhan teuing nya diri » Puyuh
- Teu puguh monyet hideungna, asa teu puguh tungtungna » Lutung
- Dudukuy panjang gagangna, kunaon bet nguyung bae » Payung
- Dayeuh mashur loba taleus, kuningan dijieun bokor » Bogor
- Puter gede saba lembur, kuring seja belapati » Japati
- Alun-alun paleuweungan, gagal teh lamun teu jadi » Tegal
- Nyiru gede wadah bangsal, mangka ulah sindir sampir » Tampir
- Goreng endog deungeun sangu, wayahna geus kadar diri » Dadar endog
- Tegal lega tengah kota, laun-laun sugan jadi » Alun-alun
- Abdi mah caruluk arab, henteu tarima teh teuing » Korma
- Abdi teh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan » Pisin
- Ajag lembur indramayu, naha bet kalangsu teuing » Asu
- Aya nu dianjing cai, aya anu diheroan » Sero
- Baret ge batu pirus, juragan geuning pelekik » Akik
- Beas ditutuan deui, iraha patepung deui » Tipung
- Bendi panjang roda opat, ulah kalahka carita » Kareta
- Bentang baranang di imah, samar bisa tepang deui » Damar
- Bibika tipung tarigu, ku eangkang tacan kaharti » Roti
- Bilangan jawa nu tujuh, abdi mah somah pituin » Pitu
- Sugan kapalupuh nangtung, sugan bisa kapimilik » Bilik
- Bulu panon wates taar, kapan seueur anu geulis » Halis
- Cakcak gede kadal bilik, ulah dipake mokaha » Toke
- Catetan bulan jeung taun, engkang mah menak utami » Almanak
- Gedong ngambang di sagara, kapalang wauh jeung nyai » Kapal
- Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binangkit » Rumah sakit
- Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabrangbrangkeun » Barangbang
- Koja awi dihuaan, sageuy teuing teu kasorang » Korang
- Kutu baju kuar sinjang, moal weleh tumarima » Tuma
Wawangsalan
Reviewed by Rupa Sundapura
on
11.57
Rating: