Vokal, Konsonan, jeung Engang
A. Vokal
1. Perkara Vokal
Vokal atawa aksara hirup nyaéta sora basa anu diwangun ku sora tina bayah (paru-paru) anu kaluarna ngaliwatan tikoro teu kahalangan ku alat ucap saperti biwir, huntu, létah, lalangit, jeung elak-elakan. Sora anu dikaluarkeun gumantung kana tilu hal, nyaéta:
1. Luhur-handapna létah.
2. Maju-mundurna létah.
3. Wangun biwir.
Upama baé, waktu urang ngucapkeun vokal i, posisi létah aya di luhur jeung di hareup, sarta wangun biwir kawas anu nyengir. Sedengkeun waktu ngucapkeun vokal u, posisi létah di luhur jeung di tukang, sarta biwir buleud kawas nu manyun. Tangtu baé baris béda jeung waktu urang ngucapkeun vokal a, o, é, e, jeung eu.
Upama nilik kana luhur-handap jeung maju-mundurna létah, cara ngahasilkeun vokal téh bias dijieun bagan kieu:
Luhur Handap | Maju-Mundur | ||
---|---|---|---|
Hareup | Tengah | Tukang | |
Luhur | i | eu | u |
Sedeng | é | e | o |
Handap | - | a | - |
2. Vokal dina Basa Sunda
Dina aksara Sunda, vokal téh disebut aksara macakal, nyaéta aksara anu ngarobah sora. Masing-masing mibanda istilah anu mandiri, nyaéta:
- Panghulu - aksara pikeun ngarobah sora jadi sora i.
- Panyuku - aksara pikeun ngarobah sora jadi sora u.
- Panéléng - aksara pikeun ngarobah sora é (téléng).
- Pamepet - aksara pikeun ngarobah sora jadi e (pepet).
- Panolong - aksara pikeun ngarobah sora jadi sora o.
- Paneuleung - aksara pikeun ngarobah sora jadi sora eu.
Salian ti éta, aya deui aksara atawa bisa disebut tanda-tanda anu ngarobah sora, tapi lain vokal. Upamana baé: pangwisad, panglayar, pamingkal, panyecek, pamaéh, jeung panyakra.
- Pangwisad - nyaéta tanda sora h (eh) dina tungtung kecap.
- Panglayar - tanda sora r (er) dina tungtung kecap.
- Pamingkal - tanda sora ya (ya) dinu tungtung kecap.
- Penyecek - tanda sora ng (eng) dina tungtung kecap.
- Pamaeh - tanda pikeun maéhan sora engang.
- Panyakra - tanda pikeun nyelapkeun aksara r (er) dina engang.
Kiwari aksara Sunda téh geus teu diparaké deui. Upama nulis jeung maca, urang Sunda geus ngagunakeun aksara Latén baé. Ku kituna anu disebut vokal ku urang Sunda ayeuna, aksara atawa tandana heunteu béda jeung anu disebut vokal ku sélér bangsa séjén. Iwal ti basa Sunda aya vokal eu, anu euweuh dina basa Indonésia jeung Jawa, upamana.
Vokal atawa aksara hirup dina basa Sunda aya tujuh, nyaéta a, i u, é, o, e, jeung eu. Distribusina dina kecap, bisa nyicingan tempat di hareup (awal kecap), di tengah, atawa di tukang (tungtung kecap).
Pikeun leuwih tétéla, perhatikeun bagan di handap!
Vokal | Cicingna dina Kecap | ||
---|---|---|---|
Di Hareup | Di Tengah | Di Tukang | |
a | abdi | batu | kuda |
agama | biaya | paria | |
amprok | mandi | tibra | |
i | indit | pita | sapi |
ibu | sair | cai | |
istri | pindah | sapi | |
u | untung | kupa | paku |
ulin | laun | cau | |
unggul | anduk | tambru | |
é | éntog | kaléci | lélé |
éléh | paéh | sué | |
émbrat | dompét | lotré | |
o | oncom | roti | bako |
omong | soang | bao | |
ompong | pondok | gebro | |
e | entong | peti | are |
elap | siem | - | |
embung | asem | - | |
eu | eunteup | peuyeum | sampeu |
eureun | sieun | bieu | |
eusleum | eumbreuk | nyentreu |
B. Konsonan
1. Perkara Konsonan
Konsonan atawa wianjana nyaéta sora basa anu kaluarna tina bayah meunang panghalang tina alat ucap. Dina ngalafalkeun konsonan aya tilu hal anu kalibet, nyaéta:
1. Kaayaan pita sora.
2. Paantelna atawa padeukeutna sawatara alat ucap.
3. Cara éta alat ucap téa paantel atawa padeukeut.
Alat ucap nu paantel atawa nu padeukeut pikeun ngawangun sora basa disebut articulator, nyaéta: biwir, huntu, gugusi, létah, lalangit, jeung elak-elakan. Tempat patepungna dua artikulator waktu ngalafalkeun konsonan disebut daérah artikulasi.
Sawatara istilah daérah artikulasi, nyaéta:
- Bilabial - upama dua biwir (biwir handap jeung biwir luhur) paantel atawa rapet. Konsonan anu dihasilkeunana disebut konsonan bilabial, ngawengku: p (ep), b (eb), m (em), w (ew).
- Labiodéntal - upama biwir handap paantel jeung tuntung huntu luhur. Konsonan anu dihasilkeunana disebut konsonan labiodéntal, nyaéta: f (ef), v (vé).
- Dental-alvéolar - upama tungtung létah paantel atawa patepung jeung huntu atawa gugusi. Konsonan anu dihasilkeunana disebut konsonan dental-alvéolar, kayaning: d (ed), l (el), n (en), r (er), s (es), t (et), z (zét)
- Palatal - upama tungtung létah antel kana lalangit teuas. Konsonan anu dihasilkeunana disebut konsonan palatal, nyaéta: e (ec), j (ej), ny (eny), y (ey).
- Velar - upama bagian tukang létah antel atawa ngadeukeutkeun lalangit hipu. Konsonan anu dihasilkeunana disebut konsonan vélar, saperti: k (ek), g (eg), x (éks), ng (eng).
- Glotal - upama pita sora dideukeutkeun atawa rapet nepi ka hawa anu kaluar tina bayah téh kacandet. Sora anu kaluar téh sora glotal atawa hamjah, saperti sora anu misahkeun sora u kahiji jeung sora u kadua dina kecap suuk. Ari konsonan anu dihasilkeunana disebut konsonan glotal, nyaéta h (eh).
Upama nilik kana cara kaluarna sora, konsonan téh bisa dibagi dua, nyaéta:
- Konsonan sora baham (oral), upama sora basana kaluar tina bahan, saperti: b, c, d, f, g, h, k, l, p, r, s, t, w, y;
- Konsonan sora irung (nasal), upama sora basana kaluar tina irung, kayaning: m, n, ny, jeung ng.
2. Konsonan dina Basa Sunda
Dina aksara Sunda, konsonan atawa wianjana téh ditandaan ku aksara ngalagena. Abjadna sok disebut cacarakan, runtuyanana: ha, na, ca, ra, ka, da, ta, sa, wa, la, pa, (dha), ja, ya, nya, ma, ga, ha, (tha), nga. Aksara dha jeung tha, carang dipaké dina basa Sunda.
Kulantaran kiwari urang Sundana ogé geus umum nulis jeung maca ngagunakeun aksara Latén tangtu baé abjad anu dipakéna ogé alpabét (susunan aksara Latén). Sanajan kitu, ari sora basa anu kaluarna (tina bayah) mah, méh taya bédana jeung mangsa urang Sunda ngagunakeun cacarakan.
Nurutkeun susunan alpabét, konsonan dina basa Sunda téh nyaéta: b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, y. Ditambah ku konsonan ng jeung ny, anu sanajan diwangun ku dua aksara tapi hiji sora. Lantaran pangaruh basa kosta (asing), konsonan f, q, v, x jeung z milu diasupkeun kana konsonan basa Sunda. Utamana lantaran pangaruh kamekaran élmu pangaweruh jeung téknologi. Dina urusan ngaran baé, upamana, apan ayeuna mah geus teu anéh upama aya urang Sunda nu ngaranna Évié, Novié, Farid, Rizki, Zaki, Iqbal, atawa Aléx.
Sarua jeung vokal, konsonan ogé distribusina dina kecap basa Sunda biasa nyicingan tempat di hareup (awal), di tengah, atawa di tukang (tungtung). Iwal konsonan e jeung ny anu teu biasa nyicingan tempat di tungtung kecap.
3. Kluster
Perhatikeun kalimah di handap!
1. Ceu Tati keur nyieun gemblong.
2. Mang Jaja dagang bandrék.
3. Bu Inda rék nyieun ampyang.
4. Kang Zaki keur nyieun skripsi.
Dina kalimah-kalimah di luhur, aya kecap-kecap gemblong, bandrék, ampyang, jeung skripsi. Upama ditengetan, dina éta opat kecap téh aya konsonan anu ngaréndéng nyaéta bl dina gemblong, dr dina bandrék, py dina ampyang, jeung skr dina skripsi. Anu kitu téh disebutna kluster, nyaéta gabungan dua konsonan atawa leuwih anu diucapkeun babarengan tur sawaktu dina hiji engang, bari teu kaselapan ku vokal.
Upama nyoko kana wangenan di luhur, kluster téh lain ngan ukur gabungan dua konsonan wungkul. Tapi ogé kudu aya dina hiji engang. Nu matak konsonan m dina kecap gemblong, upamana, heunteu asup kluster (bl), sabab misah engang. Upama kecap gemblong dirucat, jadi gem-blong. Kitu deui konsonan n dina kecap bandrék jeung konsonan m dina kecap ampyang.
Umumna kluster dina basa Sunda diwangun ku dua konsonan. Upama aya nu leuwih ti dua, biasana mangrupa pangaruh tina basa kosta (asing), saperti skr dina kecap skripsi. Salian ti éta, konsonan kadua dina kluster basa Sunda nyaéta l, r, atawa y.
Kluster dina basa Sunda, di antarana:
- bl: blug, tambleg, gemblong
- cl: clak, kéncléng, benclang-benclung
- gl: jengglong, jenggléng
- jl: jleg, génjlong
- kl: éngklé, cengklik
- pl: plong, tamplok, démplon, kempléng
- br: bras, nambru, gambréng, nombro
- cr: crung-créng, kancra, kencring, pencrong
- dr: dreum, bandring, condré, saléndro
- gr: kianggrit, sanggray, pasanggrahan
- jr: genjring, ténjrag, anjrek
- kr: congkrang, dongkrak, angkrék
- pr: pribumi, kamprét, ompréng, namprak
- sr: sripanggung, angsrod, nyingsring
- tr: tresna, strika, santri, pentrang
- by: byur, gembyung
- py: ampyang, kempyang
Kluster basa Sunda nu mangrupa pangaruh basa asing, di antarana:
- fr: frase, frékuénsi, konfrontasi
- ps: pseudo, psikologi
- sp: spesial, inspéksi, transport
- st: status, stimulus, instant
- str: struktur, stratégi
- skr: skripsi, transkrip
C. Engang
1. Perkara Engang
Engang téh nyaéta bagian kecap anu diucapkeun dina sakali ngaluarkeun hawa (napas) tina baham. Kecap saperti abdi, dikedalkeun ku cara dua kali ngaluarkeun hawa (napas). Sakali waktu ngedalkeun ab, sakali deui waktu ngedalkeun di. Tah, ab jeung di disebut engang. Jadi, kecap abdi diwangun ku dua engang.
Engang dina basa Sunda umumna mibanda vokal nu jadi puncerna. Éta puncer téh dipiheulaan atawa dituturkeun ku hiji konsonan atawa leuwih. Ngan umumna tara leuwih ti dua kitu, aya ogé engang anu diwangun ku hiji vokal. Tapi euweuh engang (basa Sunda) anu diwangun ku hiji konsonan wungkul.
Sawatara conto engang:
- Aya: A-ya
- Balik: Ba-lik
- Bandrék: Ban-drék
- Sakola: Sa-ko-la
Engang anu ditungtungan ku vokal, disebut engang buka, contona: ba-pa, sa-ko-la. Ari engang anu ditungtungan ku konsonan disebut engang tutup, contona: ban-téng, kam-pak. Kecap basa Sunda bisa diwangun ku engang buka kabéh, engang tutup kabéh, atawa kombinasi engang buka jeung engang tutup.
2. Adegan Engang
Kecap dina basa Sunda bias diwangun ku hiji engang atawa leuwih. Contona:
- Hiji engang: bray, jung, pok, cing
- Dua engang: a-ya, du-a, ba-lik, pen-crong
- Tilu engang: a-yeu-na, sa-la-met, ka-la-pa, ma-ngan-deuh
- Opat engang: ka-la-mé-ro, ba-la-ngan-trang, ta-la-wéng-kar, bi-bi-lin-tik
- Lima engang: ba-la-ga-dig-deug, bé-lé-ké-té-pé, ma-ra-ka-yang-an, me-re-ke-de-weng, mo-ro-ko-dok-dok
Sakumaha panjangna ogé kecap, engangna mah mibanda adegan anu basajan. Engang dina basa Sunda bisa diwangun ku hiji vokal atawa gabungan vokal jeung konsonan. Tapi euweuh anu diwangun ku hiji konsonan wungkul. Sangkan leuwih tétéla, perhatikeun bagan di handap! Vokal ditandaan ku V, konsonan ku K, sarta conto-conto kecap nu ngandung éta adengan engang (di hareup, di tengah, atawa di tukang).
No. | Adegan engang | Conto dina kecap | ||
---|---|---|---|---|
Di Hareup | Di Tengah | Di Tukang | ||
1 | V | a-ya | bi-a-sa | sa-ti-a |
i-ra-ha | ka-u-la | ca-u | ||
2 | VK | ab-di | su-ang-kung | pi-it |
im-bit | sa-ém-ba-ra | sa-ur | ||
3 | KV | ba-pa | ka-la-pa | war-ga |
ti-suk | an-ti-eum | dang-ka | ||
4 | KVK | ban-da | ka-wen-tar | ba-tuk |
cen-tok | pa-ran-ti | tum-pak | ||
5 | KKV | pra-bu | sém-pra-ni | san-tri |
sri-pang-gung | han-tri-wé-li | tam-bru | ||
6 | KKVK | tres-na | kon-trak-tor | ban-drék |
brang-ta | in-stan-si | kem-pléng | ||
7 | VKK | ons | - | - |
eks | - | - | ||
8 | KVKK | téks | - | mo-dérn |
pérs | - | la-téks | ||
9 | KKKV | stra-té-gi | in-stru-mén | - |
stra-ta | - | - | ||
10 | KKKVK | struk-tur | in-struk-si | tran-skrip |
skrip-si | - | - | ||
11 | KKVKK | - | - | kom-pléks |
12 | KVKKK | korps | - | - |
Adegan engang nomber 7 nepi ka 12, mangrupa pangaruh tina basa asing. Asup kana adegan engang basa Sunda pangpangna sabada urang merdéka.
3. Ngarucat Engang
Ngarucat engang téh nyaéta misahkeun kecap dumasar kana engangna. Tangtu baé henteu sagawayah. Salian ti kudu luyu jeung adegan engangna téh, kudu luyu jeung éjahan deuih. Aturan ngarucat engang dumasar kana Palanggeran Éjahan Basa Sunda, nyaéta:
Ngarucat engang dina kecap asal
Lamun di tengah kecap aya dua vokal anu ngantét, misahkeunana kudu di antara éta dua vokal.
Contona: sa-ir, da-un, bi-a-ya, su-a-sa-na.Lamun di tengah kecap aya konsonan di antara dua vokal, misahkeunana kudu saméméh éta konsonan.
Contona: a-ya, ha-yang, ka-la-pa, lé-lé-wo-déh, a-yeu-na.Lamun di tengah kecap aya dua konsonan atawa leuwih anu ngantét, misahkeunana di antara konsonan kahiji jeung konsonan kadua.
Contona: tib-ra, seg-rok, ban-drék, in-struk-si, kom-pléks.
Ngarucat engang dina kecap rundayan
Rarangkén tukang, jeung partikel anu biasa ditulis dihijikeun jeung kecap dasarna dipisahkeunana kudu mandiri.
Contona: pi-in-dung, ti-lu-an, kum-bah-eun, di-ba-lang-keun, ka-ta-lan-jur-an.Rarangkén hareup, rarangkén tukang, jeung partikel nu ngalaman parobahan wangun ditulis saperti kieu: pa-na-nya, pa-nga-la, pa-nga-we-ruh, da-har-eun-a-na, ti-lu-an-a-na.
- Rarangkén tengah nu ditulis ngantét jeung kecap asalna, ngarucat saperti ngarucat kecap asal.
Contona: da-la-har, gu-meu-lis, ba-ra-la, gi-nan-jar, si-na-reng. - Rarangkén tengah anu robah jadi rarangkén hareup dianggap rarangkén hareup.
Contona: um-a-mis, ar-u-lin, ar-ang-kat, al-u-dur, um-am-bon.
Ngarucat engang serepan
Ngarucat engang serepan diluyukeun jeung katangtuan di luhur.
Contona: in-struk-si, kon-struk-si, kon-fék-si, a-ku-a-ri-eum, ko-ali-si.
Dicutat tina Galuring Basa Sunda nu disusun ku Budi Rahayu Tamsyah, An'Nur, Tati Purmawati