Majar Kuring Gelo

Pedah kuring igel-igelan jeung ceuceuleuweungan, barudak awewe lalaki rame areak-eakan salusurakan, sawareh patingcorowok, "Mang Dipdip gelo! Mang Dipdip gelo!" Ari kolot-kolot nu ngaregreg ti kajauhan, teu kendat garogodeg bangun nu hareraneun pisan. Malah nu narangtungna rada dareukeut mah, kadenge alistigfar nyarebut jenengan Alloh.

Carita Pondok

"Emh, deudeuh. Karunya teuing ngora-ngora tur kasep, ari taeun bet kurang saeundan," ceuk Bi Aning nu nangtung teu jauh, bari ngusapan dadana. Tapi kurimg teu paduli, mangsa bodo, kuring teu rek ambil pusing - rek disarbut gelo, rek disarebut kurang saaeundan - da kuring pribadi mah ni’mat pisan igel-igelan jeung tetembangan teh. Padahal maranehna oge mun manggih kabungah jeung kani’matan teh, rea nu sok rerengkenekan jeung hahariringan, tapi tara disarebut gelo, komo make disarurakan mah. Naha, naon bedana jeung kuring, pada sarua mahluk Pangeran? Moal gana-gana kuring igel-igelan jeung tetembangan, mun teu manggih kabungah jeung kani’matan paparin Pangeran. Ku lantaran kitu kuring teu paduli, kuring terus-terusan ngigel jeung ceuceuleuweungan.

Kuring lain ngaji kosar,
nya biko nya kasar,
Kuring lain ngaji dosar,
nya bodo nya sasar,
Tapi kuring ngaji gosar,
digogo bari disasar,
Ngaji rasa,
bodo!

Ngaran kuring Dipa, sok di-Dip-dip-Dip-dip. Ti leuleutik ngaran Dipa teh. Bejana, hartina Dipa teh tai munding. Kungsi ku kuring ditanyakeun ka Ema, basa anjeunna aya keneh dikieuna. Kieu waleranana teh, "Rea jelema nu ngaranna alus, upamana Haji Sobar, tapi manehna barangasan. Haji Ma’mur tapi hirupna kekerehet. Raden Darmawan, tapi koretna udubillah, ka musapir oge kolu ngusir. Nya kitu deui aya nu nyieun perusahaan Rikrik-Gemi, tapi nu bogana nya awuntah nya rucah. Aya nu nyieun ngaran gedong Repeh-rapih, tapi ripuh, da usaha teu kaur ku pasea. Tah, nu matak Awak mah dingaranan teh Dipa. Enya Dipa teh tai munding, barang kotor luyu jeung asal manusa. Tapi muga-muga ku make ngaran kotor teh jadi sabalikna Awak jadi jelema beresih hate."

Waktu umur kuring nincak ka sapuluh taun, Ema teh pupus. Sapupusna Ema, Bapa cruk-crek bae. Eta bae nepi ka kuring bujang teh, ngalaman tilu indung tere. Ari indung tere tea rereana mah nya kitu. Tapi kuring teu ngaleungitkeun kana kanyaahna, kuring disakolakeun jeung dipasantrenkeun, najan ukur tamat sakola dasar jeung hatam Qur’an.

Waktu kuring "disapih" ku Bapa jeung indung tere, kuring teu boga naon-naon, lungah-lingeuh teu puguh gawe. Rek tani teu boga sawah, rek dagang teu boga modal. Hirup di lembur asa sundul, dunya asa jadi heureut. Beng kuring indit milu jeung batur usaha ka peuntas, ka Jambi. Tapi najan cenah di Jambi teh rea duit, ari keur jelema bodo cara kuring mah di mana-mana oge sarua bae. Eta bae dagang es genep bulan teh ukur boga saongkoseun balik ka lembur.

Hiji mangsa kuring diteang ku Mang Haji, paman kuring adina Bapa. Anjeunna nganasehatan, kieu pokna teh, "Ditenjokeunana ku Emang, Ujang teh bangun teu maju-maju. Maksud teh tina kahirupan, di dieu susah, di peuntas oge susah. Kieu ayeuna mah, turutkeun omongan Emang. Ti ayeuna Ujang kudu ngisat diri. Ujang geura meresihan awak. Muga-muga Allah maparin pijalaneun Ujang mulya."

"Kumaha carana, Mang? Hoyong ti kapengker abdi teh."

"Sukur atuh ari aya karep sorangan mah, leuwih utama. Kieu carana, sakumaha anu dilakonan ku Emang, basa Emang keur prihatin kawas Ujang ayeuna. Mimiti salila opat puluh poe Ujang kudu mutih, hartina teu meunang ngadahar naon-naon, iwal ti cai herang jeung sangu. Ari sanguna memeh didahar teh tinyuh heula ku cai. Tamat eta, geura mandi unggal tengah peuting di balong sarta maju ka hareup. Hartina peuting kahiji di balong nu pangdeukeutna, peuting kadua maju di nu ditueunana deui, jeung saterusna. Beuki jauh, beuki jauh, nepi ka opat puluh peuting. Omat ulah kapanggih ku jelema. Sanggeus tamat sarta teu aya halangan naon-naon, Ujang kudu nutup maneh di kamar, ulah kaluar-luar sarta kudu mati geni teu meunang dahar teu meunang nginum, saminggu lilana. Mun anu sakitu henteu batal, insya Allah sagala pamaksudan Ujang baris dikabul." Tuluy Mang Haji teh miwarang nyatetkeun babacaan-babacaanana, sarta kudu diapalkeun.

Poe isukna oge kuring geus prung ngalakonan papagah Emang. Malah matuh oge henteu di Bapa, tapi di bumi anjeunna. Nu kahiji nyaeta mutih opat puluh poe tea, berekah teu aya halangan harungan nanaon, tamat. Nya kitu deui nu kadua, mandi unggal peuting di unggal balong teh, teu kungsi panggih jeung jelema, kari anu beuratna nya eta ngaringkeb maneh di kamar bari mati geni. Sapeuting, dua, tilu, nepi ka peuting kalima mah, ripuh pisan. Panas bayeungyang, peujit asa direrab, keselna lain lumayan, sapeuting teh ngan henteu asa sapuluh taun mah. Titingalan rupa-rupa, pikasieuneun, pikaseurieun, pikarujiteun, jeung rupa-rupa deui.

Tah dina peuting kagenep, rupana mah tanaga jeung napsu teh geus beak, awak tiis teu panas teu hareudang, teu halabhab teu lapar, hate manteng ka Nu Hiji. Titingalan nu teu paruguh teu aya deui, langit pinuh ku bentang nu tingkariceup, cahyana aya nu hejo, aya nu koneng emas, kayas, bungur, jeung bodas malati, tingsirorot maruragan kana sirah, tiis ni’mat teu aya babandinganana. Peuting katujuh, awak geus teu bisa walakaya, hate pasrah ka Nu Kagungan. Jempling, teu aya nu kadenge, teu aya nu karasa, tiis dingin paripurna, suwung, nu aya ngan kaakbaran Nu Maha Kawasa.

Katingal leungeun Mang Haji ngarampa dada kuring, tuluy tonggong leungeunna diantelkeun kana liang irung kuring. Lalaunan awak kuring ngangkat, pung ngapung beuki lila beuki muluk. Mang Haji katingalna beuki leutik, nepi ka lesna pisan.

Bus kuring ka karaton sigrong. Gulang-gulang nu ngajaga kabeh marere hormat. Kuring leumpang di tengah-tengah barisan mojang gareulis, anu teu eureun-eureun ngalawuran kembang malati ka kuring bari rampak ngarawih, sorana halimpu angin-anginan.

Kuring lain ngaji kosar,
nya biko nya kasar,
Kuring lain ngaji dosar,
nya bodo nya sasar,
Tapi kuring ngaji gosar,
digogo bari disasar,
Ngaji rasa,
bodo!

Burudul para gegeden nu mapag, kuring dideuheuskeun ka nu boga karaton. Pameget anu linggih dina korsi gading estu matak serab ningalna. Lain bae panganggona anu hurung herang sarwa hejo, tapi pameunteuna hurung mancur pinuh ku wibawa jeung komara. Anjeunna ngahiap-hiap, miwarang kuring ngadeuheusan. Kuring didiukkeun milu hempak jeung gegeden anu caralik di handap di payuneunana. Breng istri-istri teh rampak ngarawih. Pok-pokanana persis saperti anu dikarawihkeun ku mojang-mojang tadi.

Jep nu ngarawih, jung raja ngadeg, tuluy lungsur nyampeurkeun ka kuring. Ceg pananganana duanana nyepeng kana sirah, bari deku anjeunna niupan embun-embunan. Tuluy sasauran ditompokeun kana ceuli.

"Muga hidep sing jadi jelema soleh. Keun ku Eyang diaping-dijaring."

Ari nyah beunta, kuring pohara kagetna, da geuning keur pada ngariung-riung. Kadenge hawar-hawar Bapa kuring nyarita ka Mang Haji, "Lain atuh Ki Haji, kumaha mun urang inuman citajen bae sugan budak teh?"

"Ulah Ka, kapalang, kapan ngan sababaraha jam deui bae. Moal, moal nanaon."

"Enya, kapan geus sakitu ripuhna. Malah kapan tadi mah sugan teh geus tuluy. Bisi kumaonam Kaka mah, sieun katempuhan ku indungna."

Ngadenge kasauran bapa kitu, kuring maksakeun imut. Atuda kapan ema teh geus lila taya dikieuna.

Tapi Mang Haji keukeuh teu mikeun. Najan mikeun oge, kuring nu moal daek, atuda ceuk kuring ge tadi ayeuna kuring teh geus teu ngarasa halabhab teu ngarasa lapar, teu boga-boga acan parasaan. Komo make aya kahayang mah.

Gelendung Magrib, kawas nu papaheula pada hayang ngahuapan citajen ka kuring. Mang Haji nadahkeun panangan ka luhur, bari ngucap Alhamdulillah.

Saminggu ti harita, kuring geus jagjag waringkas deui sakumaha sasari. Saminggu deui ti dinya, ka kuring aya nu ngajak nganemer ka Jambi. Beng kuring indit deui ka Jambi ngadua-kalian. Ku nu boga duit pohara kuring dipercayana. Kauntungan kawas nu dikedukkeun bae. Sataun borongan teh kakara anggeus. Kuring balik ka lembur teh rebo ku babawaan. Barang sipat nyamu, wol mah wol. Aya lima koperna. Barang-barang emas perhiasan, aya dua kilona. Duit ngan teu pinuh bae sakoper.

Tepi ka lembur, ngendek popoean, kuring kawin. Kabeh babawaan dipasrahkeun ka pamajikan, sanggeus misahkeun keur bapa jeung Mang Haji, itung-itung pamulang tamba kana kahadeanana. Malah indung tere oge disalinan ku perhiasan-perhiasan. Pohara aratoheunana. Pamajikan teh koloteun, make meuli imah, sawah, meuli balong oge, aya tiluna, komo domba mah mani gereyek.

Hiji mangsa karek pisan aweh salam tas salat Subuh, aya sora kana ceuli mani atra pisan, "Hidep teh lain rek jadi jalma soleh tea?"

"Sumuhun."

"Rek ti iraha ngamimitian?"

"Raraosan mah parantos."

"Enya rarasaan wungkul. Ti poe ieu, nya!"

"Mangga"

"Bedahkeun balong nu di girang. Pilihan laukna nu galede, tuluy bawa ka pasar. Nitah mawana ka nu sejen, buruhan bae sing peryoga."

"Mangga."

"Sasauran sareng saha, Akang?" ceuk pamajikan nu geus nangtung di panto musolah.

"Ah, teu nyarita jeung sasaha!"

"Geuning...?"

"Geus tong rea cacarita awewe mah. Anggur sadiakeun cikopi. Akang rek ka sawah."

Sanggeus dangdan jeung rengse ngopi, kencling kuring ka balong, der ngabedahkeun dibantuan ku barudak tatangga anu disampeuran sapanjang jalan. Pamajikan mah teu nyahoeun kuring ngabedahkeun teh. Laukna diakut dina karamba ka pasar aya tilu tanggunganana. Nepi ka pasar, ceuk nu nelepon kana ceuli teh kudu dibagikeun ka nu teu baroga jeung ka tukang baramaen.

Nya dibagikeun, aya nu dua aya nu tilu, pohara aratoheunana. Narampanana oge rereana bari ngadaregdeg, tayohna bawaning ku atoh. Kacipta ku hate mana teuing nari’mateunana engke ngadalaharna, atuda meureun saumur-umur kakara rek ngadahar lauk pungkil. Hate kuring jadi kebek ku kabungah jeung kani’matan, lantaran geus bisa mere kabungah jeung kani’matan ka sasama kaula. Nepi ka eta rasa teh ku kuring teu katahan deui, rengkenek kuring igel-igelan jeung ceuceuleuweungan.

Kuring lain ngaji kosar,
nya biko nya kasar,
Kuring lain ngaji dosar,
nya bodo nya sasar,
Tapi kuring ngaji gosar,
digogo bari disasar,
Ngaji rasa,
bodo!

Jelema sapasar kabeh ngadeugdeug, barudakna pating corowok, "Mang Dipdip gelo! Mang Dipdip gelo!" Tapi kuring teu paduli, sungut-sungutna ieuh.

Isukna, der deui balong nu tengah dibedahkeun. Laukna, nya kitu dibagikeun deui. Ni’mat rarasaan teh, rengkenek deui kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan cara kamari. Barudak ngeak-ngeak jeung nyurakan beuki rea ti kamari, tapi aya nu aratoheun oge, aratoh baris dalahar jeung lauk pungkil.

"Ku naon balong teh, bet laukna dibagikeun? Kapan eta teh meunang meulian burayakna oge?" ceuk pamajikan bangun keuheuleun naker.

"Na, balong saha kituh?"

"Kapan balong urang."

"Ceuk saha, hah balong urang?" Bari ngomong kitu teh ngan gampleng-gampleng bae pamajikan ditampilingan. "Bisi teu nyaho, eta teh balong titipan Pangeran, nya kitu deui eusina. Urang mah darma katitipan."

Naringal kuring nampilingan pamajikan, tatangga-tatangga paring jarerit sing eling, sing eling. Breg ngarogrog.

Tapi nu ditampilinganana mah teu naha teu nehe, ditanya naon nu nyeri oge ku tatangga, kalah ku rungah-ringeuh.

"Baruk naon nu nyeri?" Nyeri ku naha?"

"Rek naon arandika ka dieu?" ceuk kuring morongos ka nu araya, bari dipelong beungeutna saurang-saurang. "Pamajikan-pamajikan kuring...!"

"Iiih, abong-abong nu burung," tembalna bari tinglaleos ngajarauhan.

Rengkenek kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan, hate ni’mat ku geus bisa ngawarah pamajikan nu geus wani-wani aku-angga kana barang-barang titipan Pangeran.

Tah kajadian harita nu ku kuring dicaritakeun dina awal ieu carita teh.

Keur ni’mat-ni’matna motah, aya telepon kana ceuli, "Tuh barudak nu ingkud-ingkudan parieuskeun sukuna nu cacad teh!" Kabireungeuh ti kajauhan Si Odon anak tatangga budak lalaki umur welasan taun, ingkud-ingudan ka lebah dieu. Meureun di dituna mah rek milu jeung babaturanana ngareak-reak kuring. Sakanyaho, Si Odon teh geus tanpa daksa ti leuleutik, dampal sukuna anu katuhu teu bisa napak kana taneuh, tapi nyangigir nyanghareup ka jero. Atuh ari leumpang teh nya pengkeh nya ingkud-ingkudan, da nincakna suku nu katuhu mah lain ku dampalna tea, tapi ku gigirna.

Bari terus igel-igelan jeung tetembangan, kuring ngadeukeutan gumplukan barudak. Geus deukeut pisan, buriak barudak teh lalumpatan bari salusurakan. Ku lantaran Si Odon mah teu bisa lumpat tarik, atuh ceg bae pundukna ku kuring ditewak. Manehna teterejelan bari jejeritan. Kolot-kolot anu tadi narangtung bae di kajauhan, ayeuna ngambreg nyalampeurkeun, tingcorowok nitah ngalesotkeun Si Odon. Persis waktu maranehna daratang ka hareupeun kuring, nu paparahna mah rek narulungan, dampal suku Si Odon ku kuring diparieuskeun, satakerna. Lain ukur ngaderekdek, tapi sorana pating beletok, sada tulang potong. Atuh jelema-jelema anu ngadeugdeug teh pohara rareuwaseunana, malah rea nu tingjarerit. Anehna, Si Odonna mah anu tadi teterejelan jeung tilung-tulungan oge, kalah ka cicing, bangun teu nyeri-nyerieun sukuna diparieuskeun nepi ka ngabeletok teh.

Ajaib, kuring oge da ngarasa aneh, sanggeus Si Odon ku kuring dilesotkeun, manehna lumpat cara nu sejen. Sukuna nu tanpa daksa teh, ngadak-ngadak cageur teu beda jeung sukuna nu kenca, teu beda jeung suku urang.

Naringal suku Si Odon jadi cageur teh, nu araya di dinya euweuh nu lemek sungutna marolongo nangtang laleur. Ari kuring tuluy igel-igelan jeung ceuceuleuweungan deui, atuda hate ni’mat ku geus bisa nyageurkeun budak anu tanpa daksa, anu saumurna jadi pamoyokan babaturanana.

Isukna waktu manceran, kencling kuring indit ka pasar, da aya telepon kana ceuli ngabejaan harita pisan kudu lalajo nu balanja. Datang teh ka pasar, nenjo nu keur oray-orayan ngantri beas. Awewe lalaki, di antarana rea aki-aki, nini-nini, jeung barudak, mangkaning di nu panas nongtoreng. Jorojoy hate karunya. Buru-buru kuring asup ka toko beas langganan, tret nyieun bon dua kintaleun, mayarna kumaha pamajikan. Tara sok teu percayaeun, da nyahoeun kuring rea duit bawa ti Jambi.

Nu keur alantri ku kuring dicalukan, leut ngabrul nyampeurkeun. Beas nu dua kintal teh ku kuring dibagikeun, aya nu tilu leter, aya nu opat leter. Henteu meuli, gratis. Ngan sajongjongan geus amrin. Ningal maranehna aratoheun, atra kagambar dina beungeut-beungeutna anu sarepa, hate kuring pohara ni’matna. Rengkenek kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan. Anu tadi dibarere beas oge, komo barudakna, bari naranggeuy boboko beas teh milu nyarurakan jeung maroyokan, "Mang Dipdip gelo! Mang Dipdip gelo.

Datang ka imah pamajikan nganaha-naha, saha cenah ngebon beas rea-rea teuing, keur naon. Teu dijawab ieuh, malah kuring malik nanya, "Kumaha geus dibayar?"

"Parantos," walonna.

"Ku duit saha?"

"Ku artos...titipan Pangeran."

Rengkenek kuring igel-igelan, da ni’mat atuh ngadenge jawab pamajikan anu sakitu simpatikna.

Ngeng telepon kana ceuli, kudu indit ka tatangga desa, nepungan Ki Jaya, nanyakeun imahna teh imah saha. Ki Jaya teh jelema beunghar jeung pamingpin. Malah beunghar teh, nyieun gedong sagala sanggeus manehna jadi pamingpin, da samemehna mah jelema kokoro nyoso. Kencling kuring nepungan. Sanggeus pahareup-hareup, pok kuring nanya.

"Ieu teh bumi saha, Ka?"

"Naha kitu?" jawabna morongos.

"Ah, hayang terang bae."

"Imah dewek!"

Ngeng deui telepon, "Jelemana mah tong dinanaon, imahna bae duruk!"

Kuring ngaleos bari teu pemisi-permisi acan. Kadenge Ka Jaya gegelendeng, "Abong-abong nu gelo..."

Balik deui kuring ngajingjing minyak tanah sakaleng meunang ngebon ti Si Bopeng. Bur-bur minyak ku kuring diseblok-seblokkeun kana imah Ki Jaya, memeh nu bogana jeung tatangga-tatanggana bisa ngahalangan, geus gur manten ku kuring disundut. Seuneu ngabela-bela. Rengkenek kuring igel-igelan, teuing da rarasaan teh ni’mat teh. Jelema-jelema jeung Ki Jaya, lain ribut mareuman seuneu, tapi kalah ka ngaraponan kuring. Atuh gedong jeung eusina teh ledis jadi lebu.

Kana awak mimiti bak-buk-bek nu nonjok, nu neunggeul, malah aya nu ku batu sagala. Tapi teuing bet teu karasa nyeri. "Ulah ngalawan! Turutkeun bae kana kahayang maranehna," ceuk telepon kana ceuli teh. Reketek-reketek kuring diborogod, leungeun dibakeukeung ditalian kana tangkal buah, suku dibeungkeut dicangcang kana tangkal jambu, bari hantem pada neunggeulan. Kuring peureum bari ngahenen, rarasaan pohara ni’matna.

Nyah beunta, katingal aya pulisi tiluan, tukangeunana jelema-jelema anu tadi ngaraponan mani ngaregreg.

"Udaran panyangcangna, tuluy gotong asupkeun kana jip!" sala saurang pulisi ti nu tiluan marentah ka nu araya di dinya.

"Lawan!" ceuk telepon teh kana ceuli kuring.

Kuring usik, bret-bret tambang-tambang nu nalian teh paregat sorangan. Pulisi jeung nu araya kabeh arolohok. Areungeuheun soteh sanggeus ku kuring ditangtang. Breg maranehanana rampak maju, ngangseg ngoroyok. Sebrut kuring narajang, ngamuk nguwak-ngawik. Nu disepak ngajengkang, nu ditajong ngajolopong, nu dijejek ngajehjer.

Batu jeung paneunggeul bak-bik-bek kana awak jeung kana sirah, tapi taya nu karasa nyeri. Ningal kitu jelema-jelema rea nu mimiti nungtutan lalumpatan, tapi ku kuring terus dibeledig diubrak-abrik. Dor! Dor! Pulisi ngabekaskeun pestolna, tapi taya nu keuna. Nembak ka luhur meureun nyingsieunan. Ayeuna jelema-jelema birat, malah pulisi-pulisi oge ngalacir. Kadenge jipna ngagerung, baralik kawasna mah. Kuring balik ka lembur bari igel-igelan jeung ceuceuleuweungan.

Isukna janari keneh, kuring ge can hudang-hudang acan geus aya nu pupuntenan. Nyah kuring beunta, ngeng telepon kana ceuli, "Turutkeun kahayang tamu teh, da ieu mah pamingpin bener."

Teu mandi-mandi acan, ukur sibeungeut, buru-buru kuring nepungan tamu tea ka hareup. Kasampak teh Bapa Bupati geus calik. Dicalikkeun ku pamajikan tayohna mah.

"Cageur Mang Dipa teh?" saurna bari ngasongkeun pananganana ngajak sasalaman.

"Pangesto, Nun," tembal kuring bari munjungan.

"Tadina mah kuring ka dieu teh rek engke pabeubeurang, tapi lantaran ngadadak aya interlokal jam tujuh kudu ka Jakarta, nya maksakeun ayeuna subuh-subuh. Ku kuring ge kapikir, tangtu baris ngabarubahkeunana ka Mang Dipa teh, tapi, kumaha da kapaksa tea."

"Teu sawios, malah nuhun bae nu aya kanggo abdi mah, Bapa parantos rurumpaheun ka rorompok butut."

"Malah ti bareto aya maksud nepungan teh, basa Mang Dipa kakara datang ti Jambi, rek menta oleh-oleh bejana rada mucekil usaha teh?"

"Kaleresan bae abdi teh dipercanten katitipan dunya ku Pangeran. Teu benten sareng Bapa, kaleresan ku Alloh swt, dipercanten katitipan pangkat."

Bapa Bupati ngahuleng bari unggut-unggutan. Tuluy neuteup seukeut pisan ka kuring, tapi bari teu lemek.

Ayeuna kuring nu rea nyarita, nyaritakeun pangalaman babakuna mah.

Dina tungtung obrolan, Bapa Bupati ngajak kuring sangkan daek dibawa ka dayeuh. Ku lantaran cek telepon oge kudu nurut kana kapalayna, nya kuring daek milu. Sihoreng anjeunna teh dikawal ku pulisi anu samagreng, satilu-tilu, ngadaragoan dina jip. Caritana dius kuring milu ka dayeuh. Nepi ka dayeuh, kuring diasupkeun kana sel paranti nutup nu gelo.

Poe kaopat kuring ditahan, kira-kira pecat sawed. Ngeng bae aya telepon kana ceuli, "Geura balik, pamajikan mamataeun!"

"Enya, kumaha kaluarna, da sel disosi pageuh, jeungna mun bisa kaluar oge tina ieu sel, moal bisa kaluar ka jalan, nu jaraga sakitu ngaregregna."

"Hayang henteu balik?"

"Puguh hayang mah."

"Sok atuh meungpeung isuk keneh."

Jung kuring nangtung, ceg kana panto sel digujrag-gujrag, bray muka. Tuluy kaluar, nu jaraga bangun api lain pisan. Datang kana panto kaluar, golotrak anu ngajaga panto teh mangmukakeun, leos kuring ka jalan. Clak kana oplet nu kabeneran keur nurunkeun panumpang saurang.

Datang ka imah. Pamajikan nyarita tas mayar parurugi ka Ki Jaya, nu imahna diduruk tea. Teu dijawab ieuh, da kitu alusna.

Kabeneran harita teh poe Juma'ah. Jelema-jelema anu rek juma’ahan geus mimiti ngaleut. Rengkenek kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan, ngadatangan jelema-jelema nu teu arindit ka Masjid. Nu katewak, gampleng-gampleng diteunggeulan, nu sejenna birat lalumpatan arindit ka masigit jumaahan. Unggal poe Juma'ah kuring sok ngeleyeng bae, mapayan imah-imah, bisi aya nu teu jumaahan. Nu teu boga samping jeung kerepus, ku kuring dipangmeulikeun. Mun kabeh jelema-jelema sadesa awewe-lalaki, kolot-budak geus arindit ka masigit, hate ngarasa pohara ni’matna. Rengkenek kuring igel-igelan bari tetembangan.
Kuring lain ngaji kosar,
nya biko nya kasar,
Kuring lain ngaji dosar,
nya bodo nya sasar,
Tapi kuring ngaji gosar,
digogo bari disasar,
Ngaji rasa,
bodo!

Ki Umbara

Majar Kuring Gelo Majar Kuring Gelo Reviewed by Rupa Sundapura on 10.31 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.