Sisindiran

Sisindiran teh asalna tina kecap sindir. Nurutkeun kamus Basa Sunda karangan R. Satjadibrata, sindir teh hartina "kecap atawa omongan anu hartina henteu sacerewelena atawa saujratna."

Sisindiran ngandung harti omongan anu dibalibirkeun, anu dibungkus. Nya kawajiban urang anu kudu mesekna sangkan ngarti kana naon eusina.

Sisindiran, Rarakitan, jeung Paparikan

Ditilik tina wangunanana, sisindiran teh bisa dibagi dua:

  • Rarakitan
  • Paparikan

Rarakitan

Asal kecapna tina rakit, hartina pasang. Sarakit, hartina sapasang. Jadi rarakitan teh pihartieunana papasangan.

Anu disebut rarakitan nyaeta sisindiran anu sapadana diwangun ku opat jajar. Dua jajar (jajaran kahiji jeung kadua) mangrupa cangkang, dua jajar deui (jajaran katilu jeung kaopat) mangrupa eusi. Jajaran kahiji ngarakit jeung jajaran katilu, lamun jajaran nu kadua ngarakitna jeung jajaran kaopat. Purwakantina: a – b – a – b.

Upama nilik kana eusina, rarakitan teh bisa dibagi jadi tilu bagean, nyaeta:

  • nu eusina ngandung birahi (karesep lah nu kieu mah)
  • nu eusina ngandung piwulang (nu matak hareudang kana hate)
  • nu eusina ngandung lulucon (sesebred)

Conto rarakitan nu ngandung birahi:

Kaduhung kuring ka Lembang
Ka Lembang ka Cibiana
Kaduhung kuring kagembang
Kagembang kieu rasana

Sapanjang jalan Soreang
Moal weleh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal weleh diakalan

Conto rarakitan nu ngandung piwulang:

Meuli wajit jeung jawadah
Kapake hajat kiparat
Masing rajin nya ibadah
Kapake dunya akherat

Memeh ngagelarkeun kasur
Samak heula ambeh rineh
Memeh ngomongkeun ka batur
Tilik heula awak maneh

Conto rarakitan nu ngandung lulucon (sesebred):

Majar teh cau lampeneng
Cau kepok dina nyiru
Majarkeun teh lengkeh koneng
Geuning nya dekok nya gembru

Rarasaan melak cau
Teu nyaho mun melak cabe
Rarasaan asa lucu
Teu nyaho mun matak rehe

Paparikan

Paparikan asalna tina kecap parek, hartina deukeut. Wangun paparikan sarua jeung rarakitan. Anu ngabedakeunana nyaeta dina paparikan mah tara aya kecap anu dibalikan deui. Cangkang jeung eusina ngan “deukeut sorana” wungkul. Nilik kana eusina oge sarua jeung rarakitan.

Conto paparikan nu eusina ngandung birahi:

Ngala saga sisi huma
Disamberan ku waliwis
Tiis raga tiis sukma
Kuring jadi ka nu geulis

Suwangkung ulah dihumbut
Pikeun tihang papanjangan
Nu jangkung ulah sok imut
Bisi kuring kaedanan

Conto paparikan nu eusina ngandung piwulang:

Ninyuh ubar ku cipati
Diwadahan piring gelas
Anu sabar eta pasti
Ku Allah dipikawelas

Papan kiara ditatah
Iraha jadi lomari
Mun bisa miara letah
Mokaha salamet diri

Conto paparikan nu eusina ngandung lulucon (sesebred):

Jeruk purut Cikaruncang
Jambu aer Wanayasa
Camerut hayang ka bujang
Susu laer teu karasa

Cau kepok keur rumegang
Dieunteupan bondol hejo
Keur dekok katambah egang
Ditambahan olol leho

Conto-conto Sisindiran

Rincik-rincang rincik-rincang
Saladah gede beungkeutna
Sidik pisan sidik pisan
Nyi randa gede etana

Hayang nyatu euweuh kejo
Beasna di panggilingan
Boga minantu rada gelo
Mitoha ditampilingan

Cikaracak ninggang batu
Laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
Laun-laun nya dilebok

Aya roda na tanjakan
Katinggang ku pangpung jengkol
Aya randa gogoakan
Katinggang ku hulu botol

Jauh-jauh manggul awi
Nyiar-nyiar pimerangeun
Jauh-jauh neang abdi
Nyiar-nyiar pimelangeun

Aya listrik di masigit
Caangna ka pabrik kina
Aya istri jangkung alit
Hanjakal teu dicalana

Ka Cibogo ka Cibadak
Meuli ragi di bendungan
Ulah bobogohan jeung budak
Mahugi pepelendungan

Meuli piring di Mang Ohan
Mayarna duit rebuan
Mun silaing bobogohan
Leungeun tong kakarayapan

Ka Bandung tuluy ka Bogor
Ka Cianjur meuli bonteng
Kasiksa boga kabogoh
Sungutna bau sepiteng

Sugan teh kaliki dangdeur
Boro kuring gancang ngadek
Sugan teh lalaki bageur
Boro kuring gancang daek

Kaduhung ngadu kaleci
Meuli leupeut dicabean
Kaduhung boga salaki
Liang taeun ngagedean

Aya mobil warna silver
Mobilna keur ngala pare
Lamun maneh hayang pinter
Ulah loba teuing sare

Ecet-ecet oet-oet
Barudak ngarurek belut
Kapelet kuring kapelet
Ku randa nu gede hitut

Kini-kini ti Parigi
Anak bogo na ayakan
Nini-nini lari pagi
Ngajedog dina tanjakan

Aya jurig jeung ririwa
Kini-kini dina ledeng
Aya ijid aya ngewa
Nini-nini ngajak ngedeng

Anak kijang teuteuleuman
Cucurut anakna beurit
Anu ngisang peupeureuman
Asup curuk disangka….taeun

Kini-kini kuang-kuang
Ditalian ku bagedor
Nini-nini hayang ka bujang
Dicabak etana kendor

Engkang-engkang dina dulang
Kacapiring endog tongo
Akang-akang geura hudang
Taeun eneng geus molongo


Sisindiran Sisindiran Reviewed by Rupa Sundapura on 21.30 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.