Ngaran Rupa-rupa Kasakit

Pangajaran Basa Sunda
  • Ambeyen; wasir; bawasir » Kasakit dina bool; nongtot bool.
  • Ampeg; asma; mengi » Kasakit hese ambekan pangpangna upama katiisan, bisa nepa lamu pacorok wadah kadaharan.
  • Babareuhan » Kasakit busung lapar, barareuh meh saluar awak; kasakit bareuh di hiji tempat dina awak (semu mucunghul kawas bisul tapi taya mataan).
  • Balas bogo » Kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas, semu karadak.
  • Batuk bangkong » Batuk kosong.
  • Batuk gangsa » Batuk lantaran aya gangguan dina bayah.
  • Bisul » Kasakit handapeun kulit, bareuh nu ngandung nanah sarta mataan.
  • Bisul beunyeur » Bisul leutik, matana siga beunyeur.
  • Borok » Raheut anu tuluy nanahan lantaran infeksi atawa radang nu pohara.
  • Botoleun » Kasakit dina dampal suku; liangan.
  • Budug » Kasakit kulit, barudus atawa carenang, biasana ateul lantaran kuman.
  • Bungkul » Bisul teuas dina pengpelangan (bagian pingping belah jero); kasakit kotor.
  • Cacar; kuris » Kasakit kulit nu babari tepa sarta gede bahayana. Mun teu maot sok jadi bowek.
  • Cacingeun » Kasakit dina beuteung lantaran cacing.
  • Cenang » Bisul leutik; bentol digaro jadi cenang lantaran infeksi.
  • Conge » Kasakit di jero ceuli, kaluar nanah.
  • Daging jadi » Daging anu jadi teu samistina tur ngalantarankeun kasakit. Biasana dina tikoro atawa dinu sejenna.
  • Eksim » Ngaran kasakit kulit nu hese cageurna, aya nu jiih, aya nu tuhur, rasana ateul.
  • Ewateun; jarawat; kuhkul » Kasakit kulit dina beungeut, biasana nu keur birahi atawa baleg tampele.
  • Gelo » Burung; teu waras ingetan.
  • Geregeseun » Kasakit lantaran aya sarupa batu di jero kabubuahan atawa giginjel, karasana nyeri cangkeng sarta hese kiih.
  • Gondok » Kasakit dina beuheung lantaran kurang yodieum, siga bareuh ngagandoy, tumerapna sok nahun.
  • Gondongeun » Kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerapna henteu lila, biasa disebut panyakit anjing, sok diubaran ku bulao.
  • Hapur » Kasakit kulit, totol-totol barodas, karasana ateul mun kesangan, babari tepa.
  • Hapur beusi » Hapur nu leuwih kandel, hese leungitna.
  • Hapur kembang » Hapur nu bodas katempona, bisa diubaran ku daun laja jeung sajabana. Leuwih ipis tibatan hapur beusi.
  • Hileudeun » Kasakit lantaran infeksi dina ramo jeroeun kuku, ngandung nanah tur nyanyautan karasana.
  • Jangar; rieut » Nyeri sirah jejeletetan.
  • Jengkoleun » Kasakit nyeri kiih nu dilantarankeun ku racun nu aya dina buah jengkol, biasana tumerap lamun ngadahar jengkol rorosaan.
  • Jeungjeuriheun » Kasakit nyeri kiih, cenah lantaran nginum cai nu can asak pisan.
  • Kabebeng; mejen » Hese ngising.
  • Kalikiben » Rasa nyeri dina jero beuteung anu sok timbul upama tas dahar atawa nginum terus kagujrug-gujrug alatan lulumpatan.
  • Keremieun » Kasakit ateul bujur lantaran cacing keremi.
  • Kesrek » Kasakit kulit saperti eksim garing.
  • Kokoloteun » Kasakit kulit dina beungeut (semu harideung) lantaran mindeng kapanasan atawa ku sabab sok make wedak murah, biasana tumerap ka awewe.
  • Kolera » Kasakit nyeri beuteung nu babari nular, bisa mateni. Cirina utah-utahan jeung ngayer terus.
  • Kotokeun » Kasakit panon, kurang awas nenjo, siga hayam teu awas upama geus peuting.
  • Kutil » Kasakit sabangsa ewateun ngan leuwih gede tur leuwih teuas, mun diantep sok ngalobaan saperti nu anakan.
  • Leuncangeun » Kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atawa bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.
  • Lilinieun » Leungeun atawa sirah ngadegdeg dilantarankeun ku kakolotan.
  • Lumpuh » Awak leuleus teu bisa leumpang (hojah) atawa paeh sabeulah lantaran gangguan urat sarap.
  • Mata iwakeun » Sarupa kutil, biasanan dina ramo leungeun atawa ramo suku, tumerapna tara lila tur tara ngalobaan kawas kutil.
  • Menter; tipes » Kasakit di jero beuteung nu gede bahayana sarta babari tepa, lantaran cai atawa kadaharan.
  • Mimiseun » Kaluar getih tina irung lantaran sariawan.
  • Muriang » Awak paranas tiris lantaran katerap panyakit malaria, influensa, jeung sajabana.
  • Nyeri huntu » Huntu karasa nyeri lantaran koropok, jeung sajabana.
  • Nyeri panon » Panon karasa nyeri jeung peureus semu ateul.
  • Peluh » Kasakit lalaki, nyaeta upama laranganana teu daek heuras.
  • Peujit koreseun » kasakit nyelengit beuteung lantaran telat barangdahar.
  • Peuteuyeun » Kasakit nyeri kiih nu dilantarankeun ku racun nu aya dina buah peuteuy, leuwih parna tibatan jengkoleun. Biasana tumerap lamun ngadahar peuteuy rorosaan.
  • Reunghaseun » Kasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu bareulah (kawas tangkal reunghas), sok tumerap lamun kulit kakeunaan ku geutah reunghas.
  • Rorombeheun » Kasakit dina dampal suku, pangpangna dina keuneung, kulitna bareulah.
  • Sakalor » Kasakit sarap. Mun keur kanceuh, teu karana puguh sababna sok ngadadak teu eling, tuluy ngagolepak kapaehan, sungutna ngabudah.
  • Salatri » Kasakit anu timbul lantaran kosong beuteung. Karasana lieur, sebel, tur kaluar kesang tiis.
  • Salesma » Kasakit di jero irung lantaran katiisan, mindeng beresin sarta lehoan.
  • Sampar » Kasakit kulit nu babari tepa.
  • Sarab » Kasakit kulit nu tumerapna ka barudak.
  • Sariawan » Kasakit nu ngalantarankeun barusuh atawa kaluar getih tina irung atawa gugusi.
  • Seueul » Kasakit dina jero beuteung anu karasana pupurilitan
  • Sisidueun » Gangguan di jero dada lantaran katiisan nu nimbulkeun ceklak-cekleuk.
  • Sumbilangeun » Kasakit awewe, nyeri pianakan waktu keur kotoran. Nyerina meh sarua jeung dipatil sumbilang (lauk laut).
  • Tajam » Meh sarua jeung disentri, kasakit beuteung nu dilantarankeun ku baksil-baksil, sok ngayer (murus) sarta kokotorna sok pacampur jeung getih atawa bubudur.
  • Tampek » Kasakit kulit, ateul semu panas, tumerapna biasana ka budak.
  • Tibar » Kasakit sarupa bisul matana tujuh.
  • Tuju » Kasakit nyeri tuur atawa cangkeng, tumerapna ka jalma nu geus kolot.
  • Tujukuriling » Kasakit lanjung (lieur anu pohara).
  • Tujulajer » Kasakit nu sok tumerap ka awewe lantaran kaganggu sarapna, sok jengker.
  • Turuwisen » Kasakit sarupa cenang dina biwir panon.
  • Uuseupeun » Kasakit dina tikoro, karasana nyeri neureuy asa aya useupan. (*)
Ngaran Rupa-rupa Kasakit Ngaran Rupa-rupa Kasakit Reviewed by Rupa Sundapura on 18.26 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.