Abimanyu Kalangsu (Bagean 3)

Anggraeni jiga nu embung ngaleupaskeun Abimanyu. Beuki pageuh. Renghapna beuki kerep. Abimanyu teu nolak, basa Anggraeni mimiti mukaan kancing bajuna, dianteur ku teuteup anu ceuleuyeu. Anggraeni dina kaayaan kitu, lat poho kana sagalana. Lahan nu lila garing anggiking, ngadadak hayang meunang panyebor. Geus teu boga kasempetan pikeun mikir saha ari Abimanyu, Anggraeni terus diayonan. Harudang kabeurangan. Ka kamar mandi babarengan. Anggraeni meunang kasugemaan. Sirna rasa hanaang. Anggraeni asa meunang perang, basa di jero kamar mandi Abimanyu daek tiheula ngarangkul. Kaluar ti hotel, Anggraeni ngarasa seger. Malah ngajak nyarter kamar hotel sapeuting deui.

Carita Tilu Bagian
"Teu langkung Tante," ceuk Abimanyu teu robah ulat.

-=oOo=-

Sawatara menit Anggraeni lir nu ngahintul. Pikiranana ti saprak kaluar ti klinik laboratorium terus marudah. Keukeuh asa teu percaya ku hasil positif. Kaayaan dirina kudu dirusiahkeun, mun bisa mah Abimanyu oge ulah dibere nyaho. Anggraeni arek nyieun jalan alternatip. Atawa mending terus terang bae kitu ka Abimanyu? Da pastina upama langsung ditarik ka bale nyungcung Abimanyu moal ieuh nolak. Ngan kumaha cintana Ambarwati? Piraku ari bobogohan jeung anakna, ari kawin jeung indungna. Tada teuing Ambarwati bakal ancur hirupna.

Dina kaayaan dirina elat bulan, Anggraeni teu bisa nyalahkeun Abimanyu. Diaku ku hate leutik Anggraeni, Abimanyu tara wani kurang ajar. Moal daekeun, piraku da ka dunungan. Salah aing geus mere kasempetan keur manehna. Salah aing, naha bet kaedanan ku Abimanyu. Salah aing, naha bet geus wani remen ngajak ka kamar hotel. Anggraeni nyalahkeun dirina sorangan. Teu wani nyalahkeun Abimanyu.

Naha atuh aing teh! Tada teuing upama bawahan aing jadi nyaraho. Tingjelegur jeroeun dada Anggraeni. Lain hayang ngadakwa Abimanyu, tapi ngadakwa dirina sorangan. Ngarasa salah, dirina salaku randa ngora geus kabablasan. Anggraeni geus ngarasa teu mampuh ngabendung dorongan biologisna nu memang normal keneh. Padahal aya lalaki nu hayang, mileuleuheungkeun dirina, tapi ditampik sapajodogan. Insinyur Aldi kacida micintana. Tapi hate Anggraeni teu kaolo ku rupa-rupa tarekahna. Teu nalipak maneh tuda Pa Aldi mah, piraku kudu daek ngalayan cintana, sakitu manehna nyaho yen pamajikanana teh batur sakolana di lanjutan atas. Pisakumahaeun teuing rajetna hate Aini, mangkaning anakna geus tilu. Matak ngarujadkeun rumah tangga batur. Mending milih hirup rarandaan. Tapi nyanghareupan Abimanyu mah saolah-olah Anggraeni ngasongkeun dirina sorangan.

Salaku manusa, Anggraeni sarua ngabogaan nurani. Najan enya rumasa dirina geus ngalakukeun teu uni jeung Abimanyu, embung ngalipetkeun dosa ku ngalakukeun jalan alternatif. Memang rerencepan bisa nutupan wiwirang, da tacan leuwih ti sabulan elatna.

Anggraeni ngarenghap leleb. Gap ramo-ramo leungeunna nu lalucir kana map nu eusi berkas pengajuan proyek. Sanggeus dibaca tuluy ditandatangan. Ingetanana pindah, jadi museur ka proyek nu arek digarap mimiti bulan hareup. Dina proyek eta teu saeutik andil Abimanyu. Nu matak Abimanyu geus dianggap boga saham di pausahaan nu diheuyeukna. Teu aneh upama Abimanyu beuki jejem kana gawena.

Keur kitu, teu kanyahoan Ambarwati asup ka rohangan gawe, langsung ngesun pipi indungna.

"Nyampeur Abimanyu?" ceuk indungna halon.

"Muhun, Mam. Sareng aya dugikeuneun ka Mamah. Kabar gembira, Mah!" walon Ambarwati nembongkeun ogona.

"Kabar naon geulis?"

"Enggal abdi tikahkeun sareng Kang Abimanyu. Resepsina sing meriah, Mah. Di gedung nu berkelas nya, Mah. Sakedap deui Mamah bakal nimang incu. Abdi tos elat dua sasih, Mah." Taya riuk kuciwa.

Jelegur...! Bom bitu di jero dada Anggraeni. Asa ngadadak leuleus satulang sandi. Anggraeni ukur mampu mencrong beungeut anakna nu dipikameumeut. Anggraeni jiga nu kakara sadar kana naon nu geus dilakukeun jeung Abimanyu.

"Mamah bendu nya? Hapunten abdi, Mah...," peredih Ambarwati. Jelegur deui bom jeroeun dada nu jadi indung. Anggraeni tacan engab.

"Abdi bade terus terang ka Mamah, kajantenan ieu sanes lepat Kang Abi. Tapi abdi bakat cinta ka anjeunna. Pamugi Mamah nyaluyuan. Demi kahormatan wibawa Mamah, nu mawi saenggalna abdi rangkepkeun. Leres, abdi ngaraos cinta lahir batin ka Kang Abi," sora Ambarwati ngalengis.

Tungtungna indung jeung anak paungku-ungku. Teu kaampeuh aya nu ngalembereh ngaliwatan pipi Anggraeni.

"Hapunten abdi, Mamah. Ulah ngalepatkeun Kang Abimanyu. Mamah kedah nyaluyuan rencana abdi. Kang Abimanyu ku anjeun tacan uningaeun abdi tos eusi. Abdi tacan balaka. Mamah, abdi alim pisah sareng Kang Abi. Abdi cinta ka anjeunna. Nya Mah, abdi enggal tikahkeun! "sora Ambarwati kebek ku pangharepan.

Anggraeni nyium anakna.

"Tangtu Mamah nyaluyuan maksud hidep," sora Anggraeni dareuda.

"Tapi Mamah teu bendu ka abdi, dumeh abdi tos ngalakukeun hal nu sakedahna mah tacan waktosna dilakukeun ku abdi sareng Kang Abi? Rumaos abdi tos ngumbar cinta. Supados teu ngisinkeun Mamah, kedah saeenggalna abdi rangkepkeun."

"Enya. Sok ayeuna mah hidep jeung Abimanyu sagancangna ngayakeun persiapan. Mamah kudu milu bungah hidep micinta Abimanyu. Hidep teu salah pilih. Abimanyu kudu jadi jodo hidep!" tambah Anggraeni ngarangkul Ambarwati mani pageuh. Nyinglar lalangse nu aya dina hate Ambarwati. Tapi sabalikna, dina dasar hate indung nu pangjerona ngadadak angkeub. Naon nu geus dilakukeun ku nu jadi indung jeung Abimanyu tangtu kudu jadi rusiah anu teu meunang bocor. Bongan atuh ka nu jadi indung, Ambarwati ngan saukur ngaku-ngaku teman dekat. Mun nyaho yen Abimanyu calon pisalakieun anakna mah, piraku Anggraeni tega migawe rucah jeung calon piminantueun. Teu sangka, bakal aya kajadian nu teu dipikahayang.

"Makasih, Mah. Artinya Mamah mau menerima Kang Abi sebagai calon menantu. Kang Abi ganteng kan ya, Mah?"ceuk Ambarwati marahmay.

Anggraeni teu ngawalon. Aya rasa nu ngaganjel. Tapi dina paneuteup panon anakna manehna maksakeun imut. Ras kana kaayaan dirina sorangan, meureun kudu sagancangna diungkulan kalayan rikip. Ulah aya nu nyaho kaasup Abimanyu, katimbang engkena kudu nimbang wiwirang.

"Mamah oge menta dihampura, lantaran kajadian hidep kitu teh alatan kurang panalingaan ti Mamah. Mamah geus ireug talingeuh. Ngan ukur bisa ngenod hidep sacara materi. Mamah geus taledor. Mamah geus katungkulkeun teuing ku kapentingan nyiar haliah dunya. Mamah dosa!" ahirna Anggraeni ceurik ngagukguk.

"Mamah...," Ambarwati jadi robah carindakdak.

"Mamah...naon-naon nu tos dilakukeun ku abdi, sanes dosa Mamah. Tapi gembleng dosa abdi. Hapunten abdi, Mam...!" Ahirna Ambarwati oge teu kuat ceurik. Pageuh silirangkul. Hate Anggraeni ngaleketey, teu sangka cinta indung jeung anak bet sarua ngamuara ka Abimanyu. Memang alatan cinta nu teu kabendung, sing saha bae bisa kalangsu.

Kadenge panto aya nu ngetrok, tacan dimanggakeun semah kaburu asup. Ambarwati ngajenghok, dadana ngadadak ngahanju. Panon dipentangkeun ka semah. Nu datang teh Arimbi dina kaayaan beuteungna mendeyang bulan alaeun.

"Hapunten sim kuring tos tumorojog. Bade peryogi ka Abimanyu," ceuk semah sorana mani tatag.

"Aya kaperyogian naon?" tanya Anggraeni. Ambarwati keom, hatena geus bisa nebak.

"Ieu. Demi utun inji anu aya dina beuteung abdi," walon semah. Sorana angger tatag bari nunjuk beuteungna sorangan.

"Na kumaha kitu?" sora Anggraeni jadi peura.

"Taros Ambarwati. Memeh sareng Ambarwati, Abimanyu kantos hubungan heula sareng abdi. Nya ieu hasilna."

Aya nu ngadadak nyeak dina hate Ambarwati, tapi arek nyarita teu bisa engab. Malah hayang langsung ngusir Arimbi nu ngajanteng.

"Abdi moal ngaganggu hubungan Ambar jeung Abi. Wilujeng. Sing bahagia. Abdi ngan wungkul rek mere nyaho, engke upama utun inji geus gubrag ka dunya, kedah ngiring tanggung jawab. Sabab Abimanyu bapana ieu jabang bayi."

"Cukup!" Beurat sora Ambarwati, ngan sakecap-kecapna. Tikoro asa kapengpet.

"Mangga...! Titip pesen we ka Abimanyu, bisi keur sibuk. Jaga kudu milu ngurus budak kitu. Hampura, Ambar ulah ngarasa kaganggu manah. Hatur nuhun. Wilujeng kantun!" Arimbi angger teger, tenang ngalengkah ninggalkeun rohangan gawe Anggraeni.

Sajongjongan indung jeung anak taya nu nyarita sakemek oge. Anggraeni ngusap dada. Teuteupna limpeu kana beungeut anakna. Ahirna Ambarwati ceurik deui ngagukguk. Tapi kumaha bae oge ayana, Ambarwati kudu janglar narima kanyataan.

"Rencana hidep jeung Abimanyu ulah tepi ka bolay najan sakumaha paitna. Bongan daek diperbudak ku cinta. Aya hadena upama pesen ti Arimbi ulah waka ditepikeun. Engke bae sanggeus resepsi, dina mangsa nu dianggap hade. Bisi ngahudang pangaruh sejen ka Abimanyu," ceuk Anggraeni bari meusmeus nyusut cipanon ku saputangan.

Pepedut jadi ngalamuk dina hate Anggraeni. Kitu deui dina hate Ambarwati. Mega hideung mani medeg. Indung jeung anak ahirna ceurik deui paungku-ungku. Ngan sumirat nu sumedeng hegar, sinarna sumorot ngaliwatan jandela kaca, tapi teu mampu nyingraykeun lalangse nu aya di dua hate awewe. (*)

Sambungan ti Bagian 2

Ino Misno

T A M A T

Abimanyu Kalangsu (Bagean 3) Abimanyu Kalangsu (Bagean 3) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.46 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.