Abimanyu Kalangsu (Bagean 2)

"Piraku Kang Abimanyu sok mondok di kantor?" ceuk Ambarwati bangun teu percaya basa dibere beja ku Pa Hendrik. Atuh hariweusweus Ambarwati bebeja ka indungna.

Carita Tilu Bagian

"Hawatos atuh, Mah!"

"Enya. Atuh ari kitu mah perlu diperhatikeun keur pamondokanana. Eta mah kumaha Ambar. Malaur imah ngan dieusian ku sorangan kadua pembantu. Kumaha upama kamar paviliun sina dieusian ku Abimanyu. Satuju teu? Ku kitu tea mah ongkoh ku jauhna meureun ti kontrakan ka kantor teh. Nya, jigana mending kitu bae," Anggraeni mere kacindekan ka anakna.

Ambarwati teu langsung ngawalon, padahal hatena mah bungah kacida.

"Teu salah pilih punya teman dekat jajaka teh, Am," sambung indungna angger muji.

"Nuhun ari tanagina kaanggo mah ku Mamah."

"Kapake pisan puguhan. Alus digawena. Nu matak wajar upama ku urang diperhatikeun tempat pamondokanana. Nya enggeuslah sina di paviliun."

"Mangga, teu langkung Mamah. Abdi ngiringan bae."

Asa dibere cukang pikeun meuntas. Teu diengkekeun deui, Ambarwati ngajak pindah Abimanyu. Ngajak ninggalkeun kontrakan. Abimanyu teu dibere kasempetan pikeun mikir heula. Kudu kumaha nya peta, ahirna kudu nurut nu aya. Beurat nyuhun, beurat nanggung, beurat narimakeunana kana sagala kahadean Ambarwati. Sagala rupana estu diperenahkeun, ditalingakeun. Piraku Abimanyu kudu nolak atawa nampik sagala kahadean. Dasar milik. Milik nu moal kahontal ku pamikiran manusa.

"Upami Kang Abi nolak, Mamah tangtos bakal bendu. Kanggo langkah pertama bekerja Kang Abi dari Mamah telah mendapat nilai A plus, dan telah mendapatkan indek prestasi di atas tiga. Hebat! Luar biasa!" ceuk Ambarwati bari milu meresan buku-buku jeung diktat nu balatak. Ari Abimanyu jongjon meresan pakean.

"Namung oge kapan jalmi nu butuh padamelan, Kang Abi nya kudu soson-soson. Jangan sampai memalukan Ambar. Kedah surprise. Supados..."

"Supados naon?" Tanya Ambar rikat.

"Supados cinta Ambar ka Kang Abi semakin meningkat. Semakin yakin. Semakin sayang. He...he… he...!" Duanana sareuri leutik.

"Makanya Ambar tidak merelakan Kang Abi tidur tergeletak di kantor ditemani Satpam. Siapa tahu, upami Kang Abi semakin bisa meningkatkan prestasi kerja, sama Mamah nanti bakal diberi rumah."

Peuting munggaran nyarean tempat anyar, Abimanyu teu bisa tibra. Asa ngeunah keneh sare di kantor, asal dug tapi terus ngaguher. Atawa di kontrakan. Sanajan kamar sumpeg jeung bau hapeuk, bet ngeunah dipake sarena, ngeunah dipake ngapalkeun. Bubuhan kakara nempatan paviliun nu cukup representatif, eusina lengkep sagala nyampak.

"Neng Ambar kade," ceuk Bi Asih nu ngabantu sapopoe.

"Kade ku naon, Bi?" Ambarwati malah nanya mani marahmay.

"Kade bilih disamber nu sanes," Bi Asih nyikikik.

"Naon tea, Bi?"

"Satria ganteng."

"Oooooh...!"

"Payus pisan lah kanggo pasangan Neng Ambar mah!"

"Ah Bibi mah sok ambon. Mangga bae ari Bibi naksir mah, ke ku abdi diwartoskeun." Angger dianteur ku imut.

"Heuyy deuh! Bibi mah tunggul kahuru. Ah, Neng Ambar mah sok ipa-ipa. Leres Neng, bibi mah satuju pisan."

"Tos Bi lah bilih abdi janten ge-er."

"Bibi wae nu potongan kieu mani katarik. Piraku Neng Ambar taya ser-seran di manah."

"Muhun Bi lah. Ngan duka anjeunna daekeun ka abdi. Nembe sawates teman biasa, Bi. Kade unggal enjing sarapanana samikeun jeung abdi nya Bi. Wayahna ayeuna mah Bibi ngalayanan dua jalmi."

"Ngan janten teu keueung Neng tengah wengi teh. Mangga Neng, ku bibi bade diperhatoskeun."

Bi Asih jadi resep nalingakeun dunungan anomna, nu beuki lila katempona beuki geugeut layeut. Komo lamun duanana pareng marandi di kolam renang kulawarga. Sok hayang ngora deui. Aya ku bagja ari anak menak.

Dina hiji peuting, hujan ngaririncik dibarung ku angin jeung gelap tingjeleger. Ambarwati dianjangan rasa keueung nu nataku tepi ka teu bisa sare. Bi Asih di kamar tukang mani tibra kacida. Ambarwati ukur nangkeup tuur dina ranjang, taker salila-lila, tampolana hatena kosong. Tampolana ngacacang kumalayang. Ahirna euntreup ka Abimanyu. Matak naon nyampeurkeun ka kamar Abimanyu. Beuki lila, ahirna hatena beuki ngaberod. Ngacacang bagja, Abimanyu dina sawangan. Ahirna teu karasa Ambarwati turun tina ranjang, keteyep leumpang, mukakeun panto kamar, lalaunan ditutupkeun deui. Ahirna suku ngalengkah ka kamar Abimanyu. Gagang konci diputer, reket muka. Geuning teu dikonci. Hatena bungah. Geus aya di jero kamar mah gancang panto ditutupkeun deui. Hujan beuki gede. Angin ngagelebug. Demi neuteup Abimanyu ngajepat dina ranjang, hate Ambarwati jadi ngageter. Goledag gigireun Abimanyu.

Abimanyu ngorejat.

"Sssssst...!" ceuk Ambarwati bari napelkeun curuk kana biwir.

"Ambar...! Kang Abi reuwas," sora Abimanyu halon.

"Abdi teu ludeung."

"Biasana oge nyalira pan?"

"Muhun. Hujan tuda, Kang."

"Sawios atuh, da hujan mah di luar."

"Ah Kang Abi mah... ," sora Ambarwati semu ogo.

"Abdi bobo di dieu."

"Euh kitu. Mangga atuh. Keun Kang Abi bobo dina korsi."

"Ah Kang Abi mah," kituna teh Ambarwati bari metot leungeun Abimanyu taker ngajurahoh kana ranjang nindihan awak Ambarwati.

"Ambar, wios Kang Abi bobo dina korsi bae."

"Alim nya bobo sareng Ambar?" nyaritana ditompokkeun kana ceuli. Abimanyu nganteur renghapna.

"Sanes alim, Ambar..."

"Nya atos...hartosna kersa pan?"

Abimanyu teu ngawalon deui, panon tina neuteup lalangit jadi neuteup beungeut Ambarwati. Nu diteuteup anggur meureumkeun panonna, jiga nu peureum hayam. Dina dada Abimanyu mimiti aya ombak.

Jeleger gelap mani tarik lir meulah peuting, hujan angger ngagebret. Hate Ambarwati oge jadi ngagebret. Ambekan jadi motah. Dina kaayaan kitu Abimanyu teu tahan deui nahan ombak.

Ahirna duanana ngangkleung dina sagara bagja. Teu malire sakuriling bungking. Teu malire sora gelap. Teu malire gebretna hujan. Teu malire gelebugna angin. Abimanyu tikelebuh. Ambarwati runtuh.

Nya ti mimiti peuting harita, Ambarwati teu nyidem deui kapanasaran. Naon-naon nu sok kumalayang dina implengan geus tinekanan. Nya ti mimiti peuting harita, reremenna mah maranehna sare sakamar reujeung. Nya ti mimiti peuting harita di antara maranehna geus taya panghalang.

"Kang Abi kedah kersa jangji ka Ambar," penta Ambarwati ogo.

"Jangji naon?" bari ngusapan buuk Ambarwati.

"Taun payun, tos diwisuda urang langsung nikah. Sayogi?"

"Ambar teu kedah cangcaya. Ngan Kang Abi tacan gaduh nanaon."

"Kang Abi tos gaduh bekel potensi. Jabatan kanggo ka payun ku Mamah bakal diperhatoskeun pisan," Ambarwati gede harepan.

Prestasi gawe Abimanyu memang henteu matak nguciwakeun, beuki dieu beuki tapis. Karancageanana beuki nonjol. Potensina geus kanyahoan ku Anggraeni. Najan Abimanyu pagawe anyar, tapi geus cukup jadi tuladeun. Abimanyu geus mampu narik simpati atasan, boh ku sikep atawa ku ketak gawena. Abimanyu kawilang nyongcolang. Ku pagawe nu geus lila oge geus kaniley. Dumeh basa sakali mangsa aya rapat, Abimanyu loba ngasongkeun persepsi anu gede pakaitna jeung kamajuan pausahaan sarta mampu ngasongkeun konsep program gawe nu dianggap luyu jeung kamekaran jaman dina era globalisasi, sabab tinangtu persaingan usaha bakal mingkin beurat. Konsep kumaha nyiptakeun pemukiman anu berwawasan lingkungan, pangangguran ku Abimanyu ngahaja makalahna dibawa ka seminar. Nyatana ku para arsitektur disaluyuan. Di meja seminar, Anggraeni angkat jempol keur Abimanyu. Pamikiranana luar biasa sarta orisinil.

"Nanging sim kuring bade terus-terang, kanggo praktek lapangan mah masih keneh nol besar. Ku kituna tangtos dina prakna midamel proyek kedah aya koordinasi anu sinkron. Dina hal mayunan padamelan, rupina sim kuring mung tiasa nyumbangkeun teori wungkul, janten naon rupi pamikiran ti sim kuring saleresna mah tacan aya hartosna. Ari teori wungkul mah sami sareng bohong sanes?" ceuk Abimanyu henteu serieus teuing.

Pa Aji gogodeg bari nganteur seurina, sarua jeung dununganana, dina hatena muji ka Abimanyu. Naha henteu salah nempatkeun kitu, da sakuduna Abimanyu mah ulah ditempatkeun di administrasi logistik.

Moal aya nu nyaho, jeung Abimanyu moal arek terus terang ngeunaan kasang tukang akademikna. Ngeunaan dasar-dasar praktek tehnik bangunan pikeun Abimanyu mah moal matak ngawagu teuing. Lulus ti sakola kejuruan jurusan tehnik bangunan, ari nuluykeun bet nyasab ka fakultas ekonomi jurusan akutansi.

"Kumaha betah? Wayahna ambeh Ambar kabaturan," ceuk Anggraeni dina sela-sela istirahat.

"Betahna mah betah, Tante. Nanging, abdi moal tiasa males sagala kasaean Tante sareng Ambar. Upami taya Ambar, upami teu dipaparin lahan damel ku Tante, tangtos abdi kaancam ngaligeuh."

"Enya. Ayeuna mah kudu dibetahkeun. Sok kuliah mah ulah tepi ka kaganggu, waktuna ka kampus mah ecagkeun heula pagawean di dieu, nu penting mah laporan bulanan logistik minangka pertanggung-jawaban bisa rengse tepat waktu."

"Tangtos Tante, ku abdi bade diperhatoskeun pisan. Abdi bade ngawitan ngajengkeun proposal, manawi tiasa saenggalna nyusun skripsi. Mata kuliah sadayana tos rampung."

"Sok rengsekeun. Atuh bakal gancang diwisuda."

"Mudah-mudahan lancar."

"Enya, sing gancang ngarawel titel. Ku Tante, Abimanyu moal arek dileupaskeun. Aya jaminan ti Tante, geus sarjana mah bakal dipercaya nyepeng kalungguhan. Tante yakin, Abi mampu nyiapkeun diri."

"Hatur nuhun sateuacanna. Sadayana nyanggakeun ka Tante. Ngan abdi tangtosna oge hapa keneh ku pangalaman," Abimanyu gede hate.

Abimanyu meunang kasempetan pikeun nambahan pangalaman, mimiti diajak dines luar ku Anggraeni. Di hiji kota aya lahan nu kudu disurvey, naha lahan nu munggaran kungsi disurvey ku Pa Aji teh teu kaasup lahan sengketa atawa lain, da ari tata letak mah geus nyumponan sarat. Kari adu harga jeung para pemilik tanah. Dina pasualan lahan tanah, Anggraeni embung ngalengkah sacara gagabah sok sanajan ti pihak bupati mah geus meunang lampu hejo. Meureun kari nego sual harga. Anggraeni hayang nyoba Abimanyu dikahareupkeun pikeun nyanghareupan masarakat pemilik tanah kalayan dibere standar harga mati permeter persegina. Upama geus meunang kamupakatan, arek sagancangna ngayakeun transaksi pembayaran. Disaksi ku pihak kacamatan jeung notaris.

Poe munggaran babadamian, tacan ngahasilkeun kamupakatan harga nu dianggap pantes. Henteu ngarugikeun para pemilik tanah, padahal geus tepi kana harga standar nu dipikahayang ku Anggraeni.

"Naha Abi masih keneh ngalungsurkeun harga penawaran?" ceuk Anggraeni sanggeus araya di kamar hotel.

"Pangaos standar ti Tante luhur teuing. Upami ku abdi ditawis sakitu teh masih keneh aya di atas harga pasaran tanah di daerah ieu. Ieu kalebet lahan tegal amba nu henteu produktif. Kantenan, upami dipeser ku cukong tanah mah, penawaranana bakal di bawah standar harga normal. Sawios enjing urang nego deui. Nu peryogi mah pe-de-ka-te-na, Tante."

Keur kitu hape disada. Hariweusweus Anggraeni narima.

"Halo...! Oh ti Pa Koswara. Mangga. Sareng Pa Abimanyu we atuh nya?" walon Anggraeni bari mikeun hape ka Abimanyu.

"Wilujeng wengi Pa Kos. Mangga atuh, bade ngintun berita sae mah, diantos pisan. Abdi percanten ka Pa Kos salaku pupuhu desa." Abimanyu nyarita make lentong nu ngalagena, matak ngeunah nu diajak nyarita. Rada lila ngadenge caritaan Pa Koswara.

"Eu...janten kumaha atuh kacindekanana?"

Pa Koswara mere jawaban pasti.

"Iya sip. Informasikeun bae ka masarakat, pembayaran mah minggu ieu oge bakal langsung dilunasan. Taya masalah nanaon. Mangga enjing kinten tabuh sapuluhan urang paheutkeun." Hape dipaehan

"Hasil, Tante...! "ceuk Abimanyu bungah. Teu tahan bakat ku atoh, Anggraeni langsung ngagabrug Abimanyu, dirangkul tipepereket dina sofa. Abimanyu kawalahan. Abimanyu sumerah basa beungeutna digalentoran. Pluk hape murag. (*)

Sambungan ti Bagian 1 Nyambung ka Bagian 3

Ino Misno
Abimanyu Kalangsu (Bagean 2) Abimanyu Kalangsu (Bagean 2) Reviewed by Rupa Sundapura on 11.45 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.