Abimanyu Kalangsu (Bagean 1)

Cinta Arimbi mimiti kokoleaban katebak angin puyuh lilimbuhan. Rasa asih, geugeut, jeung deudeuh nu geus lila maneuh, ayeuna jadi robah. Robah tilu ratus genep puluh darajat. Neuleu ringkang Abimanyu sasatna asa neuleu rengkak danawa nu geus nyasaak hatena, nu geus ngancurkeun harepanana. Teu sangka cinta Abimanyu teh bet ukur pupulasan. Lain cinta sajati. Jangji-jangjina nu kungsi murudul, behna mah bet jadi amburadul. Cinta dijieun kaulinan. Arimbi dijieun cocooan. Buktina, geus bosen mah Arimbi diculjeunkeun. Padahal kurang kumaha kasatiaan Arimbi mah, satia lahir batin. Cintana geus ngajaul ngajul langit. Tepi ka dina hiji mangsa mah Arimbi ngaiklaskeun dirina mikeun kahormatanana. Dapon Abimanyu leuwih yakin, ambeh cinta dirina teu diragukeun deui. Tapi beh na mah ku Abimanyu teu geseh dianggap peremen karet.

Carita Tilu Bagian

Bener ceuk papatah kolot, kade kabandang ku lalaki teh ulah ngan saukur ku kasepna wungkul, ku dedeg pangadegna wungkul, ku caritaanana nu teu weleh amis kareueut atawa legeg lebe rengkak ajengan, gaya niru-niru anak jalma aya. Jigana, eta meh kabeh aya dina diri Abimanyu. Memang diaku ku Arimbi, cintana ka Abimanyu teh kaliwat saking, geus ngaleuwihan wates. Nyatana Abimanyu cala-culu.

Naha atuh aing teh bet titotorosol hayang kapentang asmara ku Abimanyu playboy kampus? Naha atuh aing teh bet geus wani spekulasi dina arena kompetisi cinta hayang meunangkeun Abimanyu. Padahal dunya teh teu sagede batok kalapa. Kuring geus kabengbat ku persaingan cinta nu teu sehat. Kuring geus takabur, dumeh ngarasa agul geus mampu ngaleahkeun hate Abimanyu. Kuring ngalayang ka awang-awang, mapag bagja nu ngan sabengbatan. Diri ngarasa bagja tanwangenan basa awak sakujur dina kaayaan bulucun aya dina rangkulan Abimanyu di kamar hotel. Ayeuna kuring kakara sadar, yen kuring geus nyimpang tina cinta nu hakiki. Arimbi remen nganaha-naha diri sorangan. Arimbi remen ngadakwa kalakuana sorangan dianteur ku cipanon nu ngalembereh. Hate kaaweweanana rajet. Arimbi nyidem kasedih.

"Demi kabebasan Kang Abi, hubungan urang leuwih hade putus. Ti danget ayeuna najis hubungan jeung Kang Abi," ceuk Arimbi ngabudalkeun, katugenah hatena dianteur ku jantungna nu ratug tutunggulan.

"Keheula Rimbi. Sing ngartos!" Abimanyu jiga nu heran.

"Alesan naon bae moal ditarima. Fakta geus ngabuktikeun, Kang Abi micinta Ambarwati. Atraktif pageye-geye duaan di handapeun tangkal camara tukangeun kampus. Selamat. Sudi najis abdi daek neruskeun hubungan jeung Kang Abi!" Arimbi teu mampu nahan kaheneg hatena, kituna teh bari kecoh nyiduh hareupeun Abimanyu.

"Arimbi!" Abimanyu ngajenghok.

Tapi Arimbi teu nolih deui ka Abimanyu, ngincid ka tempat parkir. Abimanyu olohok, teu wani ngudag. Gogodeg. Menta putus? Oke! Gerentes Abimanyu. Lain sedih, tapi hatena surak seunggah.

Arimbi peunggas sumanget, sagala teu puguh. Dahar teu hayang. Kuliah seunggah. Disarekeun teu kaur reup, kalah gulinggasahan. Narah ka luar ti imah. Maca majalah hate angger marudah. Waktu teh loba dipake ngaringkeb di kamar. Gering nangtung ngalanglayung. Nu terus karasa, ceuceubna ka Abimanyu beuki nataku, tapi anehna bet jiga nu hese dipapalerkeunana. Abimanyu angger ngalangkang. Abimanyu remen kokolebatan. Hanjakal manehna teh lungguh tutut, ngabudi ucing.

Dina kaayaan kitu tangtu Ambarwati meunang lolongkrang nu laluasa. Tinekanan mampu ngarebut Abimanyu. Lain pagawean enteng hayang ngagaet Abimanyu teh, tapi meunang satekah polah. Ambarwati ngarasa geus ngetrukkeun mangrewu cara. Lain oge Ambarwati upama teu mampu ngelehkeun Arimbi mah. Kabagjaan Ambarwati mapakan gunung Manglayang. Asih meuhpeuy dina ati. Asmara ngagalura dina dada. Cinta minuhan rasa. Aya ku endah. Endah kacida. Leuwih endah batan baranang bentang di langit. Leuwih endah batan ngemprayna purnama. Leuwih endah batan pamandangan alam pagunungan. Endah mandean buana.

"Kang Abi, naha tos leres putus sareng Arimbi?" tanya Ambarwati kebek ku pangharepan. Socana nu cureuleuk seukeut kana beungeut Abimanyu nu keur anteng maca buku.

"Har...ana kitu mah Ambar teu yakin," walon Abimanyu males neuteup mani leleb anteb. Ambarwati luk tungkul.

"Mangga dihape. Sok taroskeun ka Arimbi!" Abimanyu nutupkeun buku, bus kana tas jean nu geus kuleuheu.

"Teu wararantun teuing...!" Ambarwati nganteur imutna. Amis tiis ngagaris dina biwirna nu ipis semu baseuh. Warna kayas. Mun lila diteuteup matak kerep ngarenghap saban jajaka. Matak gereget. Matak hayang...! Tuda bongan Ambarwati mah boga rupa teh lain geulis pupulasan. "Upami leres teu yakin mah, mangga kantunkeun Kang Abi."

Ambarwati ngadilak. Paadu teuteup.

"Sumpah?"

"Ambar masih keneh percanten kana sumpah jaman ayeuna. Sumpah ayeuna mah sumpah runtah. Lain di ucap lain di hate..."

"Tos, tos ah...," cegat Ambarwati. Imutna angger nyantel.

"Tuda leres jaman ayeuna mah sumpah teh dianggap lalab rumbah..."

"Tos...tos ah ulah diteraskeun. Tong ngobrol serius, mending ngobrol nu enteng-enteng. Tos teu kedah kateterasan, teu nanaon naha alim disumpah mah. Nu peryogi...eu...," tanggah ka langit biru.

"Nu peryogi mah, cinta Kang Abi ngan wungkul ka Ambarwati," Abimanyu nuluykeun kalimah Ambarwati. Duanana nyeukeukeuk, silitepak.

Ambarwati ngarti, ngedalkeun rasa cinta mah lain ku sumpah, lain ukur ku ucap, tapi kudu dibarengan ku sikap. Kapan cenah, jerona laut bisa kateuleuman, tapi jerona leuwi hate moal bisa kakobet. Nu penting mah kudu kumaha ngigelan cinta, sangkan lana. Ngigelan manehna sangkan tetep satia.

Angin kampus ngagilisir, matak seger.

"Ngan nu janten masalah teh, sawangsulna Ambar moal kaduhung berhubungan sareng kang Abi?"

"Maksad Kang Abi?" Malik nanya. Panonna ngaborelak.

"Prospek!" ceuk Abimanyu pondok bari mindahkeun paneuteup tina beungeut Ambarwati ka langit biru nu lenglang.

"Prospek?" Ambarwati neuteup Abimanyu mani imeut, jiga aya hiji hal nu diteangan. Nu diteuteup jiga hare-hare. Sajongjongan Ambarwati nunggu jawaban. Dina kaayaan kitu hayang nyarandekeun awakna ka Abimanyu.

"Prospek Kang Abi sangat suram...," henteu mindahkeun paneuteup.

"Tapi kan dengan kuliah, kita sedang usaha dalam proses menuju masa depan. Nu peryogi, urang terus ngalangkah. Kuliah harus beres."

"Nah disitulah letaknya. Ambar moal uninga, lamun kuliah Kang Abi danget ieu kaancam mandeg."

"Pasti penyebabnya persoalan biaya kan?" Potong Ambarwati.

"Tepat pisan!" ceuk Abimanyu neuteup beungeut Ambarwati.

"Hanya persoalan biaya?"

"Pikeun Kang Abi teu tiasa mung dianggap hanya. Tapi serius. Persoalanana, pun Bapa sudah pensiun. Kang Abi sudah berusaha cari kerja, susahnya setengah mati. Lowongan hanya ada di kolong jembatan. Aya nu kersa nampi, tapi sangat menyita waktu kuliah. Bingung kan?"

"Oh...hanya itu persoalannya?" Ambarwati imut ngagelenyu.

"Buat Kang Abi tidak bisa dianggap hanya. Margi sanes persoalan enteng. Makanya Kang Abi ingin kuliah sambil bekerja."

"Hanya itu? Sudah?" Imut Ambarwati beuki kareueut.

"Lagi-lagi dianggap hanya. Mana mungkin Ambar mau menerima Kang Abi yang prospeknya sangat gelap-gulita."

Ambarwati kalah nyikikik dina paneuteup leleb Abimanyu. Mojang teh aya ku aneh, ngadenge persoalan kasusah batur bet diseungseurikeun.

"Serius, Ambar," ceuk Abimanyu.

"Leres?" langsung nyekel pigeulangan Abimanyu, kalayan marahmay. Abimanyu gogodeg dibarengan ngarenghap leleb.

"Barangkali Ambar bisa ngasih bongbolongan."

"Mau langsung ngasih solusi kanggo Kang Abi."

"Solusi macem naon?"

"Mau bekerja supaya kuliah bisa rengse kan?"

"Ya!"

"Ngelamar ke Ambar!"

"Ambar...Ambar...boro-boro pikeun ngelamar you..."

"Ini mah serius, Kang Abi. Solusi jitu ti Ambar!"

"Wah...tiasa tambih runyam."

"Upami bade resmi sok ngadamel serat lamaran!"

"Serat lamaran naon?" Abimanyu motong kalimah, sabab dianggap heureuy.

"Ya...serat lamaran bekerja."

Sakedapan Abimanyu ukur balem dina paneuteup Ambarwati.

"Fatamorgana...," Abimanyu jiga nyarita keur dirina sorangan.

"Serius, Kang Abi!"

"Gaduh koneksi?"

"Pan abdi koneksina." Pasemon Ambarwati beuki marahmay.

"Sungguhan ini teh Ambar?" tanya Abimanyu teu yakin.

"Asal Kang Abi sungguhan terhadap Am..." Pinuh harep.

"Asal iklas saja berhubungan sama cowok boke. Kang Abi kan dari kalangan keluarga papan bawah."

"Tos lah, Ambar mengerti," ceuk Ambar bari langsung ngabekem Abimanyu ku ramo leungeun katuhu. Lalemes ramona.

"Ayeuna mending ngabengsin heula. Teras urang ka daerah Lembang, tos lami teu ngalayad villa. Kang Abi teu kedah seueur mikir. Oke?"

Abimanyu teu ngawalon, tapi ahirna unggeuk.

Ambarwati bagja kacida, langsung cengkat tina diukna, narik pigeulang Abimanyu. Abimanyu teu nolak basa leungeunna ditarik.

"Mangga ieu koncina," ceuk Ambarwati bari mikeun konci Escudo. Ku Abimanyu langsung disamber.

Nu kasep jeung nu geulis, lir Rama jeung Sinta, sapanjang jalan mani galecok. Geus ti rumah makan mah langsung ngabelesat ka Lembang.

Di hareupeun lawang buruan hiji villa nu cukup linduk, Ambarwati nitah ngeureunkeun mobil. Diklakson tilu kali, aya lalaki kaluar ti garasi mani hariweusweus. Mukakeun panto teralis pakarangan.

"Enden, aya ku tos lami nembe ka dieu deui sapanjang tuang rama saparantosna pupus teh. Tuang Ibu mah, dua minggon kapengker ngendong di dieu teh. Nuju aya dina kamajengan saurna bisnis propertina. Emang ngiring bingah. Nuhun we tiasa neraskeun usaha tuang rama," ceuk Mang Sajum mani rengkuh.

Turun tina mobil Abimanyu ngajak sasalaman ka Mang Sajum.

"Ngiring bingah Aden tos tiasa nyarengan Enden," hormat Mang Sajum nu ti saprak ngadegna villa dipercaya pikeun tunggon. Pakarangan villa teh jukut Hongkongna mani lalening hejo. Warna-warni angkrek marangkak beukah. Ku caritaan Mang Sajum, Abimanyu geus bisa nebak, kolotna Ambarwati teh salasaurang pangusaha jugala di widang properti. Pantes manehna mani enya-enya arek mere pagawean. Ku kitu oge, Abimanyu jadi ngadadak gede hate. Harepan ka hareup mimiti ngelemeng.

Keur nganteur sawangan bari neuteup endahna patamanan, ku Ambarwati teu kanyahoan Abimanyu dijembel pipina. Karasa nyeri tapi mani ni'mat karasana. Jembel romantis meureun pibasaeunana.

"Hayu ka lebet ah. Teu kenging kaku. Ke mulihna urang nyonten," ceuk Ambarwati ngabuleudkeun panonna. Abimanyu nuturkeun ka rohangan utama villa nu meubelerna katut aksesoris rohanganana sarwa artistik.

Di beh tukang villa, kolam pamandian kulawarga caina mani herang ngagenclang. Bangun nu teu ragab deui, Ambarwati ngajak ngojay ka Abimanyu. Abimanyu teu nolak. Teu kaku. Bisi disebut kampungan. Malah Ambarwati bet menta diajaran ngojay sagala. Otel. Suka bungah. Cacak tacan lila hubungan, tapi geus cacap kasugema. Ambarwati bagjana maratan langit.

Sanggeus haranjat ti kolam pamandian, duanana aruplek di kamar. Sagala dicaritakeun. Musik instrumentalia tembang lawas samar-samar marengan ngahirupkeun nuansa romantis. Mang Sajum nundutan di handapeun kanopi, nganteur tunduhna. (*)

Nyambung ka Bagian 2

Ino Misno
Abimanyu Kalangsu (Bagean 1) Abimanyu Kalangsu (Bagean 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 18.13 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.