Kanceuh

Dua poe kuring teu incah ti imah. Katilu poena kakara lunta. Teu puguh nu diseja, niat teh asal incah wae mimiti mah. Tapi tuluyna bet ngedeger nanjak ka beulah kaler.

Carita Pondok

Imeut pisan kuring mapay saurut-urut reureujeungan teh. Pengheulana ngajugjug ka deukeut dungus. Kana gerembel lebah tangkal suren, urut kuring duaan dariuk muru nu iuh. Jumplukan eurih kasampak teh angger keneh. Busikna urut kagirijig jeung ayeuh rebahna tapak ngadiukan, tacan robah.

Kawung nu nungku, rajeg dina biwir gawir, oge teu pangling. Komo ka bungkul nu geus pugur mah. Angger keneh wae ngalegenceng nunjuk langit, waruga kawas rorongkong ngajega! Ngan ka nu jeunah kuring rada kalinglap teh, anu beh lebak. Teges bener ayeuna mah kana kaayaanana teh. Nu mulus sampulur, leungeunna keur meujeuhna beuneur, naleuhneur sedeng manjing dibukaan teh, manahoreng geus aya tapak ngagadabah. Nu sabeulah leungeunna geus eumeur urut nu ninggur. Malah nu sabeulah deui mah tapak magas.

Ari ka nu linduk handapeun tangkal angsana, kuring kagagas teh ras waktu dibetahkeun ku manehna. Da geus asak pasini rek papanggih lebah dinya harita teh. Saha wae nu heula datang, kudu ngadagoan. Atuh kuring oge terus ngajentul wae.

Manahoreng manehna geus leuwih tiheula datangna, ngan tuluy nyalingker di nu singkur, barang nenjo rentang-rentang kuring datang teh. Terus ngintip kuring nu mimiti lieuk beuheung sosonggeteun, nyangka manehna can datang, mangkaning geus liwat waktuna nurutkeun jangji mah.

Ngan sajongjongan kuring ngajanteng lebah dinya teh. Da nyaho ayeuna mah euweuh arep-arepeun. Teu aya nu didagoan ayeuna mah, nu meunang pasini cara harita. Atuh nu bakal ngabetahkeun oge moal aya ayeuna mah.

Sajeroning lunta teh rarasaan mah keukeuh asa duaan. Keur pipindahan ngudag-ngudag kalangkang tangkal camara, ngarah iuh.

Gelewer urut kuring jeung manehna seseleket. Lebah urut kuring duaan papuntang-puntang bari meh-meh tisorodot ka lebak, ngahaja ku kuring disorang deui. Malah terus nanjak nepi ka datarna, reureuh di nu iuh, urut kuring duaan nyawang ka sawah jeung cai nyurug ka walungan.

Araya keneh jeung alangger keneh bae kabeh oge. Aranteng di satempat-tempatna, teu parindah pileumpangan, teu arincah balilahan. Bangun nu sabar, ngadagoan kuring datang deui babarengan.

Solokan oge, urut kuring jeung manehna meuntas ngaraas bari silih cekelan, angger lungsur-langsar keneh wae ngocorna teh. Mana komo cara cukang awina mah. Awi tali tilu direndengkeun. Angger keneh wae ngagoler, namprak-tumamprak, kawas nu ridoeun pisan dipake titincakan teh. Malah bangun nu ngarasa bagja nyorang ditincak ku manehna mah. Mangkaning didampal pibasaeunana teh, da kelom geulisna mah harita teh teu milu napak, paureun tisoledat.

Jukut kitu keneh. Tangkal eta keneh. Cukang jeung susukan, gawir jeung galewer, eta-eta keneh. Tapi srekna kana hulu angen kuring, asa sagala lain, sagala salin. Lain nu basa kapanggih, disorang jeung disawang babarengan.

Jukut teu empuk deui. Kungsi maksakeun oge kuring diuk, kalah asa retep jeung asa rukap carucukan. Nu ariuh, nu lalinduk, anggur nambahan sarundek karasana teh. Anu plung-plong caraang oge, kalah ngahudang lewang bayeungyang puyang-payengan.

Kaharti ari kitu tea mah, puguh lain eta nu diarah.

Kuring asruk-asrukan teh lain kangen ka maranehanana. Lain, tapi saukur arek nanyakeun. Rek mapay raratan, sugan nyarahoeun ka mana losna manehna. Atawa ka lebah mana ngilesna, manehna, nu diteangan ku kuring.

Jukut urut andiprekna, emok bari ngajambretan pucuk tatambagan, gelewer nu dipake seseleketna, solokan nu diancrubanana, cukang urut meuntasna, kabeh ku kuring ditalek. Dihantem dilelekan, sugan aya nu bisa mere raratan. Tapi hiji oge taya nu bisa ngajawab, henteu nembalan ditanya teh, balem kabeh.

Kokoloyongan, kokotetengan. Moal boa mun aya nu nyerangkeun mah, kawas Si Tumang leungiteun panutan, polah kuring teh. Atawa cara budak leuleungiteun, keur dihantem diteangan. Ku apik-apikna, mani ngan sirikna teu unggal kalakay salambar-salambar disingkaban. Dikorehan, bari dijampean, "nyusup mubuy, marangpang numpang".

Sakumaha lelembutan nu nyusup, piraku henteu katimu, lamun cara kitu peta neanganana mah. Sakumaha leutikna nu leungit, sageuy henteu kapanggih, umpama kitu ngotektakna mah. Cara prak-prakan kuring harita.

Tapi, nu dicukcruk ku kuring leuwih lembut ti tungtung jarum. Kuring leungiteun nu leuwih leutik ti eta. Manehna!

Panasaran, bisi nyumput handapeun kalapa ciung, ku kuring diteang. Leuwih ditalengteng. Leuwih dilelekan. Nepi ka dieleketek, dirampaan sela-sela palapahna, weleh teu daek waleh.

Mutuhna pisan, kuring kurulang-kuriling teh bari boga rasa manehna ngaheureuyan. Nyumput nyalindung, nyalingker nyerangkeun kuring, cara basa keur ngadagoan handapeun angsana tea.

Wuri-wuri nu leungit terus ngilesna. Nu diteangan terus musnana.

Ceuk tadi, asa moal kamana losna, da tetela di dinya basa babarengan teh. Tetela harita aya. Puguh jentul wujudna. Sidik jirim jinisna. Cara puguhna jentul kuring anu marengan manehna. Tapi dihantem diteangan, weleh teu kapanggih.

Sanggeus ngahuleng-ngajanteng duka sabaraha jongjongan, kuring ngusap beungeut bari istigfar, nyamahan maneh.

Pantes atuh. Sarebu kali dikotektak dikorehan oge, piraku kapanggih nu leungit teh. Da nu diteangan ku kuring mah lain nyumput dina rungkun, lain leungit di nu buni, lain musna di nu bala. Euweuh henteu kapisah ku jauh, teu kahalangan ku anggang, da nyalingker dina geter angen kuring sorangan. Nyumput nyalindungna dina tungtung jajantung kuring.

Atuh puguh wae, najan los kamana oge kuring neangan manehna, piraku kapanggih. Da nu diteangan kapindingan jirim kuring, nu neangan.

Atawa...teu leungit teu sing saenyana mah. Da eta mah angger aya. Tetep renggenek, anteng manteng dina geter angen kuring. Geus jadi milik kuring nu mutlak, ti barang kuring papanggih jeung manehna. Geus pada-pada ikrar rek silih pibanda.

Ti harita nepi ka ayeuna, eta mah geus pageuh maneuh, ngageugeuh di galeuh deudeuh, nyakrawati dina sanubari kuring, ngahirupan mamaras rasa.

Moal aya anu wani nyisikudi, sumawonna ngaganggu ngaharu biru. Da ngancik dina hakna bawa ngajadi, di kuring, lain di nu lian.

Leungiteun soteh kuring mah ku kurung raga badagna. Sidik eta mah leungit, da dipibanda ku nu lian, nu boga hak nurutkeun hukum. (*)


Syarif Amin

Catetan:

  • Lunta : nyaba, indit ninggalkeun imah jeung lembur.
  • Jeunah : kawung nu mimiti disadap.
  • Géléwér : gawir meueusan, taneuh nu rada bahé ka sisi walungan.
  • Linduk : teu kaanginan, atawa iuh.
  • Ngaraas : meuntas walungan lebah nu déét.
  • Rétép : ateul sarta rada panas di sababaraha bagéan awak.
  • Sarundek, sundek : handap matak tidagor sirah.
  • Lewang : ngarasa inggis.
  • Dilelekan : nanya enya-enya supaya daékeun ngajawab.
  • Nyérangkeun : ngawaskeun ti kajauhan.
  • Sageuy : piraku.
  • Waléh : wakca, ngedalkeun maksud.
  • Mutuh : kacida.
  • Wuri-wuri : ari ahirna.
  • Nyamahan, camah : ngusap beungeut ku dampal leungeun.

Kanceuh Kanceuh Reviewed by Rupa Sundapura on 23.19 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.