Gagak Jadi Hideung
Jaman baheula aya oray sanca keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna beulah dieu dibeulitkeun kana pancuh tambakan. Awakna malang dina balong tea, tuluy diayunkeun. Geblok, geblok we caina ditawu, cara nawu ku gobang panjang.
Teu pati lila oge balong teh geus rek meh saat. Laukna geus tingkocopok rea naker, sawareh mah tinggolepak di nu saat.
Jol datang gagak ka dinya. Harita mah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok bae lauk teh dipacokan, nepi ka meh beak lauk anu baradagna mah.
Ku oray sanca katenjoeun gagak malingan lauk, geuwat digeunggeureuhkeun, tapi gagak teh jongjon bae, malah beuki ngahajakeun. Atuh oray teh ambek, sebrut bae diudag. Gagak teh hiber. Ku oray haben diobrot. Gagak teh bingung da dibeberik bae, sieueuneun katewak. Kabeneran manggih nu keur neuleum, gebrus bae gagak teh nyelupkeun maneh kana jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng. Barang jol oray sanca panglingeun, da jadi hideung lestreng.
Ceuk oray sanca, "Mahluk hideung, sampean henteu manggih gagak bieu ka dieu?"
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieuneun katara, "Engga, gaaa!"
Tah kitu sasakalana nu matak gagak buluna hideung meles, sarta disadana, "Gaaa, gaaak! (*)