Wangun Kecap

Pangajaran Basa Sunda

A. Kecap Asal

Perhatikeun conto kalimah di handap!

  1. Kuring balik sakola.
  2. Abdi bade wangsul ayeuna.

Upama ku urang dititénan, kalimah-kalimah di luhur téh diwangun ku kecap asal wungkul. Kecap asal, disebut ogé wangun asal, nyaéta kecap dasar, lain mangrupa hasil prosés morfologis.

Naon ari prosés morfologis?

Prosés morfologis basa Sunda téh nyaéta prosés nu ngahasilkeun kecap turunan (kata jadian) ku cara:

  • Ngararangkénan, anu hasilna disebut kecap rundayan.
  • Ngarajék, anu hasilna disebut kecap rajékan.
  • Ngantétkeun, anu hasilna disebut kecap kantétan.

Pikeun nganyahokeun hiji kecap téh mangrupa hasil prosés morfologis atawa lain, urang kudu nyaho heula kana ciri-cirina.

Ciri-ciri prosés morfologis téh, di antarana:

  1. Wangun kecapna robah, tina kecap dasar jadi kecap turunan.
  2. Warna kecapna robah, upamana baé tina kecap barang jadi kecap pagawéan.
  3. Mibanda harti anyar.
  4. Mibanda fungsi ngawangun warna kecap.

Upama baé kecap dahar. Éta téh kecap asal. Sanggeus ngaliwatan prosés morfologis ku cara dirarangkénan ku rarangkén tukang -eun jadi dahareun. Wangun kecapna robah, tina kecap asal jadi kecap rundayan. Warna kecapna robah, tina kecap pagawéan jadi kecap barang. Hartina ogé robah deui, tina "ngeusian beuteung ku kadaharan" jadi "anu rék atawa didahar", tur mibanda fungsi ngawangun (warna) kecap barang.

Dina pedaran tadi, aya istilah kecap asal (wangun asal) jeung kecap dasar (wangun dasar). Tadi ogé geus disebutkeun, yén kecap asal teh nyaéta kecap dasar anu lain mangrupa proses morfologis. Kecap asal bisa jadi dadasar pikeun ngawangun kecap anyar ku cara dirarangkénan, dirajék, dikantétkeun. Lebah dieu sarua jeung kecap dasar (wangun dasar). Bédana, kecap dasar mah bisa mangrupa kecap hasil prosés morfologis. Bisa mangrupa kecap rundayan, kecap rajékan, atawa kecap kantétan. Jadi bisa disebutkeun kieu: sakabéh kecap asal mangrupa kecap dasar, tapi henteu sakabéh kecap asal mangrupa kecap dasar, tapi henteu sakabéh kecap dasar mangrupa kecap asal.

Contona kecap kadaharanana. Wangun dasarna kecap kadaharan, ari kecap asalna dahar. Kecap ditampilingan, wangun dasarna ditampiling, ari kecap asalna tampiling.

Sangkan leuwih tétéla, tengetan bagan di handap!

Kadaharanana
|
kadaharan -ana
|
kadahar -an
|
ka- dahar

Kecap kadaharanana wangun dasarna kadaharan, make rarangkén tukang -ana (alomorf tina rarangkén -na). Kecap kadaharan wangun dasarna kadahar, diterapkeun rarangkén -an. Kecap kadahar wangun dasarna dahar, ditapelan rarangkén ka-. Ari kecap dahar mangrupa kecap asal.

Minangka conto, tengetan wincikan di handap!

  • Katincakan
    Kecap asal: tincak
    Wangun dasar: katincak
  • Dipangmawakeun
    Kecap asal: bawa
    Wangun dasar: pangmawakeun
  • Kababawa
    Kecap asal: bawa
    Wangun dasar: kabawa
  • Dibulak-balik
    Kecap asal: balik
    Wangun dasar: bulak-balik

B. Kecap Rundayan

Kecap rundayan téh nyaéta kecap anu wangun dasarna geus dirarangkénan. Rarangkén dina basa Sunda téh kabéhanana aya opat, nyaéta: rarangkén hareup (afiks atawa awalan), rarangkén tengah (infiks atawa sisipan), rarangkén tukang (sufiks atawa akhiran), jeung rarangkén barung (konfiks).

Disawang tina jumlah engangna, kecap asal dina basa Sunda aya nu mibanda sifat:

  1. Eka-engang, nyaéta anu diwangun ku saengang. Contona: sok, jung, rék, blug, keur, bras.
  2. Dwi-engang, nyaéta anu diwangun ku tilu engang. Contona: saré, bapa, cau, banjir, congkrang.
  3. Tri-engang, nyaéta anu diwangun ku tilu engang. Contona: boboko, biasa, lalaki, awéwé, anjeucleu, solongkrong.
  4. Catur-engang, nyaéta anu diwangun ku opat engang. Contona: amburadul, sologoto, bibilintik, itikurih, marojéngja.
  5. Panca-engang, nyaéta anu diwangun ku lima engang. Contona: élékésékéng, bélékétépé, balagadigdeug, murukusunu, mérékényényén.
  • Rarangkén Hareup

    Rarangkén hareup nyaéta rarangkén anu ngantét hareupeun wangun dasarna. Rarangkén hareup dina basa Sunda nyaéta: ba-, barang-, di-, ka-, N-, pa-, pada-, pang-, para-, per-, pi-, sa-, sang-, si-, silih/sili-, ti-, ting/pating-.

    • Rarangkén Hareup ba-

      Conto kecap dina kalimah:

      "Pa Haji Rahmat milu bajoang ngarebut kamerdékaan."

      Gunana rarangkén hareup ba- pikeun ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngalakukeun'.

      Conto séjénna: balayar, badarat, barempug.

    • Rarangkén Hareup barang-

      "Kuring mah ka dieu téh lain rék barangpénta."

      Gunana rarangkén hareup barang- ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngalakukeun pagawéan anu teu tangtu atawa teu puguh objékna’.

      Conto séjénna: barangbeuli, baranginjeum, barangdahar.

    • Rarangkén Hareup di-

      Guna jeung harti rarangkén hareup di-, di antarana:

      1. "Poé ieu mah kuring rék digawé nepi ka peuting."

      Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawean (aktif) nu hartina 'ngalakukeun'.

      Conto séjénna: diajar, didamel.

      2. "Lamun rék ka masjid kudu dikopéah atuh."

      Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'maké'.

      Conto séjénna: dibaju, dikabaya, disapatu, didasi.

      3. "Pepetasan téh geuning henteu disada."

      Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngaluarkeun'.

      4. "Buku téh geus dibaca ku kuring."

      Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina 'kakeunaan pagawéan'.

      Conto séjénna: dibilang, dibawa, dicokot, dikorupsi.

      5. "Ban mobil téh kempés, kudu dikompa heula."

      Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina 'kakeunaan pagawéan ku/make'.

      Conto séjénna: didongkrak, dibuldoser, disugu, dipacul.

      6. "Lamun leuweung diruksak tangtu bakal aya akibatna."

      Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina 'dijieun jadi'.

      Conto séjénna: dijebol, dibentuk, dibeureun (saperti dina babasan rék dibeureum, rék dihideung).

      7. "Guru mah geus sakuduna dihormat."

      Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina 'dibere'.

      Conto séjénna: dipeunteun, dihampura.

    • Rarangkén Hareup ka-

      Guna jeung hartina rarangkén hareup ka-, di antarana:

      1. "Loték Bi Encum kajojo ku urang mana-mendi."

      Rarankén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina 'kakeunaan ku pagawéan di-'.

      Conto séjénna: kagiridig.

      2. "Rujak téh geuning henteu karasa ladana."

      Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina 'bisa di-...-keun'.

      Conto séjénna: kagambar, kabayang.

      3. "Babawaan téh moal bias kabawa kabéh."

      Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina 'bisa di-'.

      Conto séjénna: kaangkut, kasawang, kairong.

      4. "Hayam jago Mang Iyas kagéléng mobil."

      Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina 'teu dihaja di-'.

      Conto séjénna: katincak, katoél, katubruk, kapacul.

      5. "Rumasa kuring mah jalma euweuh kanyaho."

      Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'hal anu patali jeung'.

      Conto séjénna: kabisa, kamampuh, kasakit.

      6. "Abdi mah teu acan gaduh kabogoh, margi sakola kénéh."

      Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'hal anu dipi-'.

      Conto séjénna: kahayang, kaasih, kanyaah.

      7. "Manehna téh kapélét ku Néng Elis urang Buah Batu."

      Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'kakeunaan ku'.

      Conto séjénna: kagendam, kaduyung.

      8. "Jang Somad jadi unggul kahiji saémbara ngarang puisi."

      Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap bilangan nu hartina 'tahapan atawa bagian'.

      Conto séjénna: kadua, katilu, kasapuluh.

    • Rarangkén Hareup N- (nasal)

      Rarangkén hareup N- mibanda alomorf (variasi) m-, n-, ng-, nga-, nge-, jeung ny-.

      • Rarangkén N- robah jadi m- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan b jeung p.

        Contona:
        baca + N- » maca
        pacul + N- » macul
        .

      • Rarangkén N- robah jadi n- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan t.

        Contona:
        tulis + N- » nulis
        tanya + N- » nanya
        .

      • Rarangkén N- robah jadi ng- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan k jeung vokal.

        Contona:
        karang + N- » ngarang
        aku + N- » ngaku
        .

      • Rarangkén N- robah jadi nga- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan b, d, g, h, j, l, m, n, w, jeung y.

        Contona:

        badug + N- » ngabadug
        dulag + N- » ngadulag
        golér + N- » ngagolér
        hampas + N- » ngahampas
        juru + N- » ngajuru
        liang + N- » ngaliang
        ma’lum + N- » ngama’lum
        riung + N- » ngariung
        wadul + N- » ngawadul
        yuga + N- » ngayuga

      • Rarangkén N- robah jadi nge- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan sarta ngan saengang.

        Contona:
        cét + N- » ngecét
        bor + N- » ngebor
        .

      • Rarangkén N- robah jadi ny- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan c jeung s.

        Contona:
        colok + N- » nyolok
        sapih + N- » nyapih
        .

      Guna jeung harti rarangkén N- di antarana:

      1. "Ayeuna urang sami-sami ngadu'a ka Gusti Alloh."

      Rarangkén N- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngedalkeun'.

      Conto séjénna: ngadongéng, nyarita, nyora.

      2. "Kuring keur maca novel basa Sunda."

      Rarangkén N- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngalakukeun pagawéan'.

      Conto séjénna: nginum, ngigel, ngaji, masak.

      3. "Mang Joni keur ngawuluku di sawah."

      Rarangkén N- dina kecap ngawuluku gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngalakukeun pagawéan ku/maké'.

      Conto séjénna: nyugu, ngecrik, ngarit, ngabuldoser.

      4. "Manéna téh kungsi masantrén di Tasik."

      Rarangkén N- dina kecap masantrén gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngalakukeun di'.

      Conto séjénna: masar, ngaranca, ngebon, nyawah, ngahuma.

      5. "Kuring ngarasa bungah manéh geus lulus ujian."

      Rarangkén N- dina kecap ngarasa gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'boga'.

      Conto séjénna: ngaraos.

      6. "Geus sakuduna urang ngabdi ka nagara jeung bangsa."

      Rarangkén N- dina kecap ngabdi gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'milampah saperti'.

      Conto séjénna: ngawula, ngajag.

      7. "Bu Tati keur meunteun hasil ulangan kelas dua."

      Rarangkén N- dina kecap meunteun gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'méré'.

      Conto séjénna: ngahampura, ngahormat, ngama’lum.

      8. "Néng Azka geus pinter ngagambar."

      Rarangkén N- dina kecap ngagambar gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'nyieun'.

      Conto séjénna: nyayur, nyambel, ngabordél, nyulam.

      9. "Pa Rahmat nuju ngalayung di tepas bumina."

      Rarangkén N- dina kecap ngalayung gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngalakukeun dina waktu'.

      Conto séjénna: nyubuh, moyan, meuting.

      10. "Budak téh gawéna ngan ngaruksak cocooan baé."

      Rarangkén N- dina kecap ngaruksak gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'nyieun jadi'.

      Conto séjénna: meulah, ngalebur.

      11. "Ulah sok ngahina ke jelema téh."

      Rarangkén N- dina kecap ngahina gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'nganggap'.

      Conto séjénna: ngahampas, nyatru.

      12. "Basa kuring datang manéhna keur ngagolér dina dipan."

      Rarangkén N- dina kecap ngagolér gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'aya dina kaayaan'.

      Conto séjénna: ngadayagdag, ngabaheuhay, ngedeng.

      13. "Ceu Purma keur ngabaso di alun-alun."

      Rarangkén N- dina kecap ngabaso gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'dahar/nginum'.

      Conto séjénna: nyirop, nyoto, ngopi, ngemih.

      14. "Ari solat téh kudu ngiblat."

      Rarangkén N- dina kecap ngiblat gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'nyanghareup/ngajugjug ka'.

      Conto séjénna: ngalér, ngidul, ngétan, ngulon.

      15. "Di luar anjing ngagogog mani ragég."

      Rarangkén N- dina kecap ngagogog gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngaluarkeun sora'.

      Conto séjénna: ngagaur, ngahiem, ngabérélé, ngahahah, ngorosok.

      16. "Lebah dinya mah jalanna ngolécér."

      Rarangkén N- dina kecap ngolécér gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'kaayan saperti'.

      Conto séjénna: nyagak, mayung, nanjeur.

      17. "Abong seniman, imahna ogé nyeni."

      Rarangkén N- dina kecap nyeni gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'boga sipat'.

      Conto séjénna: nyéntrik, ngedul, ngota.

    • Rarangkén Hareup pa-

      Guna jeung harti rarangkén hareup pa-, di antarana:

      1. "Bapa kuring mah patani."

      Rarangkén pa- dina kecap patani gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'nu biasa/pacabakanana'.

      Conto séjénna: padagang, pamayang.

      2. "Ayeuna manéhna jadi patugas kaamanan di palabuan."

      Rarangkén pa- dina kecap patugas gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'anu ngalakukeun'.

      Conto séjénna: pagawé, pajoang, patandang, pamingpin

      3. "Upami teu aya paudur abdi ogé badé dongkap."

      Rarangkén pa- dina kecap paudur gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'anu jadi'.

      4. "Kuring teu mawa panakol kohkol."

      Rarangkén pa- dina kecap panakol gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'alat/nu dipake'.

      Conto séjénna: paneunggeul, pangajul, pamupus.

      5. "Kuring papisah jeung manéhna téh di Pintusinga."

      Rarangkén pa- dina kecap papisah gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'aya dina kaayaan'.

      Conto séjénna: pagalo, paribut, paantel.

      6. "Geus lila kuring teu patanya jeung manéhna téh."

      Rarangkén pa- dina kecap patanya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'pabales-bales/silih'.

    • Rarangkén Hareup pada-

      Guna jeung hari rarangkén hareup pada-, di antarana:

      1. "Bangsat téh padangepung ku urang Buah Batu."

      Rarangkén pada- dina kecap padangepung gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina 'loba kakeunaan ku pagawéan'.

      Conto séjénna: padanyiwit, padamelong, padamoro.

      2. "Adi lanceuk padadagang kaén di Pasar Baru."

      Rarangkén pada- dina kecap padadagang gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'sarua'.

      Conto séjénna: padadaék, padausaha.

      3. "Pérsib jeung Bandung Raya mah padakuat atuh."

      Rarangkén pada- dina kecap padakuat gunana ngawangun kecap sipat anu hartina 'sarua'.

      Conto séjénna: padabeunghar, padageulis.

    • Rarangkén Hareup para-

      "Parasiswa kudu meuli buku basa Sunda."

      Rarangkén para- gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'loba/sakabéh'.

      Conto séjénna: paraguru, paramitra, parabapa, parasadérék.

    • Rarangkén Hareup per-

      Rarangkén hareup per- mibanda guna jeung harti, di antarana:

      1. "Manuk galudra téh perlambang gagah sakti."

      Rarangkén per- dina kecap perlambang gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'anu jadi'.

      2. "Perbawa loba duit sok hayang sagala dibeuli."

      Rarangkén per- dina kecap perbawa gunana ngawangun kecap sifat nu hartina ’hal anu dibawa ti lahir. ’

      Conto séjénna: perwatak.

    • Rarangkén Hareup pi-

      Guna jeung harti rarangkén hareup pi-, di antarana:

      1. "Ménta pituduh mah ka Gusti Alloh atuh."

      Rarangkén pi- dina kecap pituduh gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'nu dijieun'.

      Conto séjénna: piwuruk, piwejang, piwulang.

      2. "Kuring maké jam tangan dina pigeulang."

      Rarangkén pi- dina kecap pigeulang gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'tempat'.

      Conto séjénna: piruhak.

      3. "Mang Asep keur masang pitapak di leuweung."

      Rarangkén pi- dina kecap pitapak gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'alat/pakakas'.

      4. "Geura pigawé atuh PR téh ambéh téréh anggeus!"

      Rarangkén pi- dina kecap pigawé gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'nitah ngalakukeun'.

      Conto séjénna: pidamel.

      5. "Sugan téh Néng Dési teu piduit."

      Rarangkén pi- dina kecap piduit gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'resep kana/ka'.

      Conto séjénna: pidunya, piindung.

    • Rarangkén Hareup sa-

      Guna jeung harti rarangkén hareup sa-, di antarana:

      1. "Néng Azka mah sarupa pisan jeung indungna."

      Rarangkén sa- dina sarupa gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'sarua...-na'.

      Conto séjénna: samodél, sawarna.

      2. "Lauk saramo ku opatan, atuh moal seubeuh."

      Rarangkén sa- dina saramo gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'sagede'.

      3. "Balong téh jerona ngan sacangkéng."

      Rarangkén sa- dina sacangkéng gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'semet/nepi kana/ka'.

      Conto séjénna: sadada, sapingping, sabeuheung.

      4. "Manehna nulis dina kertas salambar."

      Rarangkén sa- dina salambar gunana ngawangun kecap bilangan nu hartina 'hiji'.

      Conto séjénna: sagandu, sakilo, saleunjeur.

      5. "Samemeh indit ka sakola, kuring sasarap heula."

      Rarangkén sa- dina samemeh gunana ngawangun kecap pancén nu hartina 'nuduhkeun waktu'.

      Conto séjénna: sabada, saencan.

    • Rarangkén Hareup sang-

      Rarangkén hareup sang- gunana ngawangun cakal anu hartina 'aya dina kaayaan'. Contona: sanghulu, sangigir, jeung sanghareup. Éta kecap téh baris mibanda harti tur bisa madeg mandiri upama saenggeus ngaliwatan proses morfologis deui. Upamana waé dirarangkénan ku rarangkén N-, jadi, nyanghulu, nyanghareup. Tangtu wé, hartina ogé jadi rubah.

    • Rarangkén Hareup si-

      Guna jeung harti rarangkén hareup si- di antarana:

      1. "Kuring dititah sideku ku manéhna."

      Rarangkén si- dina kecap sideku gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngalakukeun'.

      Conto séjénna: sidakep.

      2. "Isuk-isuk téh kudu mandi, ulah sibeungeut wungkul."

      Rarangkén si- dina kecap sibeungeut gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'migawé keur sorangan'.

      Conto séjénna: sidéang

    • Rarangkén Hareup silih-

      Rarangkén hareup silih- boga alomorf sili- jeung pili-.

      Guna jeung hartina:

      "Kang Jaja jeung Mang Juhe silihpelong."

      Rarangkén silih- gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'pabales-bales'.

      Conto séjénna: silihteunggeul atawa siliteunggeul, silihtajong atawa silitajong, silihgenti atawa siligenti.

    • Rarangkén Hareup ti-

      Guna jeung harti rarangkén hareup ti- di antarana:

      1. "Amir titajong kana batu."

      Rarangkén ti- dina kecap titajong gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'kalakuan teu kahaja'.

      Conto séjénna: tidagor, tijalikeuh.

      2. "Di Lebakjero aya treuk tibalik."

      Rarangkén ti- dina kecap tibalik gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'aya dina kaayaan'.

      Conto séjénna: titeuleum.

    • Rarangkén Hareup ting/pating-

      Rarangkén hareup ting- mibanda alomorf pating-, nu guna jeung hartina sarua.

      Guna jeung harti rarangkén ting-, di antarana:

      1. "Barudak awéwé tinggerendeng di juru."

      Rarangkén ting- dina kecap tinggerendeng gunana ngawangun kecap pagawean (aktif) nu hartina 'loba anu ngalakukeun'.

      Conto séjénna: tinggorowok, tingcikikik, tingcéréwét.

      2. "Lampu-lampu katénjona ti kajauhan tingkaretip."

      Rarangkén ting- dina kecap tingkaretip gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'loba jeung tuluy-tumuluy atawa bareng dina kaayaan'.

      Conto séjénna: tingsérédét, tingburinyay.

  • Rarangkén Tengah

    Rarangkén tengah nyaéta rarangkén anu diselapkeun kana wangun dasar kecapna. Rarangkén tengah dina basa Sunda aya tilu nyaéta -ar-, -um-, jeung -in-.

    • Rarangkén Tengah -ar-

      Rarangkén tengah -ar- mibanda alomorf: -al-, -ar-, jeung ra-

      • Rarangkén tengah -ar- robah jadi -al-, upama:

        1. Wangun dasarna dimimitian ku konsonsn l.

        Contona:

        lieur + -ar- » lalieur
        leuleus + -ar- » laleuleus

        2. Wangun dasarna ditungtungan ku konsonan r.

        Contona:

        bageur + -ar- » balageur
        pinter + -ar- » palinter

        3. Wangun dasarna mibanda engang nu ngandung konsonan gabung (kluster) br, tr, cr, kr, pr, jr, jeung dr.

        Contona:

        kémpréng + -ar- » kalémpréng
        gombrang + -ar- » galombrang

      • Rarangkén tengah -ar- robah jadi -ar- upama wangun dasarna dimimitian ku vokal.

        Contona:

        asup + -ar- » arasup
        ulin + -ar- » arulin

      • Rarangkén tengah -ar- robah jadi -ra- upama wangun dasarna ngan saengang sarta dimimitian ku konsonan.

        Contona:

        cleng + -ar- » racleng
        beng + -ar- » rabeng

      Guna jeung harti rarangkén tengah -ar- di antarana:

      1. "Barudak keur arulin di buruan."

      Rarangkén -ar- dina kecap barudak gunana ngawangun kecap barang anu hartina 'loba'.

      2. "Nu rék rapat téh geuning can daratang."

      Rarangkén -ar- dina kecap daratang gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'loba nu ngalakukeun'.

      Conto séjénna: baralik, arulin, dalahar, sararé.

      3. "Méh kabéh nu datang ka dieu nalaksir ka Neng Elis."

      Rarangkén -ar- dina kecap nalaksir gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'loba ngalakukeun ka/kana'.

      Conto séjénna: nyariwit, nyarium.

      4. "Abdi mah nuju rarépot, nu mawi moal tiasa dongkap."

      Rarangkén -ar- dina kecap rarépot gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'aya dina kaayaan terus-terusan'.

      Conto séjénna: nyareri, rarieut, laleuleus.

      5. "Di Jatiluhur mah lauk teh paraéh kabéh."

      Rarangkén -ar- dina kecap paraéh gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'loba dina kaayaan'.

      Conto séjénna: baruruk, garoréng, garede, parait.

    • Rarangken Tengah -in-

      Guna jeung harti rarangkén tengah -in-, di antarana:

      1. "Sagala rupa ogé kudu aya perjanjian tinulis."

      Rarangkén -in-, dina kecap tinulis gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina 'geus kakeunaan ku'.

      Conto séjénna: sinerat, ginanjar.

      2. "Mudah-mudahan hidep sing pinanggih jeung kabagjaan."

      Rarangkén -in-, dina kecap pinanggih gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'aya dina kaayaan'.

      Conto séjénna: tinemu.

      3. "Prabu Yudistira téh kawéntar raja sinatria."

      Rarangkén -in-, dina kecap sinatria gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'boga sipat'.

      Conto séjénna: pinandita.

      4. "Upami aya waktos, tinangtos abdi ogé dongkap."

      Rarangkén -in-, dina kecap tinangtos gunana ngawangun pancén nu mangrupa 'mamanis'.

      Conto séjénna: sinareng.

    • Rarangkén Tengah -um-

      Rarangkén tengah -um- mibanda alomorf -um, upama wangun dasarna dimimitian ku vokal (aksara hirup).

      Contona:

      amis + -um- » umamis
      aing + -um- = umaing

      Guna jeung hartina, di antarana:

      1. "Saméméh lumampah téh kudu dirarancang heula."

      Rarangkén -um-, dina kecap lumampah gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngalakukeun'.

      Conto séjénna: lumaku, sumujud.

      2. "Ayeuna kuring téh keur kumawula ka Haji Rendi."

      Rarangkén -um-, dina kecap kumawula gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngalakukeun pagawéan salaku'.

      3. "Urang téh teu hadé gumantung waé ka kolot."

      Rarangkén -um-, dina kecap gumantung gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'dina kaayaan'.

      Conto séjénna: gumulung, tumamprak, sumerah.

      4. "Manéhna datang ka dieu bari lumengis."

      Rarangkén -um-, dina kecap lumengis gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina 'ngalakukeun tuluy-tumuluy/remen'.

      Conto séjénna: rumahuh, jumerit, sumegruk.

      5. "Gedang téh geuning geus gumading."

      Rarangkén -um-, dina kecap gumading gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'boga sipat/sapert'.

      Conto séjénna: humaseum, lumého, kumincir, umamis.

      6. "Kuring mah teu resep ka awéwé nu gumeulis téh."

      Rarangkén -um-, dina kecap gumeulis gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'boga rasa/kalakuan saperti nu'.

      Conto séjénna: umaing, gumede, gumasep.

      7. "Kuring mah teu rumasa salah."

      Rarangkén -um-, dina kecap rumasa gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'boga'.

  • Rarangkén Tukang

    Rarangkén tukang nyaéta rarangkén anu ngantét tukangeun wangun dasarna. Rarangkén tukang dina basa Sunda di antarana: -an, -eun, -ing/ning, -keun, jeung -na.

    • Rarangkén Tukang -an

      Guna jeung harti rarangkén tukang -an, di antarana:

      1. "Kamari kuring ngaliwat ka sakolaan Téh Azka."

      Rarangkén -an dina kecap sakolaan gunana ngawangun kecap barang anu hartina 'tempat'.

      Conto séjénna: kuburan.

      2. "Tah ieu puisi téh karangan Jang Adud."

      Rarangkén -an dina kecap karangan gunana ngawangun kecap barang anu hartina 'hasil'.

      Conto séjénna: tulisan, catetan, paisan.

      3. "Dagangan kuring mah geus payu kabeh."

      Rarangkén -an dina kecap dagangan gunana ngawangun kecap barang anu hartina 'anu di...-keun'.

      Conto séjénna: omongan, caritaan.

      4. "Jang, nginjeum kiloan sakeudeung ka Mang Qomar!"

      Rarangkén -an dina kecap kiloan gunana ngawangun kecap barang anu hartina 'parabot/nu dipake'.

      Conto séjénna: méteran, takeran, timbangan.

      5. "Ambéh téréh mah urang ngaloték atahan baé."

      Rarangkén -an dina kecap atahan gunana ngawangun kecap barang anu hartina 'boga sipat'.

      Conto séjénna: asakan.

      6. "Agama Islam téh mangrupa ageman umumna urang Sunda."

      Rarangkén -an dina kecap ageman gunana ngawangun kecap barang anu hartina 'anu di'.

      Conto séjénna: ajian, ceungceuman.

      7. "Pung biang nganggo sinjang garutan."

      Rarangkén -an dina kecap garutan gunana ngawangun kecap barang anu hartina 'hasil/asal ti'.

      Conto séjénna: tasikan, cirebonan.

      8. "Ilo ku hidep bacaan ti handap."

      Rarangkén -an dina kecap bacaan gunana ngawangun kecap barang anu hartina 'anu bisa di'.

      9. "Cokotan deui urutna bisi laleungitan."

      Rarangkén -an dina kecap cokotan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) anu hartina 'nitah supaya di'.

      Conto séjénna: bawaan, alaan, pulungan.

      10. "Lamun aya nu cilaka téh buru-buru tulungan."

      Rarangkén -an dina kecap tulungan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) anu hartina 'nitah supaya dibéré'.

      Conto séjénna: bantuan, wakilan, talangan.

      11. "Kang Robi keur latihan ménbal di Situbatu."

      Rarangkén -an dina kecap latihan gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) anu hartina 'ngalakukeun'.

      12. "Lamun aya anjing mah urang paéhan wé ku saréréa."

      Rarangkén -an dina kecap paéhan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) anu hartina 'supaya dijadikeun'.

      Conto séjénna: gedéan, leutikan, alusan, konéngan.

      13. "Kang Jaja mah jalma daékan."

      Rarangkén -an dina kecap daékan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina 'boga sipat/bakat'.

      Conto séjénna: wanian, babarian, éraan, kampungan.

      14. "Néng Rina téh katémbongna beuki cahayaan baé."

      Rarangkén -an dina kecap cahayaan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina 'boga'.

      Conto séjénna: komaraan, bapaan, anakan.

      15. "Kendangan atuh ambéh ngeunaheun."

      Rarangkén -an dina kecap kendangan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) anu hartina 'nitah supaya maké'.

      Conto séjénna: laguan, caian, bajuan, tiungan.

      16. "Mang Idris mah babari késangan."

      Rarangkén -an dina kecap késangan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina 'kaluar/bijil'.

      Conto séjénna: cimataan, léhoan, getihan.

      17. "Pa Hamid mah beunghar, mundingna oge puluhan."

      Rarangkén -an dina kecap puluhan gunana ngawangun kecap bilangan anu hartina 'gundukan/sababaraha'.

      Conto séjénna: ratusan, rébuan, lima ratusan.

      18. "Anu datang téh ngan tiluan."

      Rarangkén -an dina kecap tiluan gunana ngawangun kecap bilangan anu hartina 'kumpulan/ ... urang'.

      Conto séjénna: limaan, sapuluhan, sabelasan.


Dicutat tina Galuring Basa Sunda nu disusun ku Budi Rahayu Tamsyah, An'Nur, Tati Purmawati

Wangun Kecap Wangun Kecap Reviewed by Rupa Sundapura on 07.38 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.