Anjang-anjangan
Ujang jeung Nyai keur anjang-anjangan di emper. Apa mah harita teh keur maca tajuk rencana nu nyaritakeun yen di nagara urang ayeuna teu perlu aya oposisi permanen.
Kadenge Ujang pupuntenan, ditembalan ku Nyai lentong naker, majarkeun teh, "Mangga calik di lebet. Mangga geura leueut. Teu aya nanaon di dieu mah."
Sanajan harita Apa teu awas kana paripolah hidep duaan, tapi bisa nyipta yen Ujang meureun keur sila andekak hareupeun Nyai, jeung Nyai giak pisan ngasongkeun pipiringan leutik nu dieusian ku naon boa.
Si Untung, ucing hideung urang, kadenge eong-eongan asup ka imah. Kadenge Nyai gancang nitah nyumput ka Ki Semah, majar teh aya maung hideung. Ujang nurut ka pribumi bari pok deui-pok deui nyebut sieun maung.
"Keun urang gebah," cek Nyai ngareugreugan, tuluy ngahus-hus ucing.
Tapi Si Untung eong-eongan bae. Dihus-hus beuki tarik, kalah ka beuki tarik deuih eong-eonganana, jigana mah marukan rek diparaban..
"Bangor Ucing teh ih," cek Ujang bari kadenge sada dibarung ku seuri leutik. Apa ngarti yen Ujang keur nyeungseurikeun Nyai nu enya-enya pisan hayang ngajaga sangkan suasana anjang-anjangan tetep nuluy, ulah kaganggu. Kari-kari ku Ujang ucing bet kalah disebut ucing, lain disebut maung.
"Maung kituh!" cek Nyai mani morongos.
"Ucing ah!" tembal Ujang tandes.
Ti dinya Ujang jeung Nyai pacental-cental, "Maung! Ucing! Maung! Ucing!" Beuki lila beuki tarik jeung palambat-lambat
Nging Nyai ceurik, gancang asup ka imah nyoroyo ka Apa bari pupulih majar Ujang bangor.
Hayang nuluykeun jalan pikiran Nyai harita Apa teh, ku lantaran kitu jungkunung Apa nangtung, panon dibuncelikkeun, tuluy leumpang jajarigjeugan bari pok ngomong digoronggongkeun," Ieu buta, ha...ha...ha...ha...! Ieu buta, ha...ha...ha...ha...!"
Nyai gancang lumpat deui ka emper bari gogorowokan ngabejaan ka Ujang aya buta. Basa Ujang ret ka Apa, Ujang ge gancang lumpat ka luar bari gogorowokan, "Aya buta! Aya buta!"
Ujang ngacir ka jalan, diseungseurikeun ku Nyai nu tuluy ngalendean Apa bari pok nyarita, "Apa da ieu mah nya, sanes buta." Nyai gancang dirangkul ku Apa, dipangku, ngok dicium bari ngomong, "Maung ge sieuneun ku buta mah, nya?"
"Ku Apa sieuneun?" Nyai nanya panasaran. (*)
Wahyu Wibisana