Dalem Boncel (Bagian 2)

Isukna...

Beurang naker Si Boncel karek indit manggul sundung, rek ngarit ka reuma. Ku lantaran beuteung kosong tacan kararaban kadaharan, manehna ngarasa nahnay nanjak ka pasir teh. Barang datang ka mumunggang, gek diuk handapeun tangkal waru, reureuh heula. Pikirna ngerik taya hinggana, ras inget kana kamalaratan kolotna, katambah ari boga dunungan ku teu aya pisan tinimbangan.

Dalem Boncel

Tuluy Si Boncel ngagelehe kana canir, sirahna diganjel ku leungeunna, ngararasakeun beuteung rocop. Mimitina mah panonna mencrong bae ka langit, nenjo mega nu tingarudat bodas. Tapi teu karaseun deui, reup bae manehna sare. Teuing sabaraha jam lilana, inget-inget soteh pedah reuwas katinggangan cihujan pating kareclak kana tarangna.

Korejat manehna hudang, kop arit kop sundung rek ngarit, bari gasak-gisik culang-cileung bakating ku reuwas, tapi teu bisa kumaha, da ari breg teh hujan saperti meunang nyicikeun ti langit teh saenyana.

Manehna ngiuhan deui handapeun waru tea. Tapi ku sabab hujan sakitu ngagebretna, pakeanana rancucut, manehna mucicid tiriseun.

Ret nenjo panonpoe geus rek surup, harita geus reup-reupan. Ras inget kana jukut keur parab kuda, tacan meunang sakeupeul-keupeul acan, ari awak ngadegdeg kabulusan. Bararaal bawaning ku tiris, boraah bisa ngulangkeun arit.

Katambah-tambah hujan taya pisan raatna. Si Boncel kacida sieuneun ku dununganana, upama balik teh tangtu disiksa. Dina ingetanana moal salah deui tangtu bakal digebugan ku popongkol saperti bareto, mun kanyahoan ku dunungan lengoh teh.

Ku sabab sieun dipergasa ku dununganana, ku Si Boncel henteu dipikir deui, harita keneh gilig pikirna rek minggat saparan-paran.

Geus harieum beungeut teh neker keneh bae manehna nanjak dina jalan satapak. Sakapeung mabal totorobosan kana sela-sela dapuran kaso. Ingetanana kop maung kop badak, henteu ngingetkeun kacape, henteu ngingetkeun kasieun, suku kacugakan ku cucuk-cucuk oge henteu dirasa, tina hayang geura jauh. Inggis aya nu nyusul, atuh leumpangna oge sering cungas-cingeus, rarasaanana mah asa jol–asa jol bae dununganana.

Ku lantaran harita kabeneran poek bulan, taya harepan bisa laju lumakuna, tina teu nyaho ka mana piloseun, kawantu asruk-asrukan di nu bala. Tungtungna reg Si Boncel ngarandeg, ngarahuh ambekanana bawaning ku ripuh, peurih beuteung teu puguh rasakeuneunana.

Kabeneran baranyay kingkilaban, brek katenjo teu jauh ti dinya aya saung ranggon sisi reuma. Ripuh-ripuh oge maksakeun maneh muru ranggon tea rek ngadon sare.

Ku lantran ranggon reyod, atuh teu kaur reup sare, katambah-tambah awakna nyareri jeung suku ramed ku cucuk, Si Boncel teh cindukul bae. Ari geus baranang bentang mah, bari ngurutan suku teh nginget-nginget pilampaheun.

Curucud cipanonna, inget ka indung bapana, piceurikeun mani asa ngagarenduk karasana, bawaning ku nalangsa. Ras kana takdir, mana balangsak kabina-bina teuing.

Rebun-rebun keneh geus indit deui, turut-turut leuweung maju ngetan. Dina ingetanana ka mana bae pibraseunana mah, asal ulah kalarung balik deui ka urut tadi.

Barang keur ngabaheuhay handapeun kihiang dina lengkob, kadenge anjing manting ngengkengan ti kajauhan, haok paninggarana hawar-hawar. Korejat Si Boncel cengkat bawaning ku bungah, neges-neges ka mana tujuna udagan eta anjing. Beuki lila beuki deukeut sora anjing teh. Rupana geus kana mumunggang pasir. Si Boncel taki-taki, nyekel gegendir tina tangkal kopi. Tetela mencek teh lumpatna ka lebah manehna, da puguh liliwatanana. Hok Si Boncel milu ngahaokan, pokna, "Huhhh...huhhh...huhhh...! Wah...wah...wah-wah-wah...huhhh!"

Nenjo aya nu megat, mencek teh malik ka tukang, gok jeung anjing-anjing nu ngarudag, mogok we...nyamberan anjing-anjing. Anjingna parelit, marantingna deui bari ngalalingker kana tunggul, atuh ana disamber teh jleng nyingcet.

Ninggal seukeutna sihung mencek anu kawas loncer, moal salah sakali nyamber oge mun keuna kana beuheung atawa kana kekemplong Si Geboy, tangtu sapatna. Tangkal tepus mah rabeng kawas dicacar ku parang seukeut bae.

Kabeneran dina mencek keur meujeuhna ngopepang, jol paninggaran nu ngaping anjing-anjing daratang, ngurumuy ti nu bala.

Barang mencek nenjo jelema, cul anjing-anjing, biur nyamber jelema. Tapi bubuhan paninggaran, rikat pisan nyingcetkeunana, bari habek puhu ceuli mencek teh diteunggeul ku gegendir. Bru bae rubuh, diburu ku anjing ditekuk. Geus kitu mah mencek nu keur ngalehleh teh lekek bae dipeuncit ku paninggaran. Ayeuna anjing nu ngegel ngancing kana punduk mencek teh dikuprak-kuprak sina lesot. Mencekna dijungjungkeun, da disontrolan bae ku anjing.

Mencek teh henteu direcah harita. Sanggeus ditalian sukuna dua-dua, nu hareup jeung nu hareup, nu tukang jeung nu tukang, tuluy dicorok ku dahan kai, rek digotong guluntunganana.

Barang keur recok keneh calacarita paburu teh, kurumuy Si Boncel nyampeurkeun.

"Euleuh, gedena, nya Mang! Paingan anjing-anjing teu waranieun narajang!"

"Enya, Jang. Tuh mani lebur kitu urut mogokna oge."

"Ku kuring dipegatan mah, mana balik deui oge ieu mencek teh. Tadina mah rek mabal ka ditu, ka lebak," ceuk Si Boncel.

"Enya, osok sagala kabeneran puguh oge, ari hade indit-inditan teh, kawantu numbuk di naga numpi. Ari Ujang anu ti mana, mana hideng mangmegatkeun udagan Emang?"

"Tebih rorompok mah ti Kandangwesi."

"Ambu-ambu, na mana lampar teuing? Ari ayeuna nu matak aya di leuweung luwang-liwung keur naon?"

"Puguh kapaider kuring teh. Tos lima poe asruk-asrukan. Atuh teu kararaban sangu pisan dina jero lima poe teh, ngan ngadahar bongborosan wungkul."

"Karunya teuing, atuh ayeuna oge hayang dahar, nya? Pek geura dahar kadinyah! Tah, da gede timbelna mah, jeung sambel bubuk deuih geura. Uyah mungkus, tuh dina bungkusan jimpo. Kop ka dinyah, entong asa-asa!"

Celebek Si Boncel dahar, diriung ku paburu sabaturna, cacamuilan mani ngalimed, poho dikaera.

"Ari geus dahar mah, milu bae jeung Emang ka Pamijahan, ulah apruk-aprukan di leuweung, kuriak diseupah badak Cipatujah engke!" ceuk paburu nu pangkolotna.

Ahirna Si Boncel nya milu ka Pamijahan. (*)

Sambungan ti Bagian 1 Nyambung ka Bagian 3

Ki Umbara

Dalem Boncel (Bagian 2) Dalem Boncel (Bagian 2) Reviewed by Rupa Sundapura on 07.02 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.