Dalem Boncel (Bagian 1)

Di tutugan Gunung Giriawas aya hiji lembur. Lembur leutik sarta nenggang, henteu gegek ngan opat-lima imah. Boh imah boh pakaranganana bararesih sarta raresik. Eta lembur katelahna Kandangwesi. Imah anu sajolan ti jalan, potongan garduh ngupuk, lain panggung make kolong saperti nu lian. Anu bogana lain pituin urang dinya, tapi nu bubuara enggeus lila.

Dalem Boncel

Di buruanana eta imah rajeg lima-genep pangelatan manuk titiran laluhur, tihangna gombong saleunjeur-saleunjeur. Dina lebah saung kurungna make papaes nanagaan dialus-alus, make dicet sagala.

Di tepas imahna tea oge rantuy kurung titiran: aya anu dicet beureum, aya anu diermas, aya nu dirarawisan sarta digantungan tiiran-tiiran mute, endah pisan. Manukna aya puluhna, baleger.

Meh unggal isuk waktu haneut poyan, anu bogana sok andekak dina babalean di buruan, mani dengdek-dengkdek bae ngadengekeun manuk anu keur ngarelak disarada patembalan, bari ngagigirkeun cikopi lekoh ngebul, ngelepus udud.

Tampolana mun Si Pacar keur ngelak mah, lat poho kana ngenyot udud, da eta cenah lebar sieun kaliwat dina lebah lengketekungna.

Bujang-bujangna oge sok nyalampeurkeun marilu nanggap sora manuk ngelak, ngayunkeun karesep dunungan, da ngalarti mah henteu.

Unggal Juma'ah Kaliwon, najan aya gawe baku anu perlu oge, bujang nu namina Bangsa mah teu kudu nyabak pagawean sejen, da kapeto kana ngamandian manuk, sabab ngan Ki Bangsa anu tabah kana ngurus lilinggeran titiran mah.

Aya deui pangabogoh eta jalma teh, kana kuda. Manehna bogaeun kuda jalu bulu daragem. Gedoganana henteu jauh ti imahna, beulah katuhu nyanghareup ngidul. Kacida dipikanyaahna kawantu kuda satria Pinayungan bejana mah.

Demi nu ngurus eta kuda aya nu ngabaku, nya eta bujangna budak ngora anu siga kolot, pangawakanana cengkrang, namina Boncel.

Dina hiji poe pasosore, sanggeus Si Boncel neundeun sundung, karek pisan datang tas ngarit, ujug-ujug haok bae dicarekan ku dununganana, sarta teu antaparah kerewek ceulina digoengkeun tuluy dikusrukkeun ka jero gedogan.

"Tenjo ku sia naha eta rarapen ngabayak diantep bae? Naha eta nu nguyumbang teu diberesihan? Ngedul sia, henteu tulaten kana ingon-ingon! Kumaha lamun eta kuda gering, rek dikumahakeun ku sia? Tara apik, tara ngagugu kana papatah dunungan!"

"Teu acan bae, Juragan. Kapan abdi teh nembe dongkap pisan mentas ngarit."

"Wah, ngalawan sia ka dunungan teh, kalah ka hakan bae ari gawe goreng. Sia moal dibere nyatu ku aing."

"Unggal sore unggal isuk oge disapuan ku abdi. Ayeuna oge bade diberesihan. Tong make nyarekan."

"Ah, sia melid, ngahaja bae sina bala ngarah kuda aing paeh, ambeh sia henteu ngarit. Budak ngedul, siah!" Bari ngomong kitu teh jekok najong kana bobokong Si Boncel. Atuh Si Boncel nepi ka tijongjolong meh tikusruk kana tataban.

Poe eta Boncel henteu meunang timbel, atuh ngongkrong teu barang dahar nepi ka isuk deui.

Diparak jeung disiksa kitu teh ku dununganana teu sirikna unggal poe. Tapi lain ku lantaran goreng pagawean, ieu mah ku sabab bengisna nu jadi dunungan bae, pedah tadina aya pasendatan jeung bapana, alatan hutang. (*)

Nyambung ka Bagian 2

Ki Umbara

Dalem Boncel (Bagian 1) Dalem Boncel (Bagian 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 19.08 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.