Kamus Basa

Kamus Basa Sunda

A

  • Abdas = Wudu
  • Adean = Kabitaan; ginding
  • Adigung = Boga rasa punjul ti batur
  • Aheng = Aneh jeung hebat
  • Alatan = Sabab
  • Alewoh = Loba tatanya (nu bener)
  • Amit, Amitan = Menta idin rek indit; permisi
  • Ampih = Nyimpen
  • Amprok = Panggih hareupeun; patepung
  • Ancad laer = Nyaritana anca pisan atawa laun pisan
  • Ancin = Daharna saeutik
  • Ancrub = Asup kana cai
  • Andika = Maneh
  • Andalemi = Lungguh timpuh; lemes tingkah lakuna
  • Anggang = Jauh; renggang
  • Angkaribung = Loba; riweuh ku babawaan
  • Angkeuhan = Sangkaan
  • Andegleng = Diuk ajeg tumaninah dina korsi
  • Andeprok = Emok rekep (keur awewe)
  • Anjeucleu = Diuk ngeunah-ngeunah di tempat nu rada luhur
  • Anjun = Tukang nyieun parabot tina taneuh
  • Anom = Ngora
  • Anleh = Bakat
  • Astana = Kuburan
  • Atikan = Didikan; warahan
  • Awuntah = Sok ngamomonyah kana rejeki; boros

B

  • Baid = Teu sudi
  • Babakan = Lembur anyar
  • Babar = Lahir
  • Balaka = Terus terang
  • Balungbang = Kamalir gede sarta rada jero jang tadah cileuncang
  • Balukang = Palapah daun kalapa atawa kawung
  • Balukar = Akibat
  • Baketut = Pasemon nu camberut; goreng budi; goreng semu
  • Balakasikang = Awewe nu kalakuanana jiga lalaki
  • Baruk = Kitu; kutan
  • Barusuh = Sariawan
  • Basajan = Saayana; sederhana
  • Basangkal = Budak nu teu nurut ka kolot
  • Bebengkung = Kaen panjang nu dipake kunu geus ngajuru
  • Bewara = Berita; beja
  • Belik = Pundung
  • Belok = Kotor nu napel jeung loba
  • Berag = Jagjag; sehat
  • Biheung = Teuing; can tangtu
  • Bireuk = Teu wawuh
  • Boboko = Wadah sangu tina anyaman
  • Bobor = Maot; tiwas; cilaka
  • Bogol = Bagian tangkal kalapa atawa cau nu panghandapna (tempat bijilna akar)
  • Boyot = Leumpang kendor bangun bareurat awak; mindeng katinggaleun batur
  • Bedang = Wangkelang; bedegong; murugul; mawa karep sorangan
  • Berewit = Babarian katerap panyakit; budak nu loba kahayang
  • Binangkit = Rea kabisa
  • Baralak/barangbang = Daun kalapa nu geus garing dina tangkalna
  • Bayeungyang = Hareudang pisan
  • Beueus = Rada baseuh
  • Bojo = Pamajikan
  • Buncir = Pinuh ku eusi
  • Bujangga = Tukang nyieun atawa nulis carita
  • Buruan = Taneuh kosong hareupeun imah
  • Bubulak = Sarupa tegalan nu pinuh ku jukut nu aya di lamping atawa di pasir
  • Bungin = Pulo di muara walungan

C

  • Caah = Banjir
  • Cacap = Beres; tamat
  • Calakan = Babari ngarti kana palajaran atawa kana hal-hal anu anyar
  • Campego = Cingogo kawas aya nu didagoan
  • Candeluk/cindeluk = Diuk sabaraha lilana kawas aya nu didagoan
  • Candoli = Tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan (biasana awewe)
  • Cangogo/cingogo = Nagog (peta saperti nu keur bubuang)
  • Carecet = Saputangan
  • Caroge = Salaki
  • Catang = Tangkal kai nu geus ngagoler (garing) lantaran runtuh atawa dituar
  • Cilingcingcat = Bulak-balik unggal usik
  • Capetang = Pinter tur lancar ngomong (budak)
  • Careraman = Budak nu sok kabitaan ku barang au aya di batur
  • Cawokah = Wani (rada nuju kanu jorang)
  • Celembeng = Loba omong (budak)
  • Cidra = Teu nohonan jangji; jalir
  • Cileureun = Balangah; teu nenjo nu ngaganggu barang nu keur dijaga
  • Cilimit = Budak nu resep ngaheureuyan awewe; sok menta kadaharan batur
  • Cirigih = Budak nu sok resep ngaheureuyan batur
  • Codeka = Laku lampah goreng
  • Cologog = Kalakuan nu teu make tatakrama
  • Conggah = Leuwih loma; akrab; someah
  • Curaling = Sok resep pulang-paling

D

  • Dalit = Deukeut; akrab; karib
  • Darehdeh = Someah; akuan; matak resep omonganana
  • Daria = Migawe hiji hal kalayan enya-enya
  • Dareuda = Ngomong dibarengan ku kasedih atawa kabungah nu nyedek
  • Dayeuh = Kota
  • Dedegler = Gampang teuteunggeul bari tara asa-asa; taya rasrasan
  • Deleka = Julig; resep nyusahkeun atawa nyilakakeun batur
  • Deog/Pengkor = Leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok
  • Derenten = Kebon binatang
  • Deuheus = Deukeut; tepung
  • Deungeun = Batur
  • Dohot-dohot = Leumpang lalaunan bari semu dodongkoan jiga nu ngadodoho
  • Doja = Coba; ganggu
  • Dudukuy = Sabangsa topi
  • Dungus/Rungkun = Gundukan tatangkalan laleutik nu rada rembet
  • Duriat = Rasa kacinta

E

  • Ecag = Turun
  • Eces = Jelas
  • Egang/Egol = Leumpang jiga budak nu anyar disunatan
  • Elekesekeng = Teu daek cicing
  • Elodan = Teu boga pamdegan; tuturuti
  • Emok = Diuk awewe, sukuna duanana ditikelkeun semu ka gigir
  • Emok Cabok = Emok nu pingpingna dipatumpangkeun
  • Enggon = Kamar
  • Enjing = Isuk; besok; enjing-enjing
  • Epes meer = Elehan
  • Eunteung = Kaca cermin
  • Euntreup = Biasana dilarapkeun kana manuk nu reureuh dina dahan tatangkalan
  • Euyeub = Loba; seueur

G

  • Galengan = Tambakan leutik (ngagaleng manjang) ngawangun kotakan sawah
  • Galur = Jalan
  • Garihal = Kasar
  • Garwa = Istri; pamajikan
  • Gawir = Sisi jurang; taneuh anu lungkawing
  • Gehgeran = Latah
  • Gending = Tukang nyieun parabot tina kuningan
  • Geumpeur = Gugup
  • Geuwat = Buru; enggal
  • Girang = Tempat jol ngocorna cai; cai nu ngocorna ti girang ka hilir
  • Goah = Gudang
  • Gohgoy = Batuk
  • Gondewa = Busur panah
  • Guligah = Bangblas hate tur gumbira
  • Golodog = Teras
  • Gonjleng = Leumpang awewe bari ngobah-ngobahkeun awak

H

  • Haat = Karunya
  • Halimpu = Raos kadanguna; merdu
  • Halodo = Usum panas; teu hujan
  • Hanaang/halabhab = Haus
  • Hanjelu = Hanjakal
  • Harupat = Sabangsaning injuk nu teuas tina tangkal kawung; siga nyere
  • Hariwang = Melang
  • Hemeng = Heran
  • Heuleut = Waktu antara
  • Hieum = Iuh loba tatangkalan
  • Hilir = Tempat nu dituju ku cai nu ngocor lantaran leuwih handap
  • Honcewang = Sieun
  • Huma = Tanah darat nu dipelakkan pare teu dikocoran cai (ngandelkeun cai hujan)
  • Hunyur = Taneuh nu munjukul siga imah rinyuh di tegalan

I

  • Icikibung = Ancrub; pimilueun
  • Idekliher = Ulin; gaul di tempat nu sarua
  • Igel = Joged
  • Ijid = Geuleuh kacida
  • Ijir = Taksir; kira-kira
  • Ilahar = Lumrah
  • Inggis = Sieun; paur
  • Ingkab = Kelek
  • Inohong = Gegeden
  • Ingon-ingon = Sasatoan nu dipiara
  • Ingkud-ingkudan/Jingkrung = Leumpang teu bener lantaran nyeri suku
  • Ipet = Sila
  • Iwung = Anak awi nu mangrupa boros keneh
  • Iteuk = Tongkat paragi leumpang
  • Itikurih = Leukeun neangan rejeki

J

  • Jalir = Teu minuhan jangji
  • Jalugjug = Jangkung
  • Jamparing = Anak panah
  • Jajaten = Kasaktian; kabisa
  • Jarigjeug/Jumarigjeug = Leumpang bari semu rek labuh
  • Jenengan = Nami
  • Jentre = Jelas; cekas
  • Jigrah = Jajag; sumanget
  • Jingjet = Leumpang semu hese ngalengkah lantaran cacad

K

  • Kabayan = Tukang dititah ka ditu ka dieu
  • Kabojengkeng = Tukang ngagusur padati
  • Kajineman = Mandor sakitan; tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
  • Kakasih = Nami
  • Kalakay = Daun nu geus garing (nu geus murag kana taneuh)
  • Kantun = Sesa; tinggalkeun
  • Kawalon = Tere
  • Kamasan = Tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
  • Kararas = Sesebutan husus pikeun daun cau nu geus garing
  • Karees = Sisi walungan nu rea keusikan minangka kikisik
  • Katiga = Usum halodo
  • Kepoh = Leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (kawas aksara X)
  • Kikisik = Sisi laut nu mayak sarta keusikan
  • Kinten = Kira-kira
  • Kintun = Kirim
  • Kiwari = Ayeuna
  • Koleang = Daun nu geus garing, nu ngoleang murag tina tangkalna
  • Kukurubutan = Leumpang rada dodongkoan dinu bala atawa dinu remet kakayon
  • Kulaer = Kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
  • Kumed = Pedit kacida
  • Kuncen = Tukang ngurus kuburan
  • Kolecer = Kipas

L

  • Lalawora = Gagabah
  • Lali = Poho
  • Lamping = Bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutuganana
  • Landeuh = Tempat anu leuwih handap ti tempat urang
  • Landong = Ubar
  • Layon = Jasad nu maot; mayit
  • Lebak = Tempat nu leuwih handap ti batan tempat urang cicing
  • Legig = Tukang ngasruk dina pamoroan
  • Legok = Tempat nu rada handap ti tempat nu aya di sakurilingeunana.
  • Legon = Bagian basisir anu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik
  • Lengkob = Tempat anu legok antara dua lamping
  • Leleson = Istirahat
  • Lembar = Diuk bari ngalonjorkeun suku duanana
  • Lesang = Leueur
  • Leuit = Tempat nyimpen pare
  • Leuwi = Walungan nu gede tur caina tenang
  • Lisah = Minyak
  • Limpeuran = Pohoan
  • Loket = Dompet
  • Lamokot = Belepotan
  • Lugina = Tengtrem; bagja hate
  • Lungse = Leuleus; cape
  • Luyu = Panuju; bener dina aturan

M

  • Mancawura = Mawur kamamana
  • Malahmandar = Supaya; mugi-mugi janten sabab
  • Malim = Tukang nalukkeun sasatoan
  • Manah = Hate
  • Maneuh = Angger; tetep tutuluyan
  • Mangsa = Waktu
  • Maranggi = Tukang nyieun landean jeung sarangka keris
  • Medar = Muka; ngaguar jeung metakeun
  • Meupeus keuyang = Ngabudalkeun kakeuheul ka nu teu tuah teu dosa
  • Merebot = Tukang nakol bedug
  • Mindo = Ngaduakalian
  • Miwah = Sareng
  • Moyongkod/Mongkoy = Leumpang rada dongko, nembongkeun sieun atawa era
  • Mucekil = Mundel; loba hasilna
  • Munggaran = Mimiti
  • Murangkalih = Budak leutik

N

  • Nagog = Cingogo
  • Nanggeuy gado = Diuk biasa ngan leungeun sabeulah dipake nanggeuy gado
  • Nalika = Hiji mangsa; ketika
  • Narabas = Leumpang di nu bala atawa dinu remet kalawan teu midul cucuk
  • Neker = Leumpang di tempat nu nanjak pisan (netek)
  • Nelenden = Leumpang budak; anca; pikalucueun
  • Ngabadaus = Leumpang semu gancang teu luak-lieuk
  • Ngabaheuhay = Diuk nyanghunjar bari suku direnggangkeun lantaran cape
  • Ngabengbeos/Mengpeos = Leumpang teu luak-lieuk lantaran aya kakeuheul
  • Ngabring = Leumpang babarengan (lobaan)
  • Ngabrul = Kaluar atawa indit babarengan
  • Ngaburudul = Kaluar lobaan ti tempat
  • Ngadaligdeug/Dalugdag-daligdeug = Leumpang kawas nu mabok
  • Ngadedod = Awewe nu leumpang anca sarta biritna ka kenca ka katuhu
  • Ngadigdig = Leumpang gancang sarta segut
  • Ngadigleu = Leumpang kendor, semu bareurat ngalengkah
  • Ngadudud = Leumpang gancang teu luak-lieuk
  • Ngagandeuang = Leumpang bari dada ajeg, bari keupat laun
  • Ngageang = Leumpang semu egang
  • Ngageblay = Leumpang awewe, anca, bari keupat laun, geblay-geblay
  • Ngageblig = Leumpang bari neundeut-neundeutkeun suku nepi kadenge sora
  • Ngageboy = Leumpang awewe nu rada lintuh, awakna semu leuleus
  • Ngagegag = Leumpang kendor semu bareurat awak
  • Ngageuyeunggeung = Leumpang laun alatan gering atawa hudang gering
  • Ngageyot/Ngagiyet = Leumpang awewe bari semu ngobah-ngobahkeun bujur
  • Ngagidig/Ngagedig = Leumpang gancang sarta segut (sarua jeung ngadigdig)
  • Ngagigeug = Leumpang semu beurat ku awak, oyag ka kenca ka katuhu.
  • Ngagilincing = Sesebutan nu keur leumpang teu mawa naon-naon
  • Ngagiplek = Leumpang awewe bari semu ngagutak-gitek bujur
  • Ngalageday/Ngalegeday = Diuk nyangsaya, biasana dina korsi males
  • Ngalanggeor = Leumpang awewe, biasana nu lenggik, nu alus katempona
  • Ngalejeg/Lajag-lejeg = Leuleumpangan di hareupeun batur bari ambek
  • Ngalenghoy = Leumpang alon lantaran cape
  • Ngaleut = Leumpang babarengan (jalmana leuwih loba tibatan ngabring)
  • Ngaleyad = Leumpang anca diaplen
  • Ngantay = Sarua jeung ngaleut
  • Ngebebengkong = Diuk lila rada semu bengkung, bari nganggur
  • Ngeteyep = Leumpang lalaunan alatan sieun kadenge atawa katempo ku batur
  • Ngeungkeuy = Saharti jeung ngaleut
  • Ngijih = Usum hujan
  • Ngiciprit = Leumpang keur waktu hujan atawa loba keneh cileuncang
  • Ngincid = Leumpang gancang sorangan
  • Ngingkig = Leumpang ganjang teu luak-lieuk
  • Ngungkug = Leumpang gancang teu luak-lieuk
  • Niliktik = Leumpang budak nu kakara bisa leumpang gancang
  • Nogencang = Salah; henteu pas; bengkok
  • Nolog = Lempang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poek
  • Noyod = Leumpang nurutkeun karep sorangan, teu malire ka nu nyaram
  • Nyanghunjar = Diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah
  • Nyangsaya = Diuk bari nyarandekeun awak kana tempat nu disarandean
  • Nyarawedi = Tukang ngagosok permata
  • Nyelengceng = Leumpang gancang sosoranganan, miheulaan batur
  • Nyerenteng/nyirinting = Leumpang semu lumpat bari mawa kaambek
  • Nyuprih = Neangan

O

  • Ocon = Heureuy
  • Olohok = Bengong
  • Olok = Hambur
  • Openan = Usil; iseng
  • Ontrog = Didatangan bari ambek
  • Otokowo = Cicing wae di hiji tempat atawa pagawean; teu daek liar
  • Owah = Robah; gelo
  • Owel = Lebar; pedit

P

  • Padaringan = Wadah beas
  • Pancen = Tugas
  • Palias = Cadu; embung pisan
  • Pahatu = Piatu; Pahatu lalis = yatim piatu
  • Pajaratan = Kuburan
  • Pajeng = Payung; payu (dina dagang)
  • Pakacar = Bujang; juru laden
  • Pakeun/Pikeun = Kanggo; supaya; jadi sabab
  • Pakewuh = Kariweuhan; Bancang pakewuh = cocoba; dodoja
  • Palatuk = Iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
  • Paledang = Tukang nyieun parabot tina tembaga
  • Palika = Tukang teuleum (ngala lauk)
  • Palire = Tingali; merhatikeun
  • Paluruh = Pilari; teangan
  • Pamatang = Tukang moro nu sok ngagunakeun tumbak
  • Pamayang = Tukang ngala lauk di laut
  • Pameunteu = Raray; beungeut
  • Pancar = Tangkal awi nu geus garing (sok dipake suluh)
  • Panday = Tukang nyieun parabot tina beusi
  • Paneker = Bantu paragi nyieun seuneu
  • Paneresan = Tukang nyadap
  • Pangpung = Bagian dina tangkal kai atawa dahan nu paeh/garing
  • Paninggaran = Tukang moro
  • Papasten = Takdir
  • Pasalia = Beda; teu sarua
  • Pasanggiri = Lomba
  • Patulayah = Balatak
  • Pawon = Dapur
  • Pirosea = Merhatikeun bener kana ngurus
  • Pituin = Asli
  • Pohara = Loba
  • Petet = Bibit tutuwuhan nu leutik keneh, nu jadi sorangan atawa ngahaja melak
  • Pinton = Nu di lalajoan
  • Pipir = Sisi imah
  • Purunyus = Cengos ka awewe cunihin nu pikasebeleun

R

  • Raksukan = Acuk; baju
  • Rabmisak = Ceurik bari ngaluarkeun cimata nu loba
  • Ranca = Rawa
  • Rancatan = Awi paranti nanggung
  • Rarampeolan = Leumpang semu leuleus alatn mabok jeng sajabana
  • Rawuh = Sareng
  • Rayungan = Teu boga pamadegan
  • Rebo = Riweuh ku babawaan; sagala di bawa
  • Regol = Kampung nu aya di sabudeureun gedong kabupaten beulah tukang
  • Reuma = Tanah darat urut huma anu keur direureuhkeun lantaran geus teu subur
  • Rempan = Inggis; paur
  • Reueus = Resep
  • Rincug = Leumpang teu bener lantaran nyeri dampal suku
  • Ropea = Menerkeun nu salah; koreksi
  • Ruhay = Dapuran seuneu
  • Rumingkang = Ngalalana; ngalakonan kaayaan
  • Ruyung/Bogor = Bagian anu teuas dina tangkal kawung

S

  • Sabatae = Boga waktu luang
  • Sagara = Laut; samudra
  • Sampalan = Tegal tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah
  • Samporet = Meped; saeutik
  • Saksen = Saksi
  • Sanajan = Sanaos
  • Sangkan = Supaya; supados
  • Sarati = Tukang ngusir gajah
  • Sawala = Musawarah; rundingan
  • Sedong = Angkrong di sisi walungan di jero leuwi
  • Semah = Tamu
  • Seseleket = Leumpang di antara jelema loba
  • Seselendep = Sarua jeung seseleket
  • Sidengdang = Diuk bari suku duanana dirumbaykeun
  • Sideuha = Diuk emok atawa sila bari leungeun sabeulah dipake nulak awak
  • Sila = Diuk bari nikelkeun suku duanana handapeun pingping nu didengkakkeun
  • Sila andekak = Sila semu rubak, biasana bari nyanghareupan kadaharan
  • Sila ipis = Sila rubak, tuur anggang pisan tepi ka jebrag
  • Sila mando = Sila bari leungeun duanana ditumpangkeun di antara dua suku
  • Sila tumpang = Sila bari dampal suku duanana numpang dina pingping
  • Sila tutug = Suku nu sabeulah sila, sedeng nu sabeulah deui ditutugkeun
  • Silih = Saling
  • Singkang = Leumpang semu jegar lantaran suku lebah tuur ka handap semu kaluar
  • Siloka = Ngandung harti lain; ibarat
  • Simbeuh = Cepretan cai
  • Singer = Hade gawe bari hideng
  • Siram = Ibak; mandi
  • Sirung = Pidahaneun atawa pitangkaleun nu kakara jadi; melentis
  • Somang = Jurang anu gurawes sarta jero
  • Songsong = Paranti ngahurungkeun hawu
  • Sosi = Konci; tulak
  • Sologoto = Teu ati-ati
  • Sulaya = Salah; nyalahan; jalir
  • Supata = Sumpah

T

  • Takoah = kupat tahu
  • Tagog = Wujud; tingkah
  • Talatah = Pesen; pangbejakeun
  • Talungtik = Taliti
  • Tandang = Tampil
  • Tanginas = Hudang; datang leuwih awal
  • Tanwande = Pasti
  • Taraju = Taktak duanana
  • Tarekah = Usaha; cara
  • Tawis = Tanda
  • Tepas = Teras
  • Tipar = Pihumaeun memeh disasap atawa dipacul
  • Tonggoh = Tempat anu leuwih luhur ti batan tempat urang cicing
  • Toloheor = Mata karanjang; bogoh ka unggal awewe; bangor ka awewe
  • Tonggoy = Leumpang teu luak lieuk, bari tungkul, teu mirosea ka nu ngageroan
  • Totolonjongan = Leumpang kawas nu rek tijongjolong
  • Tunggul = Bagian tangkal sesa nuar
  • Turugtug/Nurugtug = Leumpang gancang di nu mudun
  • Tutugan = Suku gunung; bagian gunung beulah handap
  • Tuturubun = Leumpang turun rurusuhan; buru-buru
  • Tunggara = Sangsara; sedih

U

  • Udar = Buka
  • Uduh = Babari ruksak
  • Udur = Gering
  • Ulem = Ondang; undang
  • Unggah = Naek
  • Unggal = Tiap-tiap
  • Usik = Gerak; waktu
  • Ulubiung = Ngiluan; partisipasi
  • Ulukutek = Gaul di hiji tempat nu angger; sabangsa kadaharan

W

  • Waas = Ngabayangkeun hiji kaayaan nu kacida endah atawa goreng
  • Walagri = Sehat; jagjag
  • Walatra = Jelas; nyaan bukti
  • Walungan/Wahangan = Sungai
  • Wanci = Waktu
  • Wanoja = Mojang; gadis
  • Wawaran = Bewara; pengumuman
  • Wanoh = Wawuh
  • Wegah = Hoream
  • Wentar = Nelah; kawentar
  • Wewengkon = Tempat; wilayah; widang
  • Widi = Ijin
  • Wirang = Era
  • Wiwaha = Wawasan
  • Wuwung = Suhunan imah

Y

  • Yaktos = Nyaan; leres; yakin
  • Yen = Nyaeta
  • Yuswa = Umur

Kamus Basa Kamus Basa Reviewed by Rupa Sundapura on 10.50 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.