Kiai Haji Zainal Mustafa

Kiai Haji Zainal Mustafa teh pahlawan nasional anu asalna ti kalangan pasantren. Anjeunna teh pituin urang Singaparna, Tasikmalaya. Numutkeun katerangan mah, dibabarkeunana taun 1907. Jenengan nuju alitna mah Hudaemi, nenehna Umri. Sabada munggah haji, jenenganana digentos jadi Haji Zainal Mustafa.

Kiai Haji Zainal Mustafa

Ti keur umur sapuluh taun, Hudaemi geus kataji ku bag¬bagan agama. Ari sakolana mah di Sakola Rayat. Jadi, salian ti sakola teh, diajar ngaji ka sawatara kiai nu aya di lemburna. Uteukna encer. Di sakolana kaasup murid anu nyongcolang. Kitu deui di pangajianana. Eta bae, dina umur dua belas taun teh geus mampuh nyangkem ayat-ayat Qur'an katut elmu nahu jeung sorof.

Sanggeus tamat ti Sakola Rayat, Hudaemi neruskeun diajarna ka pasantren. Henteu ngan di hiji pasantren bae diajarna teh, tapi sok pipindahan. Di antarana bae di Pasantren Gunungpari, Cilenga, Sukaraja, Sukamiskin, jeung Jamanis. Keur mah pinter, daek diajar, puguh we elmuna leuwih onjoy dibandingkeun jeung nu saumurna mah.

Dina umur dua puluh taun, anjeunna geus ngadegkeun pasantren sorangan di Cikembang. Nya dingaranan Pasantren Sukamanah. Beuki lila, pasantrenna teh beuki gede bae. Dina jero lima belas taun, Pasantren Sukamanah geus kawentar ka mana-mana. Lulusanana sumebar di sakuliah Jawa Barat. Malah teu saeutik anu terus ngadegkeun pasantren di lemburna oge.

Anu diajarkeun di pasantrenna, lain ngeunaan bagbagan agama Islam bae. Ngeunaan pangaweruh umum oge diajarkeun deuih. Utamana mah anu aya patalina jeung sumanget kabangsaan. Sumanget pikeun ngabela agama, bangsa, jeung nagara. KH Zainal Mustafa miboga pangaweruh anu kawilang jembar ngeunaan kondisi jeung situasi nagara jeung bangsa urang alam harita.

Beuki lila, komara jeung wibawa KH Zainal Mustafa teh beuki nanjung. Aweuhan jeung pangaruhna beuki nyebar bae. Tangtu we, pikeun Pamarentah Walanda mah dianggap ngabahayakeun kaayaan sarupa kitu teh. Tuluy ngayakeun tarekah pikeun ngungkulanana.

Mimitina ku cara lemes. KH Zainal Mustafa diajak gawe babarengan. Dibibita ku rupa-rupa kapangkatan. Kabeh oge taya anu ditedunan. Hal eta luyu jeung sikep KH Zainal Mustafa anu anti penjajah, anti kolonial. Ceuk anjeunna mah, gawe bareng jeung pamarentah jajahan teh sarua bae jeung ngajual bangsa katut agamana sorangan.

Teu bisa ku cara lemes, nya dikasaran. Gerak-gerik KH Zainal Mustafa terus diintip-intip ku Pamarentah Hindia Walanda jeung antek-antekna. Kawasna maranehna oge ngambeu yen sistim pendidikan agama di Pasantren Sukamanah ngajurus kana gerakan anti penjajah, anti kolonial, anti Pamarentah Hindia Walanda. Kitu deui jeung pasantren-pasantren anu dipingpin ku urut santri KH Zainal Mustafa.

Nya tungtungna mah Walanda teh nangkep KH Zainal Mustafa. Ari alesanana, KH Zainal Mustafa dianggap ngojok-ngojok rahayat jeung pamuda sangkan ngalawan ka pamarentah anu sah. KH Zainal Mustafa dibui di Sukamiskin jeung sawatara babaturanana, di antarana bae Kiai Ruhiat, anu kungsi jadi santrina.

Meunang 53 poe di hotel perdeona teh. Dibebaskeun. Balik deui ka lemburna, KH Zainal Mustafa kalah beuki wani. Terus nyebarkeun paham anti penjajah jeung anti kolonial, meh unggal usik. Tetela, panjara teh taya pangaruhna keur KH Zainal Mustafa mah, henteu mareuman sumangetna, tapi kalah beuki ngagedurkeun tekadna pikeun ngalawan kaom penjajah.

Nepi ka dina ahir Pebruari 1942, KH Zainal Mustafa ditangkep deui ku Pamarentah Hindia Walanda. Nya dibui di Panjara Ciamis. Jadi, sabenerna mah barontakna KH Zainal Mustafa teh lain Jaman Jepang wungkul. Samemehna oge geus anti penjajah. Lamun dina tatabeuhan mah, kajadian di Jaman Jepang teh minangka goongna.

Waktu Jepang asup ka urang, KH Zainal Mustafa teh masih keneh dibui di Panjara Ciamis. Harita oge aya kolonel Jepang anu ngolongan ka KH Zainal Mustafa. Heug cenah dibebaskeun ti buina, asal KH Zainal Mustafa daek cekel gawe di Sendenbu, mun ayeuna mah Departemen Penerangan, pikeun ngabantu jeung mingpin propaganda Jepang.

Ari jawaban KH Zainal Mustafa kira-kira kieu, "Ayeuna mah moal wara mere kapastian, lantaran masih keneh cape. Hayang istirahat heula." Caritana KH Zainal Mustafa teh dibebaskeun we. Jepang miharep, KH Zainal Mustafa daek mantuan Jepang dina nyanghareupan Perang Dunya II, anu harita keur ragot-ragotna.

Sadatangna ka lemburna, KH Zainal Mustafa kacida dibageakeunana ku sakumna masarakat. Bubuhan sono tea, lila ninggalkeun lembur. Rahayat datang ti suklakna ti siklukna mapag balikna inohong nu dipikaserab jeung dipikaajrih ku sarerea. Malah anu ti jauhna oge daratang.

Dina eta kasempetan KH Zainal Mustafa pidato. Eusina, di antarana bae, ngawawadian sangkan rahayat ulah kapangaruhan ku propaganda Jepang jeung antek-antekna. Anjeunna ngeceskeun, yen nagara urang teh kakara ganti anu ngajajah, ti Walanda ka Jepang. Ti penjajah nu hiji ka penjajah nu sejenna.

Hartina, bangsa urang teh can merdeka. Taya alesan pikeun bungah ku robahna kaayaan. Anjeunna umajak sangkan rahayat sabar dina nyanghareupan kaayaan anu teu pasti. "Hayu urang tuturkeun jeung urang saksian babarengan, naon nu baris kajadian engke!" Kitu ceuk anjeunna teh.

Terusna mah KH Zainal Mustafa teh ngajar deui we di pasantrenna. Neruskeun hanca garapanana ngabina jiwa katut mental rahayat jeung para pamuda enggoning ngaronjatkeun rasa cintana kana agama, bangsa, jeung lemah cai. Sikepna anu anti penjajahan beuki tembres bae ayeuna mah.

Pamarentah Jepang terus ngadongsok sangkan KH Zainal Mustafa daek diajak gawe babarengan. Sababaraha kali Jepang ngirimkeun utusan, tapi kabeh oge taya nu ditedunan. Antukna mah Pamarentah Jepang teh curiga. Malah KH Zainal Mustafa teh bet kalah beuki ngajauhan bae.

KH Zainal Mustafa henteu panuju kana tindakan Jepang. Bangsa Jepang anu cenah rek ngabebaskeun bangsa Indonesia, dina emprona mah bet sarua ngagalaksakna jeung Walanda. Salila aya dina genggeman Jepang, bangsa urang teh kacida balangsakna.

Kahirupan rahayat harita leuwih balangsak ti Jaman Walanda. Hese dahareun, lantaran harta bandana digerejud ku Jepang, dipake bekel perang ku maranehna. Loba rahayat anu paeh langlayeuseun. Pakeanana oge henteu mangrupa. Dibaju kadut, kulit kai, atawa karet teh dianggap lumrah jaman Jepang mah.

Para pamuda anu jagjag waringkas dipaksa jadi tentara. Mun teu kitu dijadikeun romusha. Diarah tanagana bari henteu dibayar, pikeun kapentingan tentara Jepang. Loba anu ngan balik ngaran alatan romusha teh. Pokona mah kahirupan teh kacida susahana jaman Jepang mah.

KH Zainal Mustafa henteu api lain kana nasib nu karandapan ku bangsana. Terus wae nangtukeun sikep anu tegas. Pamarentah Jepang henteu kudu dibantuan. Malah leuwih jauh ti kitu, geus nyieun rarancang pikeun ngagempur Jepang. Jepang kudu ingkah ti nagara urang.

Eta rarancang teh dibagi dua bagian. Nyaeta rarancang dangka pondok jeung rarancang dangka panjang. Rarancang dangka pondokna, nyiapkeun mental rahayat jeung nyusun pasukan. Pasukan anu disiapkeun teh lobana 590 urang. Kaasup pasukan inti anu dipingpin ku Najmudin.

Salian ti eta, nyusun rayon pertahanan anu diwangun ku rahayat di sabudeureun Sukamanah, dipingpin ku Haji Hidayat. Anggota pasukan teh dilatih rupa-rupa kaparigelan perang, silat, malah aya anu dibina pikeun jadi ahli sabotaseu oge. Pokona mah sakur kaparigelan anu baris loba gunana dina derna perang.

Ari rarancang dangka panjangna Pasantren Sukamanah kudu milu kana revolusi nasional, nu harita keur disusun ku kekentong pulitik bangsa Indonesia di Jakarta. Ieu rarancang teh netelakeun yen KH Zainal Mustafa miboga sawangan anu jembar kana pasualan bangsana.

Tetela, sagala kagiatan KH Zainal Mustafa teh ditalingakeun ku pamarentah kolonial Jepang. Katambah deuih Jepang teh loba mata-matana ti bangsa urang keneh. Sagala kagiatan KH Zainal Mustafa di Pasantren di Sukamanah ditepikeun ka urang Jepang.

Narima eta laporan, para pamingpin Jepang sadar yen naon-naon nu dipilampah ku urang Sukamanah teh bisa ngabahayakeun kana kakawasaan pamarentah kolonial. Tuluy bae narekahan pikeun ngungkulanana. Taya deui carana, iwal ti kudu nangkep pamingpinna, nyaeta KH Zainal Mustafa.

Sababaraha kali Kempetai Tasikmalaya manggil KH Zainal Mustafa, boh ku surat boh ku kurir. Tapi KH Zainal Mustafa henteu mirosea. Henteu diturut. Sababna nyaho, sing saha anu dipanggil ku Jepang, sok terus ngaleungit. Mun teu dibui, nya dihukum pati.

Tayohna mah Jepang teh beak kasabaranana. Terus bae ngirim utusan ka Sukamanah. Maksudna pikeun nangkep KH Zainal Mustafa. Tangtu bae, KH Zainal Mustafa teh henteu narima. Para utusan maksa. Nya pihak Sukamanah oge henteu cicingeun. Pasukan pulisi, anggota Keibodan, jeung Camat Tasikmalaya anu jadi utusan Jepang tea, ditingker ku urang Sukamanah. Tuluy diseteling.

Para utusan Jepang teh nyerah we. Senjatana dirampas ku pihak Sukamanah. Tapi taya koban jiwa. Lantaran sikep pihak Sukamanah anu jelas, embung perang jeung bangsana sorangan. Memang harita nu jadi utusan Jepang teh kabeh oge bangsa urang keneh. Bangsa urang anu kumawula ka Jepang.

Eta kajadian jadi panyundut kana kajadian anu leuwih gede. Sukamanah dirurug ku pasukan pamarentah Jepang. Harita teh poe Jumaah. Sanggeus salat Jumaah, aya urang Jepang opatan ngabedega di pakarangan kobong Gunung Bentang. Bari neuteup sombong ka KH Zainal Mustafa, ngagupayan kawas ka badegana bae.

KH Zainal Mustafa nyampeurkeun. Dituturkeun ku para santri jeung rahayat Sukamanah. Pok salah saurang Jepang teh pidato. Eusina nuduh KH Zainal Mustafa geus nyieun kajahatan, lantaran henteu nurut kana parentah pamarentah Jepang, sarta geus ngarampas senjata utusan Dai Nippon. Sangkan urang Sukamanah salamet, kudu mulangkeun senjata-senjata anu dirampasna tea, sarta masrahkeun pingpinan Sukamanah.

Ceuk Si Jepang deui, bangsa Indonesia teu meunang aya nu ngalawan ka bangsa Jepang anu kawentar gagah. Malah, cenah, lamun aya hiji urang Jepang nu dipaehan di Indonesia atawa di Sukamanah, gantina teh sarebu nyawa bangsa Indonesia. Ngomong kituna teh bari baragagah-beregegeh, nganggap enteng ka nu aya di dinya.

Kawasna bae Panglima Najmudin geus teu sabar, pok ngajawab teugeug taya karisi, "Heug, kuring sarerea isukan rek indit ka Tasikmalaya, masrahkeun diri jeung senjata rampasan. Tapi sirah tuan-tuan Nippon anu opat ieu kudu dikubur heula di Sukamanah pikeun gantina!"

Ngadenge jawaban kitu, Jepang-Jepang teh ngarenjag. Tetela, urang Sukamanah teh geus teu bisa disingsieunan. Geus lali rabi tegang pati pikeun ngabela lemah caina. Ngadadak parias Si Jepang teh, nyaho pibahayaeun. Bari geumpeur buru-buru nyabut pestol. Tapi teu bisa walakaya da dikepung ku urang Sukamanah. Si Jepang dikurubut. Tilu Jepang tiwas sapada harita, saurang deui bisa kabur bari tatu. Manehna menta bantuan ka pasukan Jepang anu memang harita keur di satengahing perjalanan ka Sukamanah.

Sukamanah saterusna mah dikepung ti tilu jurusan, ti beulah kaler, wetan, jeung kidul. Kabehanana aya 11 kompi pasukan Jepang anu ngepung teh. Diwangun ku genep kompi pulisi istimewa ti sakuliah Jawa Barat, dua kompi pulisi, dua kompi Heiho ti luar Jawa, jeung sakompi pasukan istimewa Jepang. Jadi mangrupa serangan sabatalion lengkep.

Pasukan Jepang geus tepi ka Sukamanah. Pasukan Sukamanah ngagebeg. Lain pedah gimir. Tapi lantaran sadar yen Jepang geus ngagunakeun taktik adu domba. Tetela, pasukan anu dikirim ku Jepang ka Sukamanah teh lolobana mah bangsa urang-urang keneh.

Pihak Sukamanah anu kapapancenan nyegat pasukan Jepang di hareup jadi asa-asa. Sababna, aya parentah ti KH Zainal Mustafa sangkan nyingkahan silih pateni jeung bangsa sorangan. Keur kitu, pasukan Jepang asup ka Sukamanah. Sarta teu tata pasini deui, nembakan pasukan Sukamanah anu lolobana mah ngan mawa pakarang basajan saperti bedog, bambu runcing, tumbak, jeung batu.

Mimitina mah kawas taya nu ngalawan. Tapi barang pasukan Jepang geus deukeut, jlung-jleng pasukan Sukamanah laluncatan. Der perang, gelut raket adu hareupan. Terus maju teu malire kana pelor pestol, bedil, jeung mitraliur. Perang ragot antara para pamuda welasan taun sarta rahayat biasa ngalawan pasukan Jepang nu geus biasa perang.

Sanggeus ampir dua jam, pasukan Sukamanah kadeseh, lantaran eleh loba jeung eleh tohaga senjatana. KH Zainal Mustafa katangkep. Rahayatna anu masih keneh salamet dititah buru-buru kabur. Tapi hese lantaran Sukamanah geus dikepung ku pasukan Jepang. Lolobana mah katangkep sarta diborogod ku rante.

Isukna, pasukan Jepang ngaranjah Sukamanah. Rahayatna ditangkepan, sakur kobong jeung imah diburak-barik. Meh sakabeh anak buah KH Zainal Mustafa katangkep sarta ditahan di Singaparna jeung Tasikmalaya. KH Zainal Mustafa dibui. Mimitina di Tasikmalaya, terus dipindahkeun ka Cipinang. Nepi ka ditibanan hukuman patina, tanggal 25 Oktober 1944. (*)


Budi Rahayu Tamsyah

Kiai Haji Zainal Mustafa Kiai Haji Zainal Mustafa Reviewed by Rupa Sundapura on 21.20 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.