Kalakay Nu Maruragan

Taman teh tiiseun ari keur pere mah, teu cara sasarina nu sok pinuh ku mahasiswa nu ngadon dariuk ngobrol, maraca buku, atawa saukur ngarariung saleuseurian sempal guyon gogonjakan. Kalakay caringin jeung mahoni meni ngahunyud mayak dina jukut taman nu hejo. Sawareh minuhan bangku paranti diuk, kawantu peuting tadi teh hujan mani ngagebret dibarengan ku gelebugna angin jeung guludug nu patingjeleger. Poe Saptu jeung Minggu mah tara aya nu sasapu deuih di taman teh, milu pere patugas kebersihan oge.

Carita Pondok

Rada remen ayeuna mah diuk di taman kampus teh. Sok ngahajakeun. Najan pere kuliah ge, osok ka kampus, ngadon diuk ngalangeu. Aya kalana sawangan teh nungtun imut, tapi mimindengna mah kalah mawa reumbay cimata. Jiga nu kurang saeundan kalakuan teh. Enya, teu waras lamun dipikir-pikir mah. Sugan teh baheula mah ukur carita atawa ukur aya dina lagu istilah ‘cinta gila’ teh, teu nyaho mah geuning ayeuna kaalaman. Enya, nu kieu meureun ari cinta teh, nu nyiksa hate, nu matak rudet pipikiran, nu matak teu tibra sare jeung teu mirasa dahar.

Ret kana bangku beulah katuhu. Nyeh kuring imut ngagelenyu, rindatna laju kokolebatan deui dina sawangan. Bangku nu pinuh kalakay caringin teh nyimpen carita. Hamo bisa poho. Minggu kamari dina bangku eta kuring diuk paduduaan jeung manehna. Diuk ngarendeng jeung Adit, lalaki nu salila ieu teu weleh ngalangkang dina hirup kuring. Cinta jaman SMA nu natrat nepi ka kiwari. Carita lawas anu hamo bisa laas. Manehna mah tangtu mo surti yen rasa tresna nu baheula, masih langgeng nyampay dina hate nu can tuus raheutna.

Bet jauh ti panyangka, padahal teu ngimpi-ngimpi acan, bisa ngobrol pahareup-hareup jeung bisa neuteup imut manehna. Dina lamunan ge, teu kabayang tadina mah. Asa pamohalan bisa narima SMS 'Asalammualaikum' deui oge. Boro-boro ngarepkeun SMS, puguh asa geus teu boga harepan manehna bisa inget keneh ka kuring ge.

Tadina oge kuring mah geus boga kaputusan rek nyimpen rasa ieu keur sorangan. Moal ngarepkeun manehna boga rasa nu sarua. Sadar pisan kuring ge, cinta mah teu bisa dipaksa. Cinta mah masalah nu patali jeung hate, teu bisa dihayang-hayang, teu bisa diembung-embung. Kuring moal maksakeun manehna kudu boga rasa nu sarua, oge moal maksakeun maehan kembang asih nu geus kagok tumuwuh mangkak na jero dada. Geus buleud tekad teh, rek nuturkeun rasa. Moal maksakeun mopohokeun manehna, da geus puguh hese pisan mupus manehna tina jero dada.

Muhamad Aditiya ngaran legkepna mah, babaturan sakelas kuring jaman SMA. Ukur babaturan tadina mah, teu mikir-mikir acan kudu boga rasa saperti ayeuna. Manehna nu ngamimitian ujug-ujug balaka nepikeun rasa cinta ka kuring. Serius cenah. Teuing kunaon deuih kuring ge bet percaya. Ku kuring ge tuluy we ditarima. Rasa ka manehna ge nuturkeun jadi robah deuih, leuwih ti saukur rasa nyaah ka nu jadi babaturan biasa.

Teuing, teu ngarti kuring oge. Rasa kieu teh datangna ujug-ujug. Teu mere nyaho. Euweuh isarah samemehna. Nyulusup kana sela-sela hate, sumarambah kana bayah. Nepi ka kuring teu sadar aya nu beda dina kahirupan. Aya bungah, era, reugreug, awor nyiptakeun pulas kayas dina jero dada. Ka sakola jadi sumanget, balik ka imah sok tuluy umat-imut sorangan. Hirup teh karasa endah. Ti poe ka poe, teu weleh dipapaes ku imut. Imut nu pangamisna, imut nu giung ku buah gandrung.

Ngan, geuning kaayaan kitu teh henteu lana. Dua minggu ti harita, Adit nyebutkeun yen basa ngomong kitu teh ukur heureuy. Kabeh SMS nu eusina sajak cinta teh ukur heureuy. Piraku cenah teu bisa ngabedakeun heureuy jeung serius. Asa remek saharita jajantung teh. Rasa ambek, keuheul, nyaah, jeung era mutuh pagalo, nyelek dina dada.

Adit menta hampura. Kuring bingung. Lain kuring teu bisa ngahampura, tapi kumaha atuh, da marojengjana hate teh geuning teu bisa leah ku kecap hampura. Asa ku babari, teu mikirkeun manehna mah, yen katresna kuring ka manehna teh geus kagok tumuwuh di satungkebing lolongkrang hate. Bingung kudu dikumahakeun, da geuningan hese sirnana.

Pleng we, ti harita mah kuring tara patanya. Sakalieun kudu paamprok ge kuring sok buru-buru miceun beungeut. Adit nganggap kuring ceuceub ka manehna. Enya bener, kuring teh ceuceub. Ah lain ketang, ukur keur diajar mikaceuceub. Kusabab geus sakuduna kuring ngewa. Geus weleh kuring ngipuk kaceuceub dina sela-sela hate. Hayang ngaganti rasa tresna ku kaijid. Tapi weleh teu bisa. Kuring teu bisa ngejatkeun duriat. Katresna masih nyaliara dina dada. Najan enya, moal dipungpang ku kuring ge, rasa kieu teh nyiksa.

Ti Neng Nisa cenah meunang nomer HP kuring teh. Ukur nelepon nanyakeun kaayaan kuring tadina mah. Ngobrol ngaler-ngidul we dina telepon teh. Henteu nyabit-nyabit masalah tilu taun katukang. Ngahaja ku kuring sok dipengkolkeun jejer obrolanana lamun geus rek ngomongkeun perkara eta teh. Nepi ka poe Senen kamari, Adit nelepon geus aya di daerah kampus kuring cenah, hayang panggih. Leuh, perang sabil jeroning dada. Di kosan jadi riweuh teu puguh. Bungah, tapi oge bingung.

Isuk keneh harita teh. Kakara jam genep. Manehna rusuh cenah, jadi ngajak panggih harita keneh. Atuh puguh we beuki bingung, pak-pik-pek teu puguh. Lieur neangan baju nu pantes. Tadina mah hayang dangdan sina alus ari panggih jeung Adit teh. Hayang katingali geulis di hareupeun Adit. Tapi da boro-boro dangdan atuh, make baju ge puguh kalah padu rap. Geus nungguan di hareupeun tukang foto copy cenah. Sasatna tipaparetot leumpang oge, satengah lumpat kuring muru ka tempat nu geus pasini.

Adit ngajak muru ka taman kampus. Leuh Gusti, ku lelenyapanana ieu hate. Mani asa teu napak basa leumpang ngarendeng jeung Adit teh. Jantung ratug tutunggulan teu puguh wirahma. Tingsariak, tingseredet. Kuring geus teu bisa ngarampa kaayaan hate kuring harita, asa geus kebek teuing ku kabungah. Bungah anu pacampur jeung geumpeur.

Gelenyu, rarasaan mah kuring imut. Bangku nu pinuh ku kalakay teh diteuteup kalayan anteng. Asa karasa keneh hate nu seseblakan basa diuk paduduaan ngobrol jeung manehna.

"Rahma mah alit wae nya, teu pangling-pangling!" pokna.

Ku kuring ukur diwaro ku imut.

Sakapeung mah ukur sora manuk nu recet keur arulin, patingaracleng dina dahan kai. Can rame taman teh da isuk keneh. Jadi, kalah bingung neangan piomongeun kuring teh, kalah paadu betem.

"Kamari ka Sumedang hujan?" ceuk kuring, manggihan piomongeun.

"Ukur murupuy, ari ka Bandung ageung kitu?"

"Ageung unggal dinten oge ka Bandung mah!"

Bep deui caricing, enyaan asa teu penting, hujan wae diomongkeun, asa teu kudu sabenerna mah.

"Rahma, hapunten Adit nya!" pokna meupeuskeun kasimpe, laju rumahuh. "Adit lepat pisan!"

"Muhun, nu atos mah wios, Dit!" walon kuring.

"Rahma...!"

"Rahma mah teu kunanaon da!" tempas kuring, laju tungkul ngucel-ngucel tungtung tiung. Bet karasa peurih dina dada, kuring ngabohong deui. Ah, lamun mah biwir bisa balaka. Bisa wakca nembrakkeun rasa nu geus lila ukur dikemba. Meureun salila ieu kuring moal kasiksa.

Saenggeus rada lila ngobrol ngaler-ngidul bari jeung loba pabetem-betem, Adit teh tuluy we pamitan. Enya rusuh cenah. Tuluy we kuring ge ka kelas da aya kuliah.

Di kelas, nu diburu teh Nineu, sobat dalit kuring, tuluy ngabudalkeun rasa nu kebek ku kabungah ka Nineu.

"Adeuy...! Jadi pasti da!" ceuk Nineu sumanget nanggap kuring cumarita.

"Moal ngarepkeun tikapungkur ge Rahma mah, inggis peungas harepan ah!" ceuk kuring bari nyiwit gorengan nu keur didahar ku Nineu.

"Ah Rahma mah kitu wae da, saha nu terang atuh. Boa mah salami ieu teh Adit oge gaduh rasa nu sami, ehem...ehem...!"

"Ih naon atuh Nineu mah, tos ah tong dibahas deui!" walon kuring.

"Ih, itu geura, pipina meni beureum! Adeuh...adeuh!" Nineu beuki pogot ngaheureuyan.

"Eh, Pa Hernawan tos kadieu tuh Neu. Sssttt...ah jempe!" ceuk kuring bari ngaluarkeun pulpen jeung buku catetan, asa jadi jalan ngeureunkeun Nineu nu maceuh ngaheureuyan. Aya resepna digeuhgeuykeun ku Nineu teh, tapi aya oge karisi.

Kuliah tilu SKS teh asa sakeudeung. Enya da kuring mah najan enya ge aya di kelas, ari pikiran mah masih manteng ka Adit. Asa masih keneh diuk di taman. Teu dipalire dosen nu ngomong dihareupeun kelas mah. Tuluy inget ka omongan Nineu, enya nya boa mah salila ieu ge Adit boga rasa ka kuring. Antukna salila tilu SKS teh kuring mah sibuk ngawawaas cinta nu endah jeung Adit.

Beres kuliah, kuring tuluy muru ka taman kampus deui. Ngadon ngarengi-rengi harepan. Harepan diparengkeun pasimpay patepung tresna. Saban peuting nu kapicileuk teh ukur Adit. Unggal nampa SMS ti Adit, teu sirikna ajrag-ajragan. Padahal SMS teh biasa, ukur nanyakeun 'kumaha damang'. Malah sering oge ukur nanyakeun nomor babaturan SMA baheula. Tapi keur kuring mah SMS kitu teh manglapis-lapis hartina. Cirining asih Adit ka kuring eta teh. Emh, mani asa jadi pang-Juliet-na anu dipicinta ku Romeo ukur kitu ge.

Nepi ka hiji poe, siga sasarina, kuring muka Facebook manehna. Tetela aya wanoja nu nulis dina wall Adit. 'I love you!' cenah. Di handapna Adit mere jempol. Kuring ngabigeu, asa ragrag jajantung. Piceurikeun nyelek dina tikoro. Karasa eungap dina dada. Ngadadak leuleus saawak-awak lir dipupul bayu. Facebook wanoja eta ku kuring dibuka, tuluy maca profilna. Nuri ngaranna teh, masih sakola di salah sahiji SMA di Cimalaka. Tatu teh asa diawuran ku uyah, basa ningali aya foto Adit keur ngarendeng jeung wanoja eta. Peurih. Duh Adit, na atuh ari kuring bet ku bodo make jeung nyimpen harepan ka anjeun. Anjeun mah moal pernah boga rasa nu sarua jeung kuring.

Enya teu ngabibisani kuring ge, geulis Nuri teh. Kulitna nu omyang koneng, awakna nu jangkung lenjang dipasieup ku imut manisna. Estu nurub cupu jeung Adit anu kasep tur gandang. Sedeng ari kuring, leuh...naon atuh anu kudu dipikaresep ku Adit ti diri kuring. Lebah dieu kuring ge sadar. Kuring jeung Adit mah lir cecendet mande kiara. Kuring cecendet, ari Adit kiara. Ngan naha atuh ieu rasa meni teu daek ngarti.

Panon kuring teu leupas neuteup bangku nu pinuh ku kalakay, lagu ti band D’cinamons nu remen diputer tisaprak diteungteuingan ku Adit, masih ngagalindeng tina headseat nu napel dina ceuli kuring.

Andaikan ku dapat mengungkapkan perasaanku
Hingga membuat kau percaya...

Hiliwir angin nebak dangdaunan nu geus karoneng. Pluk, aya kalakay mahoni nu murag hareupeun kuring. Kalakay teh dicokot, tuluy diteuteup. Aya kalangkang Adit nu keur imut. Aya nu ngeclak kana kalangkang imut Adit. Leungeun kuring laju pakupis nyusutan cimata nu beuki angot nyurucud tina sela-sela panon, teu kaampeuh.

Angin beuki ngagelebug ngoyageun tatangkalan. Daun nu karoneng murubut maruragan, bareng jeung muragna buah harepan cinta kuring, nu kamari tingkuniang dina tangkal katresna nu hejo lembok. Adit moal kungsi boga rasa nu sarua jeung kuring tapi katresna mah masih jiga nu baheula, dipupusti dina rasa kuring sorangan. Ukur keur sorangan. (*)


Diropea ti SundaNews.com
Kalakay Nu Maruragan Kalakay Nu Maruragan Reviewed by Rupa Sundapura on 21.30 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.