Si Kabayan Ngala Nangka

Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. "Nu kolot ngala nangka teh, Kabayan!" ceuk mitohana.

Kencling Si Kabayan ka kebon, nyoren bedog rek ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gede pisan. Tuluy wae diala. Barang dipanggul kacida beuratna.

Dongeng Si Kabayan

"Wah, moal kaduga yeuh mawana," pikir Si Kabayan teh. Tuluy we nangka teh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. "Jung wae balik ti heula, da geus kolot ieuh!" ceuk Si Kabayan teh nyarita ka nangka.

Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.

"Kabayan, meunang ngala nangka teh?"

"Komo we meunang mah, nya gede nya kolot," tembal Si Kabayan.

"Mana atuh ayeuna nangkana?" Mitohana nanya.

"Har, naha can datang kitu? Apan tadi teh dipalidkeun dititah balik tiheula," ceuk Si Kabayan teh.

"Ari maneh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!" Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.

"Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik," ceuk Si Kabayan bari ngaleos. (*)

Si Kabayan Ngala Nangka Si Kabayan Ngala Nangka Reviewed by Rupa Sundapura on 21.33 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.