Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 4)

Teu sing baranang ku bentang, teu sing aya bulan ngagandeuang, tapi peuting eta teu burung endah keur Inu. Najan ukur dipapaes ku langit anu meredong, teu burung betah kumelendang handapeun amparanana.

Sanggeus Halimun Peuray

"Iraha sumping ti Bandung Kang Inu teh?" rada ngalende nyaritana Mila teh. Leungeun kencana nyoo ramo-ramo leungeun Inu nu katuhu.

"Mangkukna," tembalna pondok.

"Naha atuh mani nembe ayeuna ka dieuna?" Leupas ayeuna mah leungeun ngajaleprit nu nyoo ramo-ramo leungeunna teh.

"Ah teu kunanaha."

"Tos bosen, nya," cek Mila bari ngised ngajauhan, tapi Inu ge geuwat ngadekeutan deui. Leungeun Mila dicekel pageuh.

"Ulah waka bendu atuh, dangukeun heula!"

"Duka ah...," cek Mila.

Keleneng...keleneng tukang sakoteng nakolan piring beling, sorana jauh keneh, tapi geus atra ari kentrengna mah. Hiliwir angin nebak tiis.

"Saleresna mah Kang Inu teh aya picarioseun..."

Caritana Inu teu kebat. Geus meunang ngukir, geus meunang mapantes picaritaeun naon anu rek ditepikeun ka Mila teh. Ngeunaan dirina nu geus kawin bobohongan ka Awit. Tapi naha bet asa aya nu ngahulag. Nyaram nyaritakeun dongeng nu geus meunang ngukir teh. Ngajelengeng caritaan indungna, cenah manusa mah aya mangsana nyorang dosa. Ayeuna Awit keur nyorang dosa.

Tapi sok sieun Mila nyahoeun manten ti batur. Ma'lum beja sok leuwih harus ti goong. Ngeungkeung ka jauhna Bandung-Garut kitu moal sabaraha hesena nepi.

"Terang Mila oge...," cek Mila. Ngarandeg Inu teh. Naha enya kitu Mila nyahoeun. Moal kitu Yuyum nu ngabejaanana. Piraku? Jeungna deui pan Yuyum ge geus diwawadian ulah loba carita.

"Naon cing?" cek Inu neger-neger maneh.

"Kang Inu nembe beres ujian. Kitu, nya?"

"Pinter Mila mah," cek Inu rada ngemplong. Sanajan hatena mah cangcaya, naha enya eta caritaanana teh. Ku hese atuh ngajugjugan hate manusa, ku hese atuh neuleuman eusi dada manusa.

"Sanes nanaon, Mil, Kang Inu teh..."

"Sok atuh ngadongeng naon, ku abdi didangukeun!"

Caritakeun wae kitu satarabasna yen manehna geus kakawinan jeung Awit lantaran nulungan wiwirang sobat indungna? Tapi naha wanita pantar Mila bakal percayaeun yen manehna teu kungsi ngalaksanakeun pagawean ilaharna panganten anyar? Kawas moal percayaeun, moal meueus-meueus acan. Leuwih hade tong dibejaan wae kitu. Tapi kumaha mun kaburu nyahoeun?

Ku sarwa salah atuh. Jeung ku sieun pisan Inu mah leungiteun Mila teh. Bongan kadeudeuh geus lawas maneuh, geus heubeul eunteup dina dirina. Bongan geus hese mopohokeunana. Kadeudeuh nu ngawujud jadi cita-cita hayang ngahiji.

Kelentreng piring nu ditakolan ku tukang sakoteng beki deukeut, beuki deukeut. Teu lila lar doronganana ngaliwat ka hareupeun maranehna.

"Ih, ku teu aya damel, kolot-kolot nakolan piring," cek Inu. Key Mila seuri. Jeletot nyiwit kana puhu leungeunna. Leungeun nu nyiwit dicentok tarik nepi ka kabawa jeung awakna. Laun panon Mila peureum. Gulutrak sora nu tumpak kareta mesin ditarikkeun, sigana ngaliwatan jalan nu rada legok.

"Kang Nu..."

"Hmmh...?"

"Sono Mila mah."

"Kang Inu ge..."

Bray lampu mobil nyebrot cahayana, tapi mobilna mah kakara kadenge gerungna. Teu lila katenjo nyerepet, ngan sakilat pisan ngaliwatan buruan. Breh beunguet Awit dina pikiran Inu. Teuing keur naon manehna ayeuna. Mun seug Mila nyahoeun, tada teuing raheut hatena sanajan dina dirina taya naon-naon, taya rasa naon-naon ka Awit teh.

"Sok, tuh...! Cenah bade ngadongeng!" cek Mila. Sirahna nyangsaya dina taktak Inu. Kaambeu buukna seungit.

"Aya hiji raja, kagungan putra opat...," Inu ngarandeg.

"Teras?"

"Teras nu cikal pupus, kantun tilu deui."

"Teras?"

"Teras pupus hiji kantun dua..."

"Teras?" jeletot nyiwit, teu gancang dileupaskeun. Peurih peurihna mah Inu teh, tapi asa teu hayang leupas tah leungeun nu nyiwit teh.

"Teras pupus deui kantun hiji..."

"Teras pupus hiji deui kantun...seep nya. Sok bade nyarios naon?"

"Aduduh...duh..." Persis tapak diciwit ku Yuyum nu ayeuna diciwit ku Mila teh. Awewe jeung nyiwit mah, kawas gula jeung kopi, adu manis. Enya, bet jadi inget kana caritaan Yuyum, cenah Mila reureujeungan jeung lalaki, sakalian rek ditanyakeun.

"Mila...cenah tepang sareng Yuyum keur sareng pameget?"

Mila teu nembalan, tapi ngan sakeudeung, terus nyanghareup ka Inu. Mun bisa mah, Inu ku hayangeun ngobet eusi hate mojang nu ayeuna aya di hareupeunana. Tapi kapan nu pamohalan tea bisa kajadian.

"Eta teh Emang Mila. Kapirai Ema, ngan tos rada laer. Naha Yuyum ngadongeng ka Kang Inu?"

"Atuh kantenan we."

"Emang Mila ta teh."

Inu neangan bebeneran dina panon Mila. Cenah awewe sok katara ari ngabohong. Tapi Mila bangun teger, bangun teu sieuneun. Teu bangun nu reuwas, teu bangun nu ngadegdeg. Enyaan meureun mana kitu ge, teu ngabohong.

"Emang nu mana? Kang Inu mah asa teu acan tepang," cek Inu.

"Atuda wargi tebih. Ke ari Kang Inu ka dieu, kaleresan Emang ka dieu urang tepangkeun."

"Sering kitu ka dieuna?" cek Inu. Ngaheureuyan maksudna mah. Tapi Mila kalah tungkul semu nu teu ngeunaheun ku omongan Inu nu bieu. Manehna ngabigeu teu nyarita nanaon. Geuwat Inu nyanghareup ka Mila.

"Ku naon, Mil?" cek Inu.

"Ah, teu ku nanaon."

Sirah Mila tungkul. Inu ngarasa manehna nu ngaruksak kaayaan. Keur meujeuhna hegar cangra, jadi melegmeg.

"Naha Mila bendu pedah Kang Inu naros kitu?"

"Ah, henteu."

"Geuning baeud?"

Lila Mila teu ngajawab. Gerung mobil jeung motor bangun papaheula muru tujuan. Sanajan katenjona ngaliwat ngan sakolepat, tapi sorana mah kadenge keneh tepi ka sababaraha menit.

"Atuda Kang Inu mah bangun teu percanten kana cariosan Mila teh."

"Haar...naha kitu, da enyaan Kang Inu mah naros, sering henteu Emang teh sumping ka dieuna."

"Hartosna Kang Inu curiga, siga nu...nu sinis."

Inu ngabarakatak. Mila dikeukeup pageuh. Kana sela-sela buukna Inu ngaharewos, pinuh ku geter kadeudeuh.

"Percanten atuh, Geulis...!"

"Kang Inu teh teu kedah cangcaya, kapan urang teh tos sakitu lamina sasarengan, maenya Mila tega sasarengan deui sareng nu sanes."

"Muhun percanten...punten we atuh, nya Mil."

Hiliwir angin peuting nebak tiis. Najan langit poek meredong, oyagna dangdaunan katara keneh, kacahayaan ku lampu jalan nu caang mabra. Aya reungit nu ngurilingan lampu, terus rabeng, teu lila areuweuh. Tapi teu kungsi sababaraha menit breng deui muter deui, muter ngurilingan lampu.

"Kang Inu, emh...ari Kang Inu iraha bade mundut Mila ka Ema?"

Inu ngabetem. Kudu iraha atuh nembalan teh? Ras inget, sanajan sipatna bobodoan, tapi manehna geus kacatet resmi jadi salaki Awit. Mun can ngalahirkeun, manehna moal bisa pipisahan. Hartina paling saeutik kudu ngadagoan lima atawa opat bulan deui. Mun Mila hayang tereh-tereh, kumaha atuh ngakalanana? Bebeja wae kitu yen manehna teh nulungan Awit. Tapi eta karisi, inggis Mila teu percayaeun, enya-enya neundeut ngabeungbeuratan hatena. Leungiteun Mila hartina leungiteun sumanget hirup, leungiteun sumanget diajar, leungiteun sumanget gawe. Lantaran ayana Mila, hirupna teh asa aya maduan. Lantaran ayana Mila, cita-cita hayang jadi jelema teh nanjeurna. Tapi kapan cek indungna ulah waka pipisahan memeh budak Awit lahir. Inu ngarahuh.

"Kang Nu, geuning ngalamun?"

"Emh, naha Mila teh hoyong geura-geura kitu?"

"Ah, henteu...ieu mah naros we..."

"Pan saur Mila, Kang Inu kedah tamat heula sakola."

Mila ngalende. Leungeunna nu kenca nyoo ramo-ramo leungeun Inu. Brul reungit teh ngabrul deui kana tempat nu caang. Sawareh karasa ngahieng ngadeukeutan tempat nu duaan dariuk.

"Sabaraha taun deui, Kang Nu?" cek Mila.

"Opat taun deui," cek Inu heureuy.

"Ah Kang Nu, atuh Mila kaburu sepuh manten..."

Inu ngagebeg. Rada hemengeun ku caritaan Mila. Kapan sababaraha bulan ka tukang kungsi pakait jangji, Mila rek satia ngadagoan Inu nepi ka tamat sakola. Naha ayeuna Mila bet nyarita kitu? Rek digareuwahkeun teh Inu asa karunyaeun. Tapi ari panasaran mah teu weleh.

"Keun we sepuh ge, da keur Kang Inu ieuh."

"Ah, sieun Mila mah, pek teh Kang Inu ka nu sanes."

"Paling ge Mila nu ka nu sanes."

"Tuh... nya, teu acan nanaon tos timburuan."

"Atuda Kang Inu mah nyaah."

"Mila ge."

"Naon nu Mila ge? Nyaah ka Kang Inu?"

Mila unggeuk. Duaan paheneng-heneng. Hieng reungit ngahieng ngadeukeutan, clo dina puhu leungeun Mila. Tapi nu dicoco teu ngarasaeun, bangun keur jongjon. Ukur kadenge renghap napasna, bangun dipepeg.

"Mila...!" cek Inu. Sorana ngahegak.

"Kah...!"

Inu ngarandeg. Aya pananya dina hatena, tapi teuing ti mana datangna. Bieu, cikeneh karandapan, aya rengkak nu sejen dina diri Mila nu samemehna tara kajadian. Manehna neuteup lila naker ka Mila.

"Nyaan Mila tara sasarengan sareng nu sanes?" pokna teu pupuguh.

"Ku naon Kang Inu teh?"

"Ah, henteu."

Jempe deui. Toktok tukang baso kadenge hawar-hawar. Selang samenit kadenge ketrokna rada dkerepan. Kasono nu tadina ngagedur ngagugudag, lir dibanjur ku cai saember pinuh. Rengkak Mila bieu basa keur nyacapkeun kasono, asa sejen ti sasari. Jeung aya geulang emas nu ngalingker dina pigeulangna. Ari ali, ali pamere manehna ka mana? Henteu dipake?

"Kang Inu, Mila mah mun tos nikah alim sabumi sareng sepuh."

"Naha?" cek Inu pondok.

"Seueur kajantenan ari ngahiji sareng sepuh teh. Boh sareng sepuh ti pihak istri, boh sareng sepuh ti pihak pameget, eta ku barebedanana. Mila sok ngadangu-dangu. Lah hoream Mila mah."

"Nya urang usahakeun misah we atuh, nyewa-nyewa bae mah."

"Resep meureun nya, Kang Inu?"

Inu ngareret kana beungeut Mila. Anyar-anyar pisan eta sora teh kadenge. Hartina hiji tanjakan ti diri Mila, nu samemehna mah tara nyaritakeun sual kakayaan, sual imah, sual sagala. Naha geus nincak kadewasaan kitu Mila teh? Tapi Inu teu papanjangan. Mila dikaleng. Rasa deudeuh, rasa nyaah, ngagunduk dina dadana, awor jeung rasa hariwang, paur alahbatan rek maut hinis. Sok sieun cita-cita nu geus dipatri teh teu ngajadi.

"Kang Nu. Mila mah hoyong naker gaduh acuk buludru model ayeuna."

Enyaan ayeuna mah Inu teh ngajenghok. Lain wae sora anyar, lain wae rengkak anyar, tapi pamolah, sagala alanyar karasana.

"Mila hoyong dipangmeserkeun acuk?"

"Naha kitu Kang Nu, pan Kang Inu teh nyaah ka Mila nya. Mila mah sok sirik, cenah Yuyum sok dikintun acuk ku Kang Inu, geuning ka Mila mah tara."

"Pan cenah saur Mila, ari ku taeun dipasihan acuk teh sok atosan."

"Ah nonsen Kang Inu, bohong, ulah percanten ka nu kitu."

Nonsen? Nyaho ti mana Mila kecap kitu? Na sok reureujeungan jeung saha atuh Mila teh make motekar ngagunakeun kecap kitu sagala? Kamajuan meureun. Kayungyun, enyaan kayungyun.

"Nya atuh ari saur Mila nonsen mah, ke ku Kang Inu dipang..."

Jeletot leungeun diciwit. Inu ngagurubug. Mila terus ngagebugan. Ditewak leungeunna ku Inu, terus diteuteup. Ku hayang nyaho atuh, saha nu sok reureujeungan jeung Mila teh? Mun mojang, mojang ti mana? Mun lalaki, lalaki saha nu mere hawa anyar kana kahirupan Mila?

"Kang Inu...leupaskeun!"

"Sok atuh nyarios, nyaah keneh Mila teh ka Akang?"

"Kunaon Kang Inu teh?"

"Henteu kunanaon, sok waler nyaah keneh henteu?"

"Nyaah..., nyaah...!"

"Daek naon?"

Gutrak panto muka. Inu ngaleupaskeun leungeun Mila. Lol indungna Mila ka luar. Inu nyerengeh, geuwat rengkuh bari imut.

"Di lalebet atuh, Cep Inu, angin!"

"Mangga...!" cek Inu nyerengeh. Teu lila indungna Mila asup deui ka jero. Mila ge nitah Inu asup nuturkeun manehna.

Peuting beuki poek. Beuki lila beuki jempling. Lila Inu paheneng-heneng, tapi terus rasa. Tindakan indung Mila bieu teh sacara teu langsung ngelingan yen ayeuna teh geus peuting.

Nepi ka pamitanana, nepi ka lekasanana obrolan, nu diajam rek dcaritakeun teh bolay, kagareuwahkeun ku rengkak Mila nu sarwa anyar, sarwa teu pikahartieun. Tapi kateupercayaanana dilelepkeun ka jero...jero pisan. Pamuga Mila teh angger Mila nu bareto, gerentesna ka angin peuting nu maturan manehna leumpang nyorangan. (*)

Sambungan ti Bagian 3 Nyambung ka Bagian 5

Aam Amilia

Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 4) Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 4) Reviewed by Rupa Sundapura on 22.03 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.