Sasakala Cigondewah

Jaman baheula, aya karajaan anu ngaranna Karajaan Sindangsari. Ari anu jadi rajana katelah Bagenda Raja Singa Mandala. Raja anu adil tur wijaksana. Bagenda Raja kagungan putri anu keur sumedeng rumaja putri, nyaeta Putri Mayang Sawitri. Putri geulis bawa ngajadi, endah bawa ti kudrat.

Sasakala Cigondewah

Kageulisan Putri Mayang Sawitri geus kawentar ka mana ka mendi. Loba pangeran jeung raja anu boga maksud pikeun ngalamar, tapi kabehanana ditolak ku Putri Mayang Sawitri. Bagenda Raja Singa Mandala kacida hariwangna, dumeh sakabeh pangeran jeung raja ditolak lamaranana. Bagenda sieun raja-raja anu ditolak lamaranana teh nyerang ka Nagara Sindangsari.

Hiji waktu Raja Jaya Dilaga ti Nagara Margaasih datang jeung rombonganana. Maksudna taya lian, rek miharep ka Nyi Putri Mayang Sawitri. Tapi nu ieu ge sarua deuih ditolak lamaranana. Atuh Bagenda Raja Singa Mandala teh beuki geumpeur kacida. Sok sieun Raja Jaya Dilaga bendu, tuluy nyerang karajaan manehna.

Teu jauh tina panyangka, amarah Raja Jaya Dilaga geus teu katahan, lantaran lamaranana tea ditolak. Anjeunna ngajak perang ka Raja Singa Mandala. Raja Singa Mandala teu bisa nolak kana tangtangan Jaya Dilaga. Anjeunna sayaga nyiapkeun balatentara di karajaanana. Sakabeh balatentara Sindangsari make pakarang panah jeung gondewa pikeun mapag perang.

Wanci subuh, balatentara Sindangsari ngajugjug ka tempat perang. Tangara perang geus ditabeuh. Prajurit Sindangsari ngaleut ngeungkeuy ka pangperangan. Bari teu poho mawa panah jeung gondewa tea. Kira-kira wanci manceran, perang campuh dimimitian. Singhoreng para prajurit Margaasih leuwih kuat tinimbang para prajurit Sindangsari. Ari sababna, jumlahna leuwih loba sarta pakarangna leuwih samakta.

Para prajurit Sindangsari kadeseh, sarta loba nu palastra, gugur di medan jurit, teu kuat ngayonan musuhna. Malahan Raja Singa Mandala oge perlaya sapada harita. Ningali ramana perlaya, Putri Mayang Sari nyabut keris, rek terus labuh geni, maehan maneh, tega kana nyawana sorangan. Ngan creb we, keris teh ditubleskeun kana beuteungna. Sarta harita keneh oge Putri Mayang Sari nemahan pati ku kerisna sorangan. Ningali kaayaan kitu mah, ngarasa puas hate Raja Jaya Dilaga teh. Manehna ngarasa sugema, sabab anu nganyerikeun hatena geus sah ti alam dunya.

Ku sabab di eta tempat teh loba para prajurit Sindangsari anu perlaya, sarta marake senjata panah jeung gondewa, nya ti harita eta tempat teh ku Raja Jaya Dilaga dingaranan Cigondewa. Nu ahirna robah jadi Cigondewah, anu asalna tina gondewa tadi. (*)

Sasakala Cigondewah Sasakala Cigondewah Reviewed by Rupa Sundapura on 22.51 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.