Disangka Ngadu’a

Seuri koneng

Ceuk kolot, mun lalajo wayang golek poma ulah balik mun ki dalang can cacap nutugkeun carita. Mun dipungpang atawa ngalanggar kana eta caritaan bakal dipegat ku sandekala.

Eta oge lain teu inget kana eta caritaan, balik soteh inget kana dagangan nu kudu diiderkeun ka pasar subuh-subuh. Matak Jang Oding maksakeun balik jam dua welas peuting dina tengah garapan dalang.

Mangkaning jalan sorangeun teh ngaliwatan leuweung gerotan, leumpangna digancangkeun. Beuki deukeut ka leuweung, sora sasatoan beuki atra kadenge. Manuk sit incuing jeung koreak disada matak kukurayeun bulu punduk. Papadaning kitu Jang Oding ngawani-wani maneh. Teu kanyahoan samemehna, ana gajleng teh maung gede ngajleng ka hareupeun jajalaneun pisan. Arek lumpat pasti katewak, ari ngalawan lain lawaneun. Pamustungan Jang Oding ngudupruk ngadu’a. Aya sapuluh menit ngado’ana teh, tapi aneh eta maung teu gep ngerekeb. Bakat ku atoh manehna sujud sukur, tuluy nyarita:

Jang Oding: "Nuhun Gusti, sim abdi dipendakeun sareng maung soleh. Tibatan ngerekeb abdi, katembong kalah ngadu’a."
Maung: "Enya bener pisan, kuring teh kaabus maung pang solehna, dimana kuring manggih hakaneun, saencanna ngahakan sok ngadu'a heula."

Ngadenge kitu Jang Oding kapiuhan.

Disangka Ngadu’a Disangka Ngadu’a Reviewed by Rupa Sundapura on 23.13 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.