Ada Main

Jeung saenyana lurah hasil nyundutan urang lembur. Poe eta Mang Ursin ninggalkeun heula paculeun. Ki Sarja merenan heula anyameun. Kang Sabri nutup heula warung. Mang Sarip ngahaja teu ngurilingkeun dagangan. Meh kabeh lalaki urang lembur ngabring rek ngadongdon kantor kacamatan. Mapay-mapay totoang siga keur ngajajapkeun panganten, jiga nu rek seserahan. Pucuk ti girangna mah: listrik!

Ada Main

Desa Karangsaga kaliwat teu kabagean listrik. Padahal lembur beh girang jeung hilireunana mah geus raang. Nu jadi ambek urang lembur, naha atuh ukur kabelna wungkul nu ngaliwat ka luhureun desa teh.

"Piraku urang teu ngarasa diteungteuinganan?" ceuk lurah. "Lain kuring kurang usaha, inget! Tapi camat anyar jiga sentimen ka desa urang!" pokna deui basa rapat LKMD. "Memeh nepi ka desa hilir ge, kuduna mah kapan ka urang heula. Camat anyar jeung oknum PLN jiga ada main!"

Lurah awong-awongan. Jeung enyana, urang Karangsaga kakoet ambekna.

Bari abring-abringan maranehna padungdengan.

"Kumaha engke pokpokanana ka camat?" ceuk salah saurang.

"Menta kaadilan we kituh!"

"Urang sebut, camat teu gableg cedo!"

"Ah, kasar teuing ari kitu mah."

"Har, naha urang ayeuna rek popoyongkodan kitu?"

"Ari rek kitu mah ku saurang ge mahi!"

Sarerea unggut-unggutan nyaluyuan.

"Maksud teh sing wajar we."

"Nu wajar-wajar mah kapan enggeus ku lurah. Urang mah kapan rek ngalakonan nu teu wajarna."

Sarerea unggut-unggutan deui.

"Moal kumaha onam kitu lamun camat ambek?"

"Nya urang pagede-gede ambek we atuh!"

Sarerea leuwih rosa unggut-unggutanana.

Jalan nu diliwatan, jalan desa nu can diaspal. Sisi-sisina sawah makplak garapeun. Manjing usum porekat, tapi teu jadi bahan obrolan nu abring-abringan. Tukang endul ukur wasa ngajanteng di tengah jalan basa nu abring-abringan ngaliwatan dirina. Motor nu ngaliwat ge maksakeun nyisi heula.

"Ke, saha nu apal ka camat anyar?" ceuk salah saurang deui.

"Mun geus tepung mah engke ge meureun ngaku sorangan."

"Bisi we kasamaran."

"Saha atuh engke nu pangheulana rek nyarita?"

"Mending ti nu ngora heula. Jang Anen we tah nu ngamimitian mah!"

"Ah, ti kolot heula alusna mah," ceuk nu ditunjuk.

"Kumaha mun Mang Ursin?"

"Is, ulah Emang atuh. Ti iraha Emang bisa nyarita jeung camat. Nu bedas tanagana we heula, ti nu ngora," Mang Ursin kekepehan. Sarerea silih reret.

"Kieu atuh. Kumaha mun babarengan. Langsung cocorowokan."

"Tah enya, mending kitu!" ceuk sarerea meh bareng.

Urang lembur beuki gancang leumpangna.

Barang srog ka hareupeun kantor kacamatan, kasampak simpe. Sarerea silih pelong bari nyusutan kesang, sanggeus leumpang jauh abring-abringan.

"Anen, komandoan!" salah saurang ngaharewos.

Anen luak-lieuk heula. "Ngomandoan naon?" pokna.

"Ngomandoan ngagorowok, belegug! Pokona sagala rupa nu kudu dikomandoan, komandoan ku maneh!"

"Naon nu rek digorowokkeunana?" Anen masih kerung.

Sarerea silih pelong deui. Salah saurang mere bongbolongan, "Kieu we atuh! Camaaaat, kaluaaar! Kituh!

Sarerea nyatujuan.

"Hijji...du..."

"Ulah gancang teuing, Nen! Bisi teu bareng. Kumaha keh nu ngagorowok ti heula nu katempuhan?"

"Ah, loba teuing aturan. Geura sok-sok ka dinya, Nen!"

Anen malikan deui. "Hiji...dua...tiluu...!"

Lir keur kampanyeu. Bari ngacung-ngacungkeun peureup tingjorowok nitah camat kaluar. Tukang beca nu keur nambangan ngadadak ngeureunkeun heula becana. Si Ayu nu keur ngaladangan jajamu ngahajakeun tunga-tengo heula. Barudak SD nu karek baralik ti sakola tinglaliud nyalampeurkeun, ngadarangong na tembok benteng.

"Camaaaaatt...kaluaaaaarrr...!!! Kaluaaaarr camaaaaat...!!!"

Karyawan kacamatan jul-jol kalaluar. Tapi sanggeus ningali nu tingjorowok mah tingrarengkog deui. Jiga nu sadar, yen jelas-jelas nu daratang teh lain nu rek nguruskeun KTP. Heuleut ti harita karek waranieun deui nyalampeurkeun nu tinggorowok bari pacekel-cekel leungeun.

Pa Sekwilmat ngawakilan nyarita. "Tenang, tenang!" cenah. "Ke, aya naon para saderek?"

"Bapa teh camat?" ceuk salah saurang.

"Lain kuring mah!"

"Euh, lain camat mah ulah pipilueun atuh. Kuring mah butuh ka camat."

Sekwilmat kerung, pokna. "Keur eweuh Pa Camat mah."

"Ah, wadul. Sok daek naon?"

Sekwilmat rurat-reret heula ka stap sejen. Geus kitu pokna, "Daek medu! Euweuh Pa Camat mah!"

"Anakna atuh?" ceuk Usen nu sapopoena kuli macul.

"His, rek naon mamawa anak camat?" Nu gigireunana ngagebes.

"Enggeus kudu ka saha deui?"

"Aya ku belegug ari maneh."

Sekwilmat mariksa deui. "Sakali deui rek naon para saderek teh?"

"Rek ka camat! Mani teu cukup ku sakali."

"Sugan bisa diwakilan ku kuring?"

"Is teu bisa! Ceuk lurah ge nu ada main mah camat!"

"Ada main?" Sekwilmat mah kerung.

"Camaaaaat...kaluaaarr...!" Salah saurang ngagorowok deui. Dituturkeun ku nu sejen, bari nyedek rek asup ka jero kantor. Sekwilmat jeung stap nu sejen undur-unduran. Tapi nu nyedek beuki ngangsreg. Antukna stap kacamatan teh barirat lalumpatan.

"Camaaat...kaluaaar...!"

Dor! Kadenge sada nu ngabeledug. Nu cocorowokan ngadadak simpe. "Saha nu ulin pepetasan euy?" Salah saurang nanya.

"Pepetasan atawa pestol?"

"Pestol?" sarerea tingcuringhak.

Anen teu kaburu ngomandoan, urang lembur kaburu buriak kabur katawuran! Tingberetek satujuanana sewang-sewangan.

"Jangan lariii...!" Aya nu ngagorowok. Anen ngalieuk. "Pulisiiii...!" Bari jicir leuwih kenceng.

Dor!

Mang Ursin beak tanaga, bru nyempod di juru imah batur bari renghap ranjug. Ngan teu lila jol nu disaragam. Dada Mang Ursin asa ditotog halu. Tapi pulisi hareupeunana kalah ka melong.

"Geuning Kang Ursin," ceuk pulisi.

Sakedapan Mang Ursin ukur mata simeuteun. Sanggeus teges karek bisa nyarita. "Leuh geuning maneh Kamsir. Ti iraha jadi pulisi?"

"Ssstt...! Banpol kuring mah!" Cenah bari luak-lieuk. "Naha Akang pipilueun ka nu kieu?"

"Hih, era atuh teu milu mah."

"Ngarah teu kanyahoan ku pulisi enyaan, ayeuna mah lumpat we atuh sing jauh! Sing tarik!" ceuk Kamsir.

"Is nanaon teh. Kumaha mun kanyahoan di tengah jalan? Tiwas Akang."

Kamsir ngahuleng. "Atuh kumaha lamun urang ucing-ucingan. Kuring pura-pura ngudag Akang. Mun geus euweuh sasaha, Akang gancang balik."

"Nya teu nanaon ari kitu mah."

Becir Mang Ursin lumpat deui, deregdeg diudag ku Kamsir. Ngan teu lila aya pulisi sejen nu milu ngudag. Gorowok Kamsir megatan. "Keun...keun ieu mah kuring nu nyerek. Udag we nu sejen!" Pulisi nu milu ngudag nurut. Beretek mengkol ka nu sejen.

Di kebon sampeu tugtung lembur, sanggeus jauh ti kantor kacamatan, Mang Ursin ngudupruk kacapean. Teu lila Kamsir nyusul. Duanana renghap ranjug. Sanggeus sababaraha heuleutan, Kamsir nanya. "Aya naon tadi teh? Siga rek ngajakan perang."

"Puguh rek neangan camat."

"Har, piraku teu tepung jeung camat? Kapan tadi teh katingalina mah ka Karangsagakeun kana motor. Ceuk dunungan kuring mah rek ngajakan Lurah Karangsaga ka kantor PLN."

Mang Ursin colohok. "Rek naon camat jeung lurah ka kantor PLN?"

"Kapan nguruskeun listrik desa Karangsaga!"

"Naha? Ku naon atuh lurah ambek-ambekan?"

"Lurah?" ceuk Kamsir ditungtungan ku nyikikik.

"Kamari ge lurah ambek-ambekan ka komandan kuring. Pedah camat anyar jiga ada main jeung pamajikan ngorana."

Mang Ursin teu bisaeun milu seuri cara Kamsir.

Pok Kamsir nyarita deui. "Jung geura balik, Kang. Bisi urang disangka ada main!" (*)


Darpan Ariawinangun

Ada Main Ada Main Reviewed by Rupa Sundapura on 23.35 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.