Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Nangka

Peutingna dua sobat anyar teh sarare di sisi leuwi, dina tangkal kiara. Sakadang Monyet sare dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya sare dina sela-sela akar kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol memeh sare. Atawa bisa silih geuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana sare tibra.

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

Tengah peuting, Sakadang Monyet nyaring. Tuluy ngageroan Sakadang Kuya.

"Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!"

"Aya naon Sakadang Monyet?"

"Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut."

"Di mana?"

"Di tengah leuweung. Tapi dina impian teh dituduhkeun lebah-lebahna oge."

"Keun isukan urang teang. Ayeuna mah urang sare deui we da peuting keneh!" ceuk Sakadang Kuya.

Ngadenge jawaban kitu, Sakadang Monyet sare deui. Meni dug-ker. Ari Sakadang Kuya mah rada hese kana sare deuina teh. Keur kitu, kadenge Jang Onye ngalindur. Cenah, "Ah, isukan mah rek ngala nangka. Diala ku sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun naek. Didahar kabeh ku sorangan, Sakadang Kuya mah ku uing moal dibere."

Ngadenge kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan Sakadang Monyet. Tuluy neangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang Monyet. Sanajan lila ulengna, tapi teu burung kapanggih oge. Geus kitu mah, reup bae Sakadang Kuya teh sare deui.

Isuk-isuk, wanci carangcang tihang, Sakadang Monyet geus hudang. Jrut turun tina dahan tempat sarena. Tuluy bae ngaguyah-guyah ngahudangkeun Sakadang Kuya.

"Yeuh, Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang neang nangka tea!" ceuk Sakadang Monyet.

Sakadang Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong, "Ke atuh Sakadang Monyet, ayeuna mah isuk keneh!"

"Ih, engke mah bisi kaburu diala ku batur!"

"Apal henteu jalanna?"

"Ih, puguh we, da dina impian teh dituduhkeun lebah-lebahna."

"Hayu atuh!"

Bring eta dua sobat anyar teh indit ka jero leuweung. Inditna teu bisa gancang, sabab Sakadang Kuya mah leumpangna boyot. Kira-kira wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu dituju. Enya we, henteu salah impian Sakadang Monyet teh. Di dinya aya tangkal nangka sagede beuteung munding. Buahna leubeut tinggarayot dina dahan-dahanna.

"Sok-sok atuh geura naek, ulah ngahuhuleng bae!" ceuk Sakadang Kuya ka Sakadang Monyet.

"Ke heula, gampang naek mah. Ngan uing teh teu nyaho, kumaha carana ngabedakeun nangka anu geus asak jeung nangka anu atah keneh," ceuk Sakadang Monyet.

Sakadang Kuya seuri leutik ngadenge omongan Sakadang Monyet kitu teh. Asa manggih jalan pikeun metakeun akalna, anu meunang mikiran tadi peuting. "Gampang atuh ngabedakeunana mah. Ditepakan we. Lamun sorana plek-plek-plek, tandana eta nangka geus asak. Lamun sorana pluk-pluk-pluk, hartina atah keneh," ceuk Sakadang Kuya.

Henteu talangke deui, terekel Sakadang Monyet naek kana tangkal nangka. Gugurayangan. Ceuk pikirna, "Si Kuya mah rek dibere anu aratah bae, ari anu arasakna keur uing, rek didahar di luhur ku sorangan." Terus nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana plek-plek-plek dirawatan ku manehna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari ngajorowok, "Tah, Uya, mere nangka. Pek we dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, naek ka dieu!" cenah.

Sakadang Monyet tuluy ngagorogotan nangka dina luhur tangkal. Leungeunna, sungutna, malah sukuna oge pinuh ku geutah. Ari sababna, nangka anu didaharna teh nangka atah. Sakadang Monyet teu nyahoeun, saenyana nangka asak mah lamun ditepakan teh sorana ngagepluk, lain ngageplek.

"Aha euning Huya, angkra teh atrah," ceuk Sakadang Monyet, ngomongna teu bentes, lantaran biwirna rapet ku geutah nangka. Sakadang Kuya teu nembalan.

Ari ret Sakadang Monyet ningali ka handap, katembong Sakadang Kuya keur ngalimed bae ngadaharan nangka asak. Karoneng jeung seungit deuih. Malah nangka teh ampir beak, tinggal jaramina jeung sikina anu balatak di sabudeureunana.

Sakadang Monyet kacida kagetna. Geus teg bae boga rasa yen manehna geus kabelejog ku Sakadang Kuya. Buru-buru manehna tuturubun nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

"Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar ku sorangan," ceuk Sakadang Monyet.

"Apan ieu oge pamere ti Sakadang Monyet, da uing mah teu bisa naek," tembal Sakadang Kuya.

"Cing atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar ku uing mah nangka atah!"

"Tah, aya sanyamplung deui!" ceuk Sakadang Kuya.

Nangka anu sanyamplung teh dicokot ku Sakadang Monyet, tuluy didahar. Enya we ngeunah, amis kareueut. Sakadang Monyet gantung teureuyeun. Menta deui ka Sakadang Kuya, puguh da geus beak.

"Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sohib bae!" ceuk Sakadang Monyet bari jamedud. Tuluy lumpat, terekel naek kana tatangkalan, indit ninggalkeun Sakadang Kuya. Sakadang Monyet teh pundung tayohna mah.

Sanggeus kitu mah, Sakadang Kuya oge balik deui ka tempat asalna. Leumpangna beuki ngadedod bae, lantaran beuteungna seubeuh teuing ku nangka. (*)


Samemehna: Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Mimiti Sosobatan Saterusna: Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Melak Cau
Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Nangka Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Nangka Reviewed by Rupa Sundapura on 21.56 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.