Budak Pahatu Lalis

Jaman baheula aya dua budak, adi-lanceuk, geus teu indung teu bapa, teu sanak teu kadang. Estu eta barudak teh pahatu lalis. Lanceukna lalaki kira-kira umur tujuh taun, adina awewe kira-kira umur lima taun. Titinggal kolotna ngan imah reyod wungkul. Pagawean eta barudak sapopoena ngarala suluh ka leuweung, mulungan pangpung atawa lanceukna naek kana tatangkalan, mites-miteskeun rangrang nu gararing. Eta suluh teh dijual ka tatangga-tatanggana atawa ka pasar. Ladangna keur waragad hirup maranehna.

Budak Pahatu Lalis

Hiji mangsa ngarala suluhna di tegalan eurih. Di dinya rea tatangkalan. Eurihna sadedeg-sadedeg. Ku maranehna katenjo aya tangkal loa nu buahna raruhruy pikabitaeun. Nu lalaki naek kana tangkal loa, ngalaan buahna nu arasak, diasu-pasupkeun kana koja bawana. Adina ngadagoan di handap, yanghunjar lambar dina tumpukan eurih hirup.

Teu lila budak awewe teh ngawih kieu:

Kang tulungan, Kang tulungan,
aya nu gagarayaman,
kana suku jeung ngegelan!

Ceuk lanceukna ti luhur bari jongjon ngalaan buah loa. "Usap bae Nyai, meureun sireum!"

Teu lila budak awewe teh ngawih deui:

Kang tulungan, Kang tulungan,
aya nu gagarayaman,
kana suku jeung ngegelan!

Cek lanceukna ti luhur tangkal loa, naekna beuki luhur, "Usap bae Nyai, meureun sireum!"

Teu lila kadenge deui budak awewe teh ngawih deui:

Kang tulungan, Kang tulungan,
aya nu gagarayaman,
kana suku jeung ngegelan!

Cek lanceukna ti luhur tangkal loa, "Usap bae Nyai, meureun sireum!"

Budak awewe ngawih deui, tapi soranan beuki laun, malah les pisan.

Kang tulungan, Kang tulungan,
aya nu gagarayaman, kana...

Lanceukna turun, pohara kageteunana lantaran adina euweuh dina tempatna. Eurih urut diuk adina busik. Nu barusik teh ngabulungbung manjang, ku lanceukna tuluy dipapay. Dina tungtungna nu busik tea, katingal ku manehna, oray sanca sagede gulungan kasur nangkarak bengkang paeh, beuteungna bungkiang. Sigana paeh kamerekaan. Keur kitu kadenge ku eta budak lalaki, sora manuk di luhur kiara, "Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih. Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih!"

Ti dinya lanceukna teh niruk pucuk eurih nu garing, nu seukeut, tuluy beuteung oray teh diturih. Ana borengkal teh adina, hirup teu sakara-kara. Regeyeng nu lalaki manggul beungkeutan pangpung, ngiringkeun adina, baralik bari ngadalaharan buah loa anu arasak.

-=oOo=-

Dua taun ti harita...

Dina musim katiga, cai walungan tibang ngerelek. Hiji mangsa menak-menak ti dayeuh ngersakeun munday di Leuwi Sipatahunan. Dina waktuna, barudak pahatu oge milu tarurun ka leuwi. Mimitina mah nu lalaki nyairan beunteur jeung hurang nu marabok, adina nu ngundangan. Lila-lia budak lalaki teh kabitaeun ku palika nu teuleum mareunang lauk galede. Manehna milu teuleum. Enya bae, manehna oge meunang nilem. Sumangetna beuki gede, tuluy teuleum ka nu jero. Tapi aya sajamna manehna teu mumbul-mumbul. Adina jejeritan menta tulung. Teu lila hiji palika mumbul bari nangkeup Si Ujang pahatu, geus maot. Adina ceurik auk-aukan, akang-akangan.

Ku palika duaan, mayit teh dianteurkeun ka imahna, digolerkeun dina babalean, diruruban ku samak butut. Cek salah saurang nu nganteurkeun, "Dikuburna mah isukan. Ayeuna mah kapalang, kami keur munday," tuluy maranehna ka leuwi deui.

Budak awewe ingeteun kana omongan indungan basa rek maot. Kieu, "Ieu jimat ti karuhun, simpen sugan aya maunatna." Nu disebut jimat teh mangrupa hihid. Ku budak awewe harita dicokot, tuluy dipake ngageberan mayit lanceukna bari ngawih kieu.

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Aneh mayit teh ngerenyed. Ngawih kadua kali.

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Mayit teh beunta, panonna gular-giler. Ngawih katilu kali.

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Juringkang lanceukna hudang, waluya teu sakara-kara.

Kacaritakeun raja di eta nagara kagungan putra hiji-hijina pameget, nunggal. Eta putra ku ibu ramana pohara didama-damana. Keur kasep jeung calakan teh, handap asor jeung hade basa deuih. Hiji mangsa eta kakasih ibu ramana teh teu damang wales. Dukun lepus dikelun, paraji sakti dikerid, tapi saurang oge boh jampena boh ubarna taya nu mental. Nu teu damang dengdeng bae, malah wuwuh repot. Cindekna, dukun lepus ilang lepusna, paraji sakti leungit saktina.

Nu nyoba ngalandongan munggah ka ngantay. Tapi teu aya nu hasil. Kangjeng raja jeung prameswari siang wengi teu tebih ti pajuaran nu teu damang. Pamarentahan mah kumaha Patih bae.

Di imah barudak pahatu, nu lalaki ka adina nyaritakeun putra raja nu teu damang wales, teu aya nu bisa ngalandongan.

"Kumaha upami Nyai nyobaan ngageberan ku hihid jimat?"

"Asal diidinan asup ka karaton," tembalna.

Lanceukna ngadeuheus ka Juragan Patih, neda widi yen adina bade nyobi ngalandongan nu teu damang.

"Saha bae boh kolot boh ngora, boh lalaki boh awewe, meunang nyobaan. Ngantay bae!"

Isukna dianteur ku lanceukna, Si Nyai milu ngantay ngalandongan. Gancangna bagean Si Nyai asup. Kusiwel tina jero bajuna, Si Nyai ngaluarkeun hihid jimatna, tuluy ngageberan nu teu damang bari ngawih.

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Nu teu damang, anu tadina peureum bae teh bray beunta. Ngawih kadua kali.

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Nu teu damang socana gular-giler, rurat-reret ka ibu ramana, nyeh imut. Ngawih katilu kalina.

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Juringkang nu teu damang teh gugah. Sang raja ngarangkul putrana. Ari prameswari ngarangkul Si Nyai, digalentor diciuman. Boh Sang raja boh prameswari rarambay socana. Cisoca kabingah.

Ti harita Si Nyai teu meunang balik deui, kudu tetep di karaton, diasih pisan ku prameswari jeung ku sang raja. Beuki lila beuki geulis, beuki apal tata-titi kamenakan.

Barang pangeran jeung Si Nyai pada sawawa, tuluy ku Sang Raja ditikahkeun. Pestana rame pisan. Lanceuk Si Nyai diangkat jadi mantri. (*)


Ki Umbara

Budak Pahatu Lalis Budak Pahatu Lalis Reviewed by Rupa Sundapura on 19.16 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.