Sendal Kuring

Seuri koneng

Di hiji poe Juma’ah saberes juma’ahan, Si Ucok (urang batak nu karek pindah ka Bandung) ambek-ambekan da sendalna leungit. Si Ucok nanya ka barudak nu keur nongkrong.

Si Ucok: "Heh kau barudak, ningali sendal kuring teu?"
Barudak: "Sendal nu kumaha bang?"
Si Ucok: "Eta sendal nu karek meuli bieu isuk-isuk."
Barudak: "Wah teu apal bang."

Datang Pa Haji nu karek kaluar ti masjid, ditanya oge ku Si Ucok.

Si Ucok: "Pa Haji, sendal kuring leungit, Pa Haji."
Pa Haji: "Pahili meureun bang."
Si Ucok: "Bah...! Siapa pula eta Pa Hili?"
Pa Haji: "Eh si abang, pahili teh pagentos."
Si Ucok: "Bah...! Duaan jeung si Pa Gentos?"
Pa Haji: "Aduh di bejaan teh teu ngarti-ngarti. Pa Haji uih ahhh..., assalamualaikum."
Si Ucok: "Bah...! Rek kamana Pa Haji? Sendal kuring kumaha ieu?"

Sendal Kuring Sendal Kuring Reviewed by Rupa Sundapura on 19.32 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.