Kakaren Lebaran (Dua)

"Teu sakara-kara."

"Naon tea?"

"Heueuh lebaran."

"Ari kitu?"

"Nanyakeun keneh. Apan samemehna mah naon-naon jang lebaran. Dibelaan anjuk hutang, guda-gade, jeung naon ku hanteu. Siga pisan moal manggihan deui lebaran. Padahal dina emprona mah, henteu sing sabaraha," cek Suhadi bari ngalacat naek ka tepas.

Kakaren Lebaran

"Oh sugan tea mah," pribumi hideng ngadeukeutkeun bungkusan roko.

"Roko pamungkas meureun, nya ieu teh?"

"Enya."

"Balik deui kana kawung, mimiti isuk mah, meureun?"

"Kana kitu."

"Teu nundaan kitu Si Sule?"

"Nundaan naon?" Bah Oyot malik nanya, dibarung rada cureng.

"Nundaan roko ambeh bapana bisa terus udud roko."

"Nundaan ti mana horeng. Jang ongkos balik bae menta. Ngagerenyih ka indungna. Biasa ngomongna onaman nginjeum," bari ngalieus.

"Leuheung aya."

"Biasa we uclak-eclok."

"Digawe lin Si Sule teh di kotana?"

"Digawe. Tapi...," teu kebat. Tayohna teu werat ari kudu ngagogoreng anak mah. Deog pengkor, getih daging sorangan.

Digawe keneh Si Sule teh. Di pabrik biskuit. Purah nganteur-nganteurkeun barang ka toko-toko. Gajihna sakitu mah katimbang gede. Komo nyanghareupan lebaran, bonus narima, THR harianeun. Hanjakal boga panyakit awuntah. Lesang kuras, cek urang lembur mah. Teu bisa nyekel duit. Hayangna buru-buru meakkeun. Katambah-tambah resep nginum, lian ti rajeun ngalinting daun haram teh.

Puguhing cruk-crek ka awewe. Bubuhan boga beubeungeutan teu goreng-goreng teuing. Kulit-kulitna bae mah, ngala ka indung, rada miar-miar. Alhasil kawilang laris. Ngan nya kitu ogor tea. Teu kaop dipuji, jol golosor. Matak balik taun kali saban lebaran teh, boro-boro angkaribung siga batur. Kawantu beak dipake mahugi jeung nginum. Dumeh henteu ngaligincing wungkul. Biasa jingjing bawa. Orokaya balikna deui ka kota namprak. Ana diutang-itung, antara babawaan jeung barang penta, ngan henteu bae sarua jeung nalangan. Aya keneh onjoyna meueusan.

"Sakitu ge ilaing mah boga keneh jang euleuh-euleuh, boga anak digawe di kota. Sahenteuna deuih aya jang tuturkeuneun adi-adina. Narajang kuring, boga anak teh taya nu sahijieun. Karurang boga kahayang. Embung incah ti lembur. Cukup ku ngungucel tanah satapak peucang jeung babarah-buburuh sawatarana," satengah humandeuar.

"Apan Si Aed mah dagang lin?"

"Dadagangan. Mangdagangkeun batur. Ngarah perelekna."

"Tapi geuning bisa meuli motor sagala. Weuteuh deuih."

"Meuli ti mana horeng. Biasa ngiridit. Kapaksa lantaran kudu ngider, ngiyeng mapay-mapay lembur. Tampolana nepi ka pakidulan Tasik, nutur-nutur usum lauk."

"Mana kitu ge kauntup."

"Alhamdulillah sayeunaeun mah. Teu pati beurat ongkoh sabulan-sabulanna teh. Ngahaja uang mukana digedean. Lima juta. Jadi cicilan sabulanna teh teu kungsi tilu ratus." Dak dumadak robah, jadi bangun rada reueus.

"Ti manehna?"

"Nya ti saha atuh. Kolotna onaman batan sakieu nya kaayaan," reueus enya.

"Heueuh da kami ge, cacak Si Sule daek nurut, asa mending cicing di lembur. Asana sakalieun jang hirup sawatarana mah, moal kurang garapeun."

"Puguh we ilaing mah. Sawah lega. Kebon ublug-ablag. Balong boga. Naon deui. Tinggal Si Sulena daek neruskeun lacak kolot. Rek dadagangan moal bingung ku modal," ngarongkong paneker, lantaran ududna pareum. "Tapi ketah, hirup teh butuh pangalaman. Sugan jeung sugan deuih. Sahenteuna di kota mah sagala nyampak. Buktina anak-anak Si Suha. Tiluanana siga pinanggih jeung kasenangan."

Cek itu, cek ieu, anak-anakan Ki Suha mah rada kataekan di kotana teh. Malah Si Engkus mah kungsi ngocal-ngocal balong Bah Oyot sagala. Balong lebakeun situ Cisamping. Balong alus naker. Tara kurang cai. Kawantu tinggal ngagolontorkeun tina pamiceunan situ. Lian ti eta, kasebut balong adek jeung cilebok, jaerna gampang baradag jeung garajih.

Jaer cilebok mah moal aya dua. Dibandingkeun jeung lauk emas wedalan Saguling atawa Cirata mah, meunang keneh jaer cilebok. Beda jeung jaer balong biasa, jaer cilebok mah. Empuk ka hulu-huluna.

"Bilih bade dikaluarkeun," basana teh. Hartina mawa duit loba Si Engkus ka lemburna.

Anakna tilu Mang Suha teh. Kabeh lalaki. Umurna teu pada eleh. Ampir nungturun. Sarua meujeuhna belekesenteng. Karek likuran taun. Tiluanana marangkuk di kota. Si Engkus panggedena, dagang bungbuahan di Jakarta. Cenah mah di lelewek Kebon Jeruk, deukeut kantor RCTI. Geus boga jongko sorangan.

Si Engkos jeung Si Engkas aya nu ngajeujeuhkeun, jadi tukang beberesih di hotel bintang di Bandung. Tiluanana taremen wekel. Daraek peurih. Hirupna arapik. Ti jaman di lembur keneh kituna teh. Tara bauan. Hampang birit. Biasa dihuras-hiras. Maju sawawa mariang ka kota nuturkeun batur nu ti hareula. Lumrah. Ngudag-ngudag sugan jeung lamunan. Kaparengkeun boh lanceukna boh adi-adina pinanggih jeung rejeki.

Ka kolot kacida nyaahna. Pangpangna Si Engkus, bubuhan panghidengna. Sakitu manjing rumah tangga, can ieuh daek boga pamajikan. Dijurung-jurung malah diasong-asong picaloneun, keukeuh nyebut moal waka. Nu niat nyair mulung minantu teu kurang. Tapi sarua, cukup dijawab teu acan maksad. Hayang seubeuh heula babakti ka kolot, cenah. Hayang nyenangkeun heula. Hayang ngimahan sing pageuh. Hayang nyukupan dahar-pakena. Hayang boga pakaya, ngarah bapana henteu utrak-atrok neangan buburuhaneun.

Puguhing adina, lantaran umurna kakara dua puluh taunan. Tacan harib-harib rimbitan. Biheung bobogohan siga batur ogenan. Alesanana sarua, hayang aya kaboga heula. Orokaya unggal tiluanana balik ka lembur, kawas nu meupeus keuyang. Teuing mun katambahan niat pamer. Nembongkeun aing di kota bisa neangan duit. Bisa kabeuli sagala rupa. Ti barang maranehna datang, musik ngageder mungguh teu eureun-eureun.

Turug-turug kaseundeuhan ku batur-baturna. Boh nu masih keneh marangkuk di lembur, boh nu papada ngumbara ka kota. Kaasup Si Sule anak Bah Oyot. Atuh imah Mang Suha, bleg weh. Mun di kota mah jadi cafe leuleutikan. Mang Suha sorangan, nya kitu deui pamajikanana, teu bisa majar kumaha.

Taktakge watir mah Ki Tama. Meujeuhna hirup tingtrim, rineh ngahenang-ngahening, bari nunggu-nunggu dawuh, kari-kari kudu ngadengekeun lalaguan karitu patut. Pamajikanana onam rada leuheung. Moal kasiksa teuing, sabab ceulina mimiti kurang dangu.

"Heueuh anak-anakan Si Suha mah maraju. Basa nganjang ka dieu, manggihan Si Sule, make jeung natanyakeun balong, bisi rek dikaluarkeun," cek Bah Oyot.

"Saha? Si Engkus?"

"Enya. Mana kitu ge boga duit. Da moal dibikeun saanu, mun tea mah rek dikaluarkeun."

"Balong nu mana?"

"Balong nu kidul, lebakeun Cisamping."

"Saha nu teu kabita tuda. Balong sakitu alusna. Kitu-kitu ari kaharti mah. Sugan ladangna bisa dipake nyieun deui nu leuwih lega."

"Puguh we ngagugu Si Sule mah. Malah sigana kalakuan Si Sule eta ge. Geus lila ngagugujeg nitah ngajual deui barang. Hayangeun motor."

"Wanieun sakumaha kitu Si Engkus?"

"Ka teuing da teu pati dihaminan. Ngan eta bae anak batur mah geus bisa beubeuli barang pageuh. Anyar keneh tas ngaduitan kebon Mang Jumadro. Bubuhan kamodalan, sawo, manggu, jeung kadongdongna ge, ayeuna gampang baruahan."

"Inget ka anak-anakan Si Suha teh jadi inget ka Ki Tama. Watir!" Bisa jadi ngabangbalerkeun pribumi.

"Ari kitu?"

"Kasiksa pisan manehna mah salila lebaran teh."

"Kasiksa kumaha?"

"Kasiksa ku dedengean. Abong budak ngora. Kabeh anak-anakan Ki Suha meujeuhna resep ka nu aneh-aneh. Der nyetel lalaguan teu paruguh, sangeunahna maranehna."

Cacak boga pangungsian, ampir-ampiran nyingkah, cenah Ki Tama teh. Ngan rek nyingkah, nyingkah ka mana. Puluh taun laki rabi, teu boga anak hiji-hiji acan. Malah teu kungsi dipangkaluron-kaluronkeun acan. Duka saha nu gabugna. Ka baraya, goreng kasebutna. Kuriak ngaririweuh. Sakieu usum sagala riweuh.

Baning mehmehan teu kuat. Kawantu unggal poe. Sasat ti isuk jedur nepi ka sore jeder digandengan lalaguan teu puguh tea. Brang-breng-brong. Tingjelegur asal tarik. Sawur jeung sora nu cocorowokan. Nu nembang teuing lagu nanahaon. Jeung duka basa nanahaon. Sakapeung didenge-denge teh siga nu utah. Uo...uo...! Musik metal majarkeun teh.

Kulak canggeum bagja awak, cek Si Uto tea mah. Milik teu pahiri-hiri, darajat tara paala-ala. Hayoh natangga jeung Mang Suha. Ari pek ngan Ki Tama wungkul tatangga adekna teh. Ku sabab sabeulah deuina mah, beulah kenca kebon cau boga Ki Ulis. Ka hareupna jalan desa. Tukangeunana aya keneh sumur jeung leuit, memeh imah Kang Jaed. Jadi teu kabaribinan langsung cara Ki Tama. (*)

Sambungan ti Bagian 1 Nyambung ka Bagian 3

Hidayat Soesanto

Kakaren Lebaran (Dua) Kakaren Lebaran (Dua) Reviewed by Rupa Sundapura on 20.04 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.