Ma Inung Ngarawu Taneuh

Imah teh pikabetaheun najan ayana di pasisian. Disebut di pasisian teh pedah we deukeut wates kota. Imah camperenik, model kaayeunakeun, minimalis tea cenah. Atuh da hayang imah di tengah kota Bandung mah beu pimanaeun, pisabarahaeun hargana jeung geus euweuh lahan ongkoh. Meuli imah di dieu ge meureun geus diitung, sakumaha anggangna ti tempat pagawean, wayah kumaha macetna di jalan, wayah kumaha kudu nganteur budak ka sakola, jeung sajabana ti eta. Tapi aya untungna lantaran padeukeut jeung pilemburan, padeukeut jeung pasawahan. Disebut untung teh pedah we hawana seger keneh, teu cara di tengah kota, bayeungyang jeung haringhang.

Ma Inung Ngarawu Taneuh

Keur Ma Inung mah genah we nu aya, diangkir ka kota teh. Mangpuluh-puluh taun cicing di pilemburan, najan sapopoe jadi guru sakola dasar ge angger we ulin ka Bandung mah arang langka. Can lila pangsiun tina guru teh, aya kana lima bulan mah. Sanggeus pangsiun asa euweuh cabak, kadangkala ngarasa kesel. Komo sanggeus salakina miheulaan mulih ka jati mulang kaasal. Hirup asa cuang-cieung. Matakna waktu diangkir ka kota ku anakna, giak nyanggupan. Keur Ma Inung, nu kaimpleng teh bakal resep ngasuh incu. Mangkaning incuna teh aya dua, nu hiji awewe kakara sakola di SD kelas hiji, ari nu saurang deui lalaki kakara umur opat taun jalan. Keur meujeuhna kembang buruan, lucu ku capetangna.

Bageur boga minantu teh, karasa kanyaahna, ari ngobrol omhang teu weleh nyeuleukeuteuk seuri. Geus aya kana sabulanna bareng jeung anakna teh. Sapopoe ngasuh incu, nu leutik nu gede. Ari nu gede mah sanggeus balik sakola, malah apan dipapagkeunana ka sakola ge ku Ma Inung, kana beca nu geus ngalanggan.

Ari kaprak-keprek di imah mah aya nu babantu, budak lanjang ti Cilacap, alus deuih budak teh, gawena geten, masak pinter, nyeuseuh beresih, sagala pagawean kasiwer, kapake deuih.

Anakna jeung minantuna tara aya di imah da duanana digawe. Nyiar kipayah keur hirup jeung huripna kulawarga. Resep ngasuh incu teh, cek pikirna teu beda jeung ngasuh barudak di sakola jaman keur ngaguruan keneh kelas hiji SD. Tapis pisan jeung apal kana lilingeranana ngasuh budak. Ongkoh deuih incuna mah euweuh nu bangor, euweuh nu pikakeuheuleun, sigana perbawa ti indung bapana nu bageur. Incuna mah tara nepi ka ceurik lolongseran pedah teu diturut kahayangna. Tara kaciri hayang jajan di warung, atawa hayang meuli cocooan, estu barang dahar teh cukup ku nu aya di imah, kitu deui cocoan.

Lain pedah di imah sagala aya, atawa owel ku duit keur jajan, tapi dibiasakeun ti leuleutik, dibiasakeun tara jajan, dibiasakeun tara barang beuli sakahayang budak. Atuh da sok teu resep mun ningali budak leutik ngarenghik hayang jajan, teu kaop ningali warung, komo mun bari keur nyemah.

Bada isa, incuna nu leutik dipepende ku Ma Inung, dihariringan ku pupujian, digeberan ku tungtung samping. Budak teh reup sare tibra, bari leungeunna nangkeup ka Ma Inung.

Ma Inung neuteup beungeut budak, buukna diusapan, celengok dicium. Kasep budak teh.

Anteb neuteup beungeut budak, teu karasa dina kongkolak panon Ma Inung aya nu herang ngagendang, celengok deui budak dicium. Majarkeun sok leuwih nyaah ka nu jadi incu, ieu pisan nu karasa ku Ma Inung. Ditahan teh naha kalah ka beuki merebey cimata.

Kulutrak kana panto aya nu muka, minantuna rek mindahkeun anakna, ningali Ma Inung reumbay cimata teh kalah ngaheugeu, neuteup.

"Ka dieu geulis, yap kana pangkuan Ema!"

Minantuna ngagoloyoh, "Ema teh teu damang?" pokna.

"Henteu geulis, Ema mah reumbay cimata teh bakating ku bagja, kuduna mah...," teu kebat ngomongna.

"Kedahna naon, Ema?"

Ma Inung ngahuleng, semu nu hanjakal kalepasan ngomong.

"Geulis, ieu kabagjaan teh lain milik Ema sorangan, kuduna mah aya deui nu ngarasakeunana, nyaeta akina ieu si kasep," ngomongna teh bari ngusapan incuna nu keur sare ngageubra.

Dikitukeun teh minantuna nangkeup ka Ma Inung, bet teu ku hanteu deuih kalah ngiluan merebey cimata. Aya nu nyedek dina angen, aya nu nyodok kana tikoro.

"Ma...!" cenah bari nangkeup beuki pageuh.

"Ema teh hayang noroweco! Ema teh hayang sagala diomongkeun ka si jenat kumaha lucuna ieu si kasep, kumaha pinterna si geulis. Ema teh hayang nyarande kana dadana, hayang ngadengekeun keteg jantungna. Tengtrem nyarande dina dadana mah. Ema ge sok diusapan, bari manehna murintil-murintil buuk Ema. Ema teh hayang mencetan taktakna nu mindeng karasa cangkeul. Ema teh hayang ngabalur tonggongna ku minyak gosok, waas ku teurabna. Mun inget ka dinya, Ema sok merebey cimata, inget ku belana, inget ku heureuyna, inget ku poksangna. Mun Ema rungsing ku pagawean, manehna sok ngabeberah, sok ngarancet pundak bari heureuy noelan iga. Ema mah asa diheulang."

Enya kaharti ari kituna mah, salakina Ma Inung maot ngadadak. Teu kungsi gering heula, keur solat subuh teu cengkat deui. Cek omong batur mah cenah serangan jantung, aya deui nu nyebutkeun kasakit angin duduk. Maotna teh sababaraha minggu sanggeus Ma Inung nampa SK pangsiun.

Minantuna nginghak lalaunan dina lahunan.

"Geulis urang du’akeun yu!" Ma Inung cengkat, bari nyengkatkeun minantuna, tuluy ka cai rek wudu. Minantuna mah regeyeng ngangkat anakna dipindahkeun sarena ka kamerna.

-=oOo=-

Biasa ari poe Saptu teh Ma Inung mah sok saged, make baju olah raga, di topi, disapatu. Atuh incuna nu leutik ge sok dibawa, sarua make baju olah raga, sarua sina make topi, make sapatu.

Ari poe Saptu mah anakna jeung minantuna araya di imah, teu digawe, jadi nu nganteurkeun ka sakola atawa ngajemput incuna nu gede teh bisa ku indung bapana. Ma Inung mah laluasa ngadon olah raga, ngurilingan komplek, leumpang we bari ngasuh incuna nu leutik.

Harita ge kakara balik ka imah teh meh jam sapuluh, padahal inditna teh ti jam genep mula, rebun keneh. Sapatu kalotor pinuh ku leutak, atuh bajuna ge sarua kalotor, malah sapatu olah raga nu Ma Inung mah dijingjing. Incuna diiringkeun bari luut-leet kesang.

Puguh we anak minantu reuwaseun, disangkana labuh ka solokan.

"Resep, Ade mah ameng di sawah," kitu cek incuna Ma Inung hariweusweus, ngomongna semu cadel.

"Enya, tadi teh Ema ngilu tandur, nu kasep mah ulukutek we dina leutak," cek Ma Inung. Beungeut Ma Inung semu beureum, tayohna kapanasan, jeung cemong ku leutak.

Anakna Ma Inung jeung minantuna teu lemek teu nyarek, ukur neuteup ka anakna jeung ka Ma Inung. Kudu ngomong naon atuh, rek nyalahkeun sieun Ma Inung kasigeung, rek nganaha-naha maenya ka kolot.

"Ibak yu!" minantuna Ma Inung ngajak budakna bari ngalaan sapatuna nu pinuh ku leutak.

"Keun we sina tuus heula kesangna, engke we ibakna sareng Ninung," bari ngareret ka budak.

Ma Inung sok nyebut ninung, nenehna tina Nini Inung.

Sangeus beres mandi jeung ngamandian incuna, Ma Inung kaprak-keprek di dapur mantuan minantuna masak, kacirina teh keur nyieun angeun haseum.

Ma Inung ngomong ngarasa sono kana taneuh, ka sawah, ka kebon, kana pepelakan, kana pare, kana kekembangan, kana tangkal peuteuy, kana tangkal rambutan.

"Atuda di kota mah iraha Ema nincak taneuh," kitu pokna. Sapopoe make sendal, make sapatu. Di imah, di pakarangan, di jalan, dina mobil, tara leupas ti sendal. Hirup siga nu embung wawuh kana taneuh.

"Matakna, basa ningali aya nu tandur, Ema mah gebrus we ngilu tandur, ancrub bebelekukan."

Ma Inung noroweco, cenah karasa kumaha ngusapanana leutak kana dampal suku, kana keuneung, kana kulit suku. Karasa leutak ngabageakeun tungtung ramo. Karasa taneuh ngabageakeun getih nu ngamalir dina urat-urat, geterna nyaksrak kana tonggong, kana sirah, kana buuk. Taneuh mere ajen harti hirup, mere tanaga, mere energi positip.

Cek Ma Inung keneh, awak urang teh kudu wanoh kana taneuh, ulah jejereged mun nincak taneuh, tong poho awak urang teh asal-muasalna tina taneuh tur bakal balik deui kana taneuh. Kumaha rek mikacinta ka lemah cai mun suku ge salawasna make dadampar, make sapatu, make sendal, tara antel pisan kana taneuh. Atuh moal karasa energi positip tina taneuh kana awak teh. Di dayeuh mah hareupeun imah ditembok, di jalan make aspal atawa dibeton, saincak-incak teh ukur aspal jeung beton, pimanaeun suku wawuh kana taneuh. Sakalieun budak teu make sapatu atawa sendal ge apan dinaha-naha, bisi kotor tea, bisi aya cacing tea.

"Ieu tahu teh rek digoreng?"

"Muhun, Ma."

Ma Inung ngagoreng tahu, dibulak-balik.

"Mun ditilik-tilik ampir kabeh kadaharan asalna tina taneuh, nu matak kudu nyaah ka lemah cai, nyaah kana taneuh jeung cai teh ulah ngan ukur lalambe."

Terus Ma Inung ngomongkeun gegeden pamarentahan nu baceprot pidato kudu nyaah ka lemah cai, tapi sakalieun ngilu panen ge disapatu karet nu nengah bitis, da embung baseuh, embung keuna ku leutak, atuh leungeun make kaos, sieun ateul meureun. Ucap jeung lampah patojaiah pisan. Moal enya nu kitu disebut mikacinta ka lemah cai?

Minantuna nu keur nyiksikan bawang beureum ukur unggut-unggutan, teuing ngarti teuing henteu.

"Ma, upami minggu payun urang ka Cangkudu, kersa?"

"Ka Cangkudu?" Ma Inung neuteup ka minantuna semu teu percaya.

"Muhun Ma, abdi bade milarian nangka asak, aya nu pesen ti kantor, sareng kaleresan apan teteh sakolana pere da beureum dina kalender ge." Incuna Ma Inung nu gede sok disebut teteh.

Ma Inung jigrah, kaciri dina sorot panonna. Ma Inung gumbira kaciri dina ucapna. Ma Inung hayang geura indit.

Minggu hareupna mobil nyemprung ka wetankeun, Ma Inung diuk di hareup, gigireun supir, nu nyupirna anakna. Di jok tukang incu-incuna jeung minantuna. Inditna poe Jumaah sanggeus baralik gawe, bada asar, ambeh nepi ka lembur bada magrib.

Memeh Ciawi, mengkol ka kenca, brasna ka Cipanas. Di Cipanas eureun heula ngilu solat magrib, teu lila da hayang buru-buru nepi.

"Ti dieu mah jandela mobil teh tong ditutupkeun kabeh, tong make AC ambeh karasa hawa seger, meungpeung teu kudu mayar pajeg nyeuseup hawa teh."

"Maksadna, Ma?"

"Enya, baheula mah cai ge teu kudu meuli, di lembur mah apan unggal imah ge sok nyadiakeun teko jeung cangkir di hareupeun imah, bisi aya nu ngaliwat hanaang, apan ayeuna mah cai ge kudu meuli. Sigana kaheureup mah hawa ge kudu meuli, atawa dipajeg."

Ma Inung ngagorolang nyaritakeun cai, yen cai geus jadi barang komoditi, geus jadi inceran nu boga modal, siga nu ngabaekeun yen cai teh hak azasi, kuduna mah sumber cai teh dikokolakeun nu hade, ulah sagawayah dijual ka nu boga modal keur dikomersilkeun. Kudu aya strategina ngokolakeun cai, jaganing geto krisis cai beresih bakal karandapan. Hirup teh nangtung dina taneuh, nyeuseup hawa, nginum cai, ngasakeun dahareun make seuneu. Nu encan make duit teh ambekan, nyeuseup hawa.

Teu kebat ngobrol dina mobil teh da kaburu nepi ka imah Ma Inung di lembur Cangkudu.

Isukna, pabeubeurang sanggeus ibun tuus, Ma Inung ngahiras tatanggana neangan nangka jeung kalapa ka kebon, ari Ma Inung ngabringkeun saanak incu rek meresihan kuburan salakina.

"Bapa hidep teh keur Ema mah pahlawan nu teu weleh mere inspirasi, nu teu weleh ngajurung Ema sangkan betah jadi guru, nu teu weleh ngingetan sangkan hirup kudu jujur. Najan bapa hidep sapopoena ukur tani, karasa kanyaahna, mere conto kudu disiplin, meureun karasa ku hidep ge."

Anakna Ma Inung unggut-unggutan, enya da karasa kumaha ngajurungna hirup kudu wekel, nu kadenge keneh teh sual disiplin cenah sakola teh teu beda jeung melak pare. Kudu nyaho iraha tandur, iraha ngagemuk, iraha ngayuman, iraha mindo, iraha mangkas, kitu deui sakola atawa kuliah, kudu nyaho iraha ngapalkeun, iraha ulin, iraha ulangan, ulah pacorok bisi hasilna gabug.

"Ma urang tembok atuh kuburan apa teh."

Ma Inung ngareret ka anakna. "Keun we heula, ayeuna mah cukup ku tetengger ieu. Keur ciri mah apan ieu aya hanjuang jeung samoja. Hanjuang teh tanda sangkan urang inget hiji waktu mah urang ge bakal ngahanju, nu aya di jero taneuh ukur tulang semu bodas sarua jeung tangkal samoja nu semu bodas."

Sanggeus beres meresihan kuburan, nyabutan jukut jeung ngadu’a, anak incuna mah dititah balik tiheula. "Ema mah rek di dieu heula, sakeudeung deui," bari ngelapan tetengger nu geus beresih.

Ma Inung candukul keneh, nyorangan, leungeunna ngagepluk-gepluk jeung noelan taneuh kuburan nu semu hideung. Loba nu hayang diomongkeun, loba nu hayang ditepikeun. "Lalucu, sarehat, geulis jeung kasep incu teh, bagja, bagja pisan Inung mah," ngan ukur kitu nu kedal halon kaciri dina kunyem biwirna. Kerewek kana kantong keresek urut wadah kembang nu dipake nyekar, leungeun Ma Inung ngarawu taneuh tina luhureun kuburan, sakantong keresek pinuh. Lalaunan cengkat, ngucapkeun salam, indit lalaunan ngajingjing taneuh dina kantong keresek bari nyusut cimata nu ngembeng.

Pasosore, anakna Ma Inung beberes babawaan dina mobil, rek mulang deui ka Bandung. Dina bagasi mobil pinuh ku nangka, kalapa, sampeu, hui boled, taneuh sakarung, jeung rupa-rupa deui.

"Ma, ari ieu taneuh sakarung kanggo naon?"

"Taneuh gemuk eta teh meunang ema nyokot ti kandang domba, bawa, keur melak kembang dina pot, apan di Bandung mah taneuh ge kudu meuli."

Ma Inung nyuruntul kana bagasi mobil, "Eta ge taneuh dina keresek ulah dikamamanakeun, ulah dihijikeun kana karung!"

Ma Inung ngaharewos ka anakna, "Ulah geruh bisi jadi pitnah, ieu teh taneuh tina luhureun kuburan apa, ku Ema rek dipake melak kembang sedep malem dina pot. Kembang sedep malem teh kadeudeuh apa, ubar Ema mun sono ka apa, kembangna rek disimpen di kamar Ema, rek diambung, rek diajak ngobrol, mudalkeun kanyaah, mudalkeun rasa bagja."

Anakna ukur neuteup ka Ma Inung bari unggeuk, surti. Enya da ngajak emana ka Cangkudu ge, lain neangan nangka-neangan nangka teuing, tapi hasil badami jeung pamajikanana keur panyombo. Ema siga nu kabungbulengan ku apa, kitu gerentes anakna.

Mobil nyemprung ka Bandung, incu-incuna Ma Inung ribut, nu lalaki niup empet-empetan, tatarompetan tina jarami ditambahan ku janur ambeh disadana beuki harus. Nu awewe ngamaenkeun wawayangan tina daun sampeu. Dina bagasi mobil aya kukudaan tina bagedor, aya upih keur sosorodotan, aya kele keur wadah cai.

Ma Inung ngabelenyeh imut, "Nuhun kang, ku didikan akang barudak sakieu mulyana," gerentes hatena. (*)


Mamat Sasmita

Ma Inung Ngarawu Taneuh Ma Inung Ngarawu Taneuh Reviewed by Rupa Sundapura on 01.00 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.