Pakeman Basa

Pakeman Basa nyaeta ungkara anu kekecapan jeung hartina geus matok turta teu bisa dirobah deui. Pakeman basa sok disebut oge idiom (tina basa Yunani idios), hartina sorangan, mandiri, husus, atawa has. Harti anu kapanggih dina pakeman basa atawa idiom disebut harti idiomatik.

Pangajaran Basa Sunda

Dina kahirupan sapopoe, pakeman basa mindeng kapanggih dina babasan jeung paribasa. Ari nu disebut babasan nyaeta kecap kantetan nu ungkarana pondok. Umumna ngagambarkeun kaayaan atawa pasipatan jalma. Contona, peujit koreseun, beuteung anjingeun, jeung sajabana. Sedengkeun nu disebut paribasa mah ungkarana paranjang mangrupa kalimah sarta ngandung harti anu leuwih jero, mangrupa pepeling atawa palsapah hirup. Contona, ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara, cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, jeung sajabana.

Dina omongan sapopoe, eta babasan jeung paribasa teh sok dipake pikeun mamanis basa atawa pikeun ngantebkeun maksud anu nyarita. Geura urang titenan conto-conto kalimah di handap ieu nu ngagunakeun babasan jeung paribasa.

Kalimah anu ngagunakeun babasan

  • Ulah atah anjang atuh ari ka dulur teh, Lis, bisi matak teu wawuh!
  • Leuh kayungyun ku Galih mah, hampang birit, tara ngaengkekeun ari dititah teh.
  • Kahade ulah kena-kena boga prestasi tuluy gede hulu, ke batur teu resepeun.
  • Ieuh, jadi jalma mah kudu bodo alewoh, daek tatanya ka batur ari teu bisa teh.
  • Mang Oik mah hejo tihang, pipindahan bae bangun teu betah lila di hiji tempat.

Kalimah anu ngagunakeun paribasa

  • Ulah awuntah ari boga rejeki teh, kudu bisa ngeureut neundeun, ngarah aya simpenan keur poe isukan.
  • Sing getol bae diajarna, Ujang, geuning paribasa ge lamun keyeng tangtu pareng. Ku soson-soson mah bakal kahontal nu dipimaksud.
  • Ulah sapihak ari nyieun kaputusan teh, kudu leuleus jeujeur liat tali, bisa ngayunkeun kahayang nu lian.
  • Adean ku kuda beureum Dikdik mah, pakean keren tapi meunang nginjeum ti batur.
  • Urang Cibodas mah akur sauyunan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, babarengan silih rojong dina migawe naon-naon oge.

Sangkan urang leuwih wanoh kana babasan jeung paribasa, di handap ieu conto-conto babasan jeung paribasa katut hartina.

Babasan

  • Amis budi » Hade budi, teu weleh seuri ka batur.
  • Amis daging » Babari borok.
  • Ayem tengtrem » Senang hate, teu boga kasieun/kahariwang.
  • Babalik pikir » Sadar tina kasalahan.
  • Beak dengkak » Geus ihtiar rupa-rupa tapi teu hasil.
  • Bengkok tikoro » Teu kabagean dahareun lantaran elat datang.
  • Beurat birit » Kedul; hese dititah.
  • Buntut kasiran » Pedit; koret.
  • Cueut ka hareup » Geus kolot.
  • Dogdog pangrewong » Saukur (omongan) panambah.
  • Elmu ajug » Mapatahan batur bari sorangan teu bener.
  • Epes meer » Babari ceurik, babari peunggas harepan.
  • Gantung denge » Teu anggeus anu didengekeun.
  • Gantung teureuyeun » Henteu cacap barang dahar, lantaran kadaharanana kurang.
  • Getas harupateun » Babari nuduh/ngahukum.
  • Gurat batu » Mawa karep sorangan.
  • Hampang leungeun » Babari neunggeul.
  • Handap lanyap » Ngomongna hade padahal maksudna ngahina.
  • Harewos bojong » Ngaharewos tapi kadenge ku batur.
  • Haripeut ku teuteureuyeun » Babari kapincut ku pangbibita.
  • Hawara biwir » Bebeja ka batur samemeh dipigawe.
  • Heuras genggerong » Ngomongna kasar.
  • Heureut pakeun » Saeutik pangaboga.
  • Indit sirib » Indit sakulawarga.
  • Kawas gaang katincak » Jempe; teu ngomong.

Paribasa

  • Adat kakurung ku iga » Adat atawa kalakuan goreng sok hese dirobahna.
  • Agul ku payung butut » Agul ku turunan atawa kulawarga sorangan.
  • Asa mobok manggih gorowong » Boga kahayang ari pek aya nu nyumponan atawa aya nu mere jalan bari teu disangka-sangka.
  • Aya cukang komo meuntas » Aya jalan tepi ka laksana anu dipikahayang.
  • Banda tatalang raga » Harta teh pikeun nulungan raga (awak).
  • Batok bulu eusi madu » Katenjo luarna (awakna) siga nu goreng padahal jerona (hatena) alus.
  • Bengkung bekas nyalahan » Robah tingkah laku, keur budak alus ari geus kolot goreng.
  • Bentik curuk balas nunjuk » Resep nitah ka batur.
  • Buruk-buruk papan jati » Najan gede dosana ari dulur mah sok hayang nulungan.
  • Caina herang laukna beunang » Ngarengsekeun perkara ku cara anu hade teu matak tugenah.
  • Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok » Lamun tuluy dipigawe tangtu bakal karasa hasilna.
  • Clik putih clak herang, caang bulan opat belas » Beresih hate, iklas, teu aya rasa keuheul atawa tugenah.
  • Cul dogdog tinggal igel » Ninggalkeun pagawean anu baku.
  • Gindi pikir belang bayah » Goreng sangka atawa goreng hate ka batur.
  • Goong nabeuh maneh » Ngagulkeun diri sorangan.
  • Hade gogog hade tagog » Hade omongan jeung tingkah laku.
  • Hade tata hade basa » Hade tingkah laku jeung hade omongan.
  • Halodo sataun lantis ku hujan sapoe » Kahadean anu loba leungit ku kagorengan anu saeutik.
  • Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat » Indung jeung bapa teh sumber kasenangan.
  • Jati kasilih ku junti » Anu hade kasilih ku nu goreng.
  • Kaciwit kulit kabawa daging » Kababawa ku batur anu nyieun kasalahan
  • Kalapa bijil ti cungap » Rusiah dicaritakeun ku nu ngalakukeunana.
  • Landung kandungan laer aisan » Jembar pikiran atawa wijaksana dina nyanghareupan pasualan.
  • Lauk buruk milu mijah » Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur.
  • Lodong kosong sok ngelentrung » Jalma anu loba omong elmuna saeutik. (*)

Diropea tina Pamekar Diajar Basa Sunda
Pakeman Basa Pakeman Basa Reviewed by Rupa Sundapura on 20.52 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.