Katindih Ku Kari-kari (Bagean 3)

Kuring reuwas. Ngadenge jawaban anggeus-anggeusan kitu mah matak muringkak bulu punduk. Aya galagat masalah kebon bakal papanjangan. Kuring boga pamikir rek mindahkeun pipah ka beh lebak supaya teu ngaliwatan kebon manehna. Tapi waragadna bakal sarua jeung nyieun kirmir dina urutna. Malahan mah kana leuwih, sabab kudu nguriling leuwih ti lima kali lipeteun jauhna.

Carita Tilu Bagian

Kuring noel Pa Camat, "Kumaha atuh Yi? Geuning kitu cenah. Akang mah meni asa tingsariak kieu nguping jawaban nu gaduh kebon kitu teh. Make rek nyebakeun nyawa sagala. Kana moal tiasa beres enggal-enggal atuh ari kieu mah."

Pa Camat surti. Teu manjangkeun "polemik". Bada ngahuleng sakeudeung, ngajak kuring ka Kantor Agraria Kabupaten, maksudna susuganan aya jalan sangkan caina herang laukna beunang. Da ari maksa mah tangtu moal pibisaeun. Lain usumna ongkoh.

Di kantor Agraria, kasampak Pa Kapala Kantor jeung Kapala Seksina teu araya di tempat. Nyacapkeun kapanasaran, kuring ngajak nepungan Pa Kapala Bagian Pamarentahan di kantor Kabupaten, rek menta bongbolongan. Sarua keur suwung. Atuh ngabuntut bangkong. Sabab geus sore, kuring teu kaburu ka kantor deui. Muru balik bae.

Kakara oge keketrok, indung budak bari mukakeun panto ngabejaan, yen tadi ti kantor aya telepon, cenah mah isuk pukul dalapan isuk-isuk aya rapat persiapan panampian Pa Mentri Pariwisata di Pendopo.

Gebeg bae. Moal henteu, bakal nanyakeun beres henteuna ngomekeun pipah nu kabawa urug tea. Mangkaning masalah lahanna oge can aya kelemeng-kelemengna. Kumaha mereskeunana.

Nu tadina beuteung karasa pupurilitan oge, dadak sakala leungit. Top kana telepon, Kapala Bagian Umum, Kapala Bagian Keuangan, Kapala Bagian Tehnik, jeung stap-stapna nu kira-kira perlu, engke peuting kudu ka kantor, diajak badami soal ngungkulan masalah urug di Tenjoayu tea.

Bada Magrib, sarerea geus ngumpul di rohangan rapat. Sabada kurang leuwih dua jam ngabadamikeun cara nu pang gampangna ngungkulan pasualan, diputuskeun saheulaanan pipah nu pegat kabawa longsor diakalan rek ditunjel ku awi gombong, samemeh beres pasualan lahan atawa samemeh aya beaya pikeun nyieun kirmir di sisi jalan.

Rapat diteruskeun ku nyieun gambar jeung nyusun rarancang beaya, sarta jadwal waktu ngalaksanakeunana anu diatur supaya rengse dina waktu lima poe ti harita. Sarerea kakara bubar wanci kongkorongok hayam. Janari leutik.

Isukna, sanajan rada nundutan keneh oge, isuk-isuk keneh geus saged rek rapat di pendopo. Moal kungsi mawa batur, da bahan-bahan meunang ngadeluk sapeupeuting tea geus cukup.

Barang rek jung pisan, Kapala Cabang Cicurug nelepon. Hariweusweus, semu nu rusuh.

"Pa! Nu gaduh kebon kadu teh maot!" Kitu cenah.

"Kutan...?!" kuring ngagebeg, da kamari mah kapan teu kua-kieu, sigana teh henteu keur rieut-rieut acan.

"Ku naon?"

"Nu mawi, katinggang kadu!" Sorana robah, kadenge jadi semu ngeleper.

"Iraha?"

"Saurna mah kamari. Teu lami sabada Bapa sareng Pa Camat mulih."

"Ah, nu bener? Ceuk saha?" Kuring masih keneh cangcaya.

"Sanggem putrana nu kamari ngiring tea. Tadi subuh dongkap ka rorompok, ngawartosan. Abdi teu kinten reuwasna, sareng ngaraos dosa deuih. Tuh, ayeuna oge meni kukurayeun kieu, wireh kamari kukulutus tea bari ngado'akeun mugi-mugi si Bapa nu gaduh kebon katinggang kadu! Da saleresna mah teu dugi kana hate nyanggem kitu teh. Eta mah bawaning ku keuheul bae panginten. Sarengna deui, raraosan mah da teu ngado’akeun dugi ka maot, deuih! Teu nyangka bade pikieueun!"

"Na sagede kumaha atuh kaduna? Meni nepi ka maot."

"Duka! Rupina mah katumpangan panyawat sanes. Jantung atanapi darah tinggi panginten! Atanapi eta mah parantos dugi kana titis tulisna bae."

"Inna lillahi wa inna ilaihi rojiun! Aeh enya ketang! Kapan saur ajengan oge, kana hirup mah, sarerea oge teu aya nu bisa ngagaduh-gaduh, mung Gusti anu kagungan. Ngan eta Ce, bakal beuki panjang we atuh meureun lalakon kebon kadu teh. Ayeuna mah komo, da kudu badami jeung para-ahli warisna. Lobaan meureun!"

"Nu mawi henteu!"

"Henteu? Henteu kumaha? Geuning kamari mah bapana meni sakitu nangtangna. Make rek ngawadalkeun nyawa manehna jeung kulawargana sagala!"

"Nya eta, rupina mah jalaran kamari terangeun bapana suaban kitu, putrana sareng ahli waris nu sanesna ngaraos katindih ku kari-kari. Nya tadi teh putrana ikrar. Sanggemna, 'Abdi ngawakilan pun biang sareng sadaya ahli waris pun bapa. Seja masihan widi ngali kebon kanggo pijalaneun pipah tea, kalayan teu kedah nganggo beaya gentos rugel. Sarengna deui, neda pangapunten ti sadayana kana sagala rupi kalepatan pun bapa!' Kitu sanggem putrana teh. Malih sakantenan masihkeun segel pamasrahanana anu parantos ditawis ku Pa Lurah!" cek Ece, sorana beuki ngeleper.

Sajongjongan kuring hareugeueun, teu bisa nembalan. Naon anu kudu diomongkeun, istigfar atawa syukur? Nu kedal mah ngaheureuyan, "Tapi henteu ari nyebutkeun maotna sakari-kari dido'akeun ku Kapala Cabang mah?" Ti beulah ditu, kadenge Ece rumahuh.

Nun Gusti! Mugi Gusti ngahapunten! (*)

Sambungan ti Bagean 2

Majalah SundaMidang No. 68-69

T A M A T

Katindih Ku Kari-kari (Bagean 3) Katindih Ku Kari-kari (Bagean 3) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.51 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.