Katindih Ku Kari-kari (Bagean 2)

Kuring nyampeurkeun Kapala Cabang PU nu keur tadah-tuduh ka para pagawena di hilir.

"Yi, mangga atuh Akang bade ka lebak heula, bade ngararancang ngalihkeun pipah tea. Wilujeng didamel bae Ayi!" omong teh bari ngaleos.

"Sami-sami Kang! Wilujeng didamel!"

Carita Tilu Bagian

Kuring tuturubun mapay jalan satapak dituturkeun barudak, rek neangan pijalaneun pipah. Ece nyampeurkeun, "Pa! Rupina mah pipah nu tiasa dipelak di sisi jalan satapak mah mung dugi ka dieu!" cenah bari nunjuk kana taneuh sisi jalan nu keur ditincak ku kuring. "Saterasna mah, sateuacan nyambung deui sareng pipah lami palih tonggoh, kedah ka handapeun kadu sareng rambutan palih dinya."

"Enya nya, kawasna lamun hayang lempeng mah kudu ka dinya, mangkaning tangkal kaduna keur meujeuhna meuhpeuy, geus karolot deuih."

Bari tatanggahan kuring mikir. Sigana mah, kaduna geus loba nu arasak, da geus melenghir. Loba nu geus meujeuhna diala. Lamun diantep teh, kawasna bakal marurag sorangan. Ceuk tukang dagang kadu mah "duren jatohan" tea.

Kuring was-was. "Boa moal daekeun digantian saratus rebu sameter mah, Ce!" omong teh. "Pek atuh ukur, ka mana kira-kirana anu teu kudu nuar tangkal kadu atawa rambutan!"

"Rupina, nu kinten-kinten teu kedah nuar tatangkalan mah ka palih dieu!" tembalna, nuduhkeun pijalaneun pipah.

"Enya sok bae ka dinya! Ukur, sabaraha meter anu kudu digantianana. Lapor heula ka Pa Lurah, sakalian menta dianteur badamina jeung nu boga kebon!"

"Mangga!" jawabna, bari terus mancuhan pijalaneun pipah.

"Iraha rek ka Pa Lurahna?" cek kuring.

"Upami pipah nu kabantun longsor tiasa beres ayeuna mah, rupina engke oge sonten tiasa dibujeng ka bumina."

"Enya atuh ari kitu mah, Bapa rek ka kantor heula. Mun aya naon-naon mah nelepon bae!"

Isukna, isuk-isuk keneh pisan, Kabag Tehnik geus nelepon ka imah, pondokna mah bebeja yen kamari sore, manehna geus manggihan nu boga kebon jeung Pa Lurah. Hasilna nihil. Nu boga kebon teu mikeun. Omongna mah bisi ngaganggu kana bubuahan, cenah. Geus diolo jeung dibibita ganti rugina rek dipunjulkeun ti nu sejen oge, teu beunang diongget-ongget. Carekna moal teh, moal bae.

Meunang laporan kitu, kuring buru-buru indit. Maksud teh rek nyampeur Pa Camat. Sageuy sugan ari ku camat mah teu mikeun. Kabeneran Pa Camat aya di kantorna, langsung bae diajak ka lokasi. Teu nempo heula nu longsor, terus bae ka nu boga kebon. Kapala Cabang Cicurug geus nyampak. Harita keneh nu boga kebon diajak nitenan pijalaneun pipah, sakalian ngajak anakna nu kabeneran keur aya di dinya.

Bari leumpang, bada kuring nerangkeun perluna lahan manehna nu rek dikali keur pijalaneun pipah, Pa Camat nandeskeun yen eta tempat teh kacida pisan dibutuhkeunana sangkan cai nu diperlukeun pisan ku masarakat, bisa gancang ngocor deui.

"Ku margi ieu mah kanggo kaperyogian masarakat nu sakitu seueurna, rupina upami ieu tempat dianggo jalan pipah teh bakal ageung pisan pahlana kanggo Bapa," Pa Camat ngaririhan.

"Numawi moal kapasihkeun, margi ieu kebon teh janten andelan kanggo hirup abdi sadidinten!" jawabna kerung.

Kuring mairan, "Muhun pan kebonna mah moal dibantun, sareng moal aya tangkal bubuahan nu katuar deuih. Pipah mah bade dipelak di sela-selana bae. Tah kinten-kinten palih dieu, moal ngaganggu kana pepelakan Bapa. Atuh sagemblengna, kebon masih keneh kagungan Bapa, mung nitipkeun pipah wungkul."

"Ah sanaos kitu oge, teu tiasa!" Ngomongna kitu bari tatanggahan nempoan buah kadu nu aya luhureunana. Kuring mentegeg, asana teh meni ku tega. Padahal, rek neundeun pipah teh kira-kira tilu meteran tina pepelakan. Tangkal kadu mah moal katoel-toel acan. Moal matak bocel.

"Ih meni ku kukuh!" kadenge Kapala Cabang Cicurug ngagerendeng. "Mugi-mugi sing katinggang kadu!" cenah kukulutus. Ngomongna ngan ukur keur soranganeun. Moal nepi ka kadengeeun ku nu boga kebon.

"Naon Ce? Kade etah, ulah saucap-ucapna!" kuring nepak pundukna.

"Ah atuda keuheul abdi mah. Da moal runtuh ieuh tangkal kaduna oge!" tembalna merengut.

Pa Camat nyereng ka nu boga kebon. "Pa! Ari keur kaperluan masarakat nu loba mah bisa make putusan ti luhur. Aya aturanana. Hak milik atas tanah ieu, bisa dicabut ku pamarentah, demi kapentingan umum!"

"Sadaya-daya da abdi mah rahayat! Sakantenan bae atuh nyawa abdi sareng pun bojo, malih barudak oge, mangga sadayana candak!" jawabna nyungkun, terus ngajak anakna. "Yu ah Jang urang ka landeuh. Urang nempo nu di wates tea. Geus arasak meureun ayeuna mah!" Manehna ngaleos, teu pamit-pamit acan. (*)

Sambungan ti Bagean 1 Nyambung ka Bagean 3

Majalah SundaMidang No. 68-69
Katindih Ku Kari-kari (Bagean 2) Katindih Ku Kari-kari (Bagean 2) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.52 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.