Si Kabayan Hayang Kadunyaan

Dongeng Si Kabayan

Mbah Jambrong: "Hayang naon maneh teh Kabayan datang ka dieu?"
Kabayan: "Numawi abdi tebih-tebih ka dieu teh, taya sanes hoyong kadunyaan, Mbah."
Mbah Jambrong: "Heug wae hayang kadunyaan mah, ngan aya sarat nu kudu ditedunan. Kumaha...sanggup?"
Kabayan: "Sanggem, Mbah. Dupi saratna teh naon wae?"
Mbah Jambrong: "Nu kahiji, kudu aya duit lima ratus rebu. Nu kadua, naon bae nu dibikeun ku Abah, ka maneh kudu ditarima kalawan rido jeung iklas. Sanggup?"
Kabayan: "Sanggem, Mbah. Tah ieu artosna, mangga nyanggakeun!"

Mbah Jambrong teu lila ngaleos ka jero kamarna, teu lila torojol deui bari angkaribung mawa kadu saloba-loba, aya meureun kana sapuluh siki mah.

"Tah Kabayan, lamun maneh hayang kadunyaan mah, ieu kabeh ku maneh bawa balik. Kade ulah poho eta sarat nu kadua nu bieu ku Abah diomongkeun tea."

Teu lila Si kabayan balik, bari gugurutu kesel. "Dasar dukun wadul! Aing dibere kadu-enyaan, heueuh lain kadu bobodoan! Belegug...!" (*)

Si Kabayan Hayang Kadunyaan Si Kabayan Hayang Kadunyaan Reviewed by Rupa Sundapura on 21.27 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.