Nyi Mas Sutaweni

Panganteur

Kajadian ieu, basa jaman gorombolan puluhan taun ka tukang, di wewengkon Gunung Kaledong. Harita, asa jauh antarana anu beunghar jeung nu miskin. Hal ieu ngabalukarkeun loba jalma ngalajur napsu ngumbar amarah, hayang meunang kauntungan tina jalan nu enteng. Teu saeutik jalma nu maksa-mirusa ku jalan ngarogahala. Teu saeutik jalma nu ngalap elmu-elmu setan keur nyumponan hawa napsuna sorangan.

Munjung ka gunung, mumuja ka sagara. Hiji jalan nu dipake ku Nyi Mas Sutaweni (tokoh dina ieu carita), nu luas nyebakeun nyawa kulawargana, tatanggana, keur melaan napsu harta. Mama Saefi (tokoh sejenna dina ieu carita), nu harita kungsi ngagagalkeun hiji budak lalaki umur 11 taunan nu rek ditumbalkeun ku Nyi Mas Sutaweni, ngalawan ririwa, nepi ka eta ririwa boborkarahayuan. Ku sabab eleh wowotan, ririwa malik tugenah ka Nyi Mas Sutaweni. Pangrasana asa dicilakakeun Nyi Mas Sutaweni. Rasa katugenah ririwa, ngabalukarkeun saawak-awak Nyi Mas Sutaweni barijil mararentis. Lila-kalilaan, eta nu mararentis ngagedean sagede-gede endog puyuh. Saterusna barucat ngaluarkeun nanah anu kacida bauna. Beungeutna jadi koromod, irung ponghek teu mangrupa.

Rumasa era ku pangjejeleh ti masarakat, manehna kabur ka gunung bari kukubuk ka urang lembur. Cenah bakal datang deui ka eta wewengkon lamun aya nu kaserang gering panas. Bakal nepa-nepakeun panyakit kuris dina awakna. Matak ti saprak harita, eta raga marakayangan Nyi Mas Sutaweni teh disebut-sebut Jurig Kuris.


Haseup surutu tina leuleungeunan bebegig injuk nyerebung. Ngelun awun-awunan minuhan rohangan. Jiga ngawanti-wanti ka kuring nu keur mendeko ajrih, mayunan Mama Zaenal. Lambena teu elat gegereyeman, sareng ramona nu teu reureuh milangan tasbe mapat asma-asma Alloh.

Carita Sunda Misteri

"Tong salempang, angot hariwang, urang sanggakeun ka Mantenna," Mama Zaenal mimiti ngagerendeng, soantenna agem, handaruan.

Peuting ieu, Salasa Kliwon, beda jeung peuting-peuting nu sasari. Asa keueung, asa bayeungyang. Sora seah angin di luar kawas harewos nu haroshos ngabaribinan hate kuring nu kalimpudan ku keueung.

"Sing eling, ulah kacolongan. Peuting ieu salawasna Ujang kudu dikir, mumuji ka nu Kawasa." Ngelingan kuring.

"Su...sumuhun, Mama!" Eta nu kaluar tina biwir kuring bari neundeun Qur'an kana tempatna.

"Moal nanaon kitu ieu teh, keueung abdi mah."

Mama Zaenal gumujeng, kagugu ku polah kuring.

"Ari Si Ujang kungsi ngadenge aya jelema paeh dilegleg ku jurig?"

"Teu acan."

"Matak ge, keun we. Angguran mah Jang Dadang sing sadrah tumamprak, mumuntang ka Pangeran. Baca sabisa-bisa, kuma carana sangkan Nyi Aminah peuting ieu bebas tina bahaya."

Ngadadak Mama Zaenal meureumkeun socana. Mepet bayu panca driya, sidakep sinutu tunggal.

Kuring nu nempokeun kagugu, kalah reuwas. Tagiwur. Nambah hariwang. Salempang kana waruga nu ngalempreh teu empes-empes gigireun Mama Zaenal. Nyi Aminah, pamajikan kuring.

Di luar, angin beuki rongkah, nebak kana dahan tangkal nangka, beh kuloneun imah. Sarana seah, ngageber-geber bilik. Hawar-hawar ti kaanggangan kadenge anjing babaung, patembalan jeung sora bueuk sili engklokan.

"Geus waktuna! Bantu Mama ku maca Qulhu!" Mama Zaenal beunta, mencrong seukeut. Sorot socana nembongkeun hiji kapastian.

Serengeh Mama Zaenal nyerengeh nembongkeun waosna anu beres keneh.

"Naha?" Eta nu pagaliwota dina jero dada. "Aya-aya bae mama mah, na teu apaleun kitu kuring keur tagiwur. Kalah gumujeng. Teu ngarti!"

"Ngaing mah teu, teu nyieun ku nu maca Nyasin. Teu! Teu nyieun ku nu maca kelhem."

Jelebet...! Puhu ceuli asa dipeupeuh. Awak kontan tingsariak, bulu punduk maruringkak. Panon buncelik. Sakabeh pangacian laleungitan.

Teu kawawa kuring calangap.

"Gusti...! Ari eta saha?" Panon mencrong ka lebah datangna sora.

"Mama...sorana ngirung."

Nu ditanya teu malire, tonggoy babacaan.

"Ngaing mah teu nyieun ku nu maca kelhem. Nyieun soteh ku nu maca kelhem tungul ngaring." Deui-deui eta sora di luar ngagareuwahkeun lelembutan. Beuki ngear badis sora oray.

"Keun, keun bae. Sagagahna ge ririwa, sajagona ge genderewo, moaa bisa ngelehkeun mulyana manusa." Mama Zaenal negerkeun. Nitah kuring tenang.

"Teu ngartos abdi teh, Mama."

"Ke lanan, lain waktuna ngabahas eta," pokna bari ngantelkeun curuk kana lambena. Kuring surti, tuluy jempe. Nu kadenge ukur ambekan nu motah, jeung ratugna jajantung.

"Dewek apal saha silaing!" Mama Zaenal awong-awongan, handaruan.

Di Luar simpe, taya nu nembal. Kalah mingkin motah, mingkin seah.

Beuki teu ngarti kuring mah. Eta jurig teh cenah teu sieuneun ku nu ngaji Yasin jeung maca Qulhu. Pan Yasin jeung Qulhu teh ayatayat Alloh? Da cenah talukna teh ku kelhem tungul ngaring. Na aya deui kitu Qulhu nu sejen?

"Ngaing moal init, nyamemeh mamaknyudan ngaing ngasil. Nemakeun manyakit ngaing ka Si Ngaminah." Sorana awor jeung seahna angin anu beuki ngagelebug.

"Ya Alloh...! Mama, maol nanaon kitu Si Nyai teh?" Meh-mehan ngarontok pamajikan, poho ditemahwadi.

"Keun, antep. Naon cenah kahayangna. Nepi ka mana ge urang tungguan."

"Kang..., abdi sieun, Kang!" Pamajikan nu ti tatadi ngalempreh, kagareuwahkeun.

"Moal nanaon Nyai, keun da aya Si Mama di dieu." Buru-buru ngawaro, leungeun ngusapan tarangna anu mingkin panas bae.

"Jam sabaraha ieu teh?" Mama Zaenal tanggah, luak-lieuk neangan jam. "Sakeudeung deui ge rengse."

"Maksadna?"

"Waktuna geus samporet. Jam dua peuting."

"Ari itu!" Kuring nunjuk ka luar. "Moal nanaon?"

"Make jeung dipikiran. Antepkeun we sina bagadang."

"Laaahh...aya-aya wae Mama mah." Maksakeun seuri. "Ooohh...enya, Mama?"

Nu ditanya ngabelenyeh, kawas nu surti kana jero eusi hate kuring. Sut..., manehna nyeungeut surutu. Mikeun ka kuring, nitah ngaganti surutu dina leuleungeunan bebegig nu kari saparapat deui.

Di Luar, jiga rek mimiti simpe. Angin teu motah kawas tadi. Tapi, kakeueung mah angger we aya.

"Geus tenang ayeuna mah." Mama Zaenal nyeungeut deui surutu keur manehna. "Pek tah bebegig, baturan ririwa di luar!"

Jempe sakedapan.

"Naon sababna tadi beurang Mama nitah Ujang pangnyieunkeun bebegig dina injuk?" Mama Zaenal muka deui carita, meuyarkeun lamunan.

"Jeung naon maksudna eta ririwa ngomong, ngan saukur sieun ku kelhem tungul ngaring."

"Sumuhun, teu ngartos abdi mah."

"Lain kelhem tungul ngaring maksudna mah." Mama Zaenal ngarenghap antare naker. "Tapi tunggul garing meureun, pedah we eta ririwa teh ngomongna ngirung."

Mama Zaenal ngenyot surutuna bangun ni'mat naker.

"Ari hartina tunggul garing teh nyaeta nu tunggu ngajentul bari nyaring."

"Jadi...?" Halis naek saeutik.

"Matak Mama nitah Ujang nyieun bebegig teh, keur ngabobodo. Ngarah jiga jelema keur tunggu bari ngaroko. Tah, bisi Ujang geus tunduh mah, jung we geura sare. Geus moal aya nanaon deui ayeuna mah. Sakeudeung deui ge adan awal. Sakeudeung deui ge eta ririwa balik deui ka asalna."

"Asa mingkin bingung..."

"Teu kudu bingung! Manehna lain ririwa, tapi manusa. Matak teu sieuneun ku lapad-lapad Alloh ge. Baheula, manehna jalma anu leket kana ibadahna. Bongan diri ngalajur napsu ngarempak bebendon Gusti, jadi weh jiwana kalimpudan ku elmu jeung pangaweruh setan. Tah geuning bukti ayeuna mah, gagahna manusa teh ku kamulyaan, uteuk, jeung akal pikiran, lain ku hawa napsuna. Urang sarerea bakal salamet lamun salalawasna hirup cicing dina jalan bener mungguh Alloh."

Satutasna ngadangu wejangan, kuring ngagoledag gigireun pamajikan, teu kuat ku pitunduheun.

Sareretan, katingal Mama Zaenal kalah anteng ngumbar lamunan.

"Hatur nuhun Mama Saefi kana pitulungna kapungkur. Disalametkeun tina gangguan Si Sutaweni." Ngagerendeng, kawas nyawang kana kajadian 50 taun ka tukang. (*)


Cucu Rahmat
Nyi Mas Sutaweni Nyi Mas Sutaweni Reviewed by Rupa Sundapura on 21.13 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.