Duriat Pegat Di Bubat

Sim kuring kantos medalkeun buku kumpulan dangding judulna "Jamparing Hariring" dipedalkeun ku Pamedal (Penerbit) CV.Geger Sunten, Bandung. Buku kumpulan dangding "Jamparing Hariring" taun 2005 ku Antun Hikmawati kantos didamel ulikan bahan skripsi kanggo ngahontal gelar Sarjana Pendidikan (S.Pd.) di UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Judul skripsina "Analisis Struktur Kumpulan Dangding Karya Dedy Windyagiri".

Rohang Kalam

Dina buku "Jamparing Hariring" aya dangding pupuh Sinom lima pada nu judulna "Duriat Pegat di Bubat" (kaca 21). Eusi eta dangding ti dituna mah sim kuring nyeukseukan Citraresmi atanapi Dyah Pitaloka. Nganaha-naha naha bet angkat ka Bubat anu kabuktian mung ukur nyebakeun nyawa.

Eta dangding digurit sabada sim kuring maca buku (wawacan) "Kidung Sunda" wedalan Bale Pustaka, Weltevreden, taun 1928. Dina eta buku aya katerangan "beunang nyalin tina basa Kawi". Teu disebat saha anu nyalinna.

Dina buku "Kidung Sunda", Raja Sunda anu gugur di Bubat teh teu disebatkeun jenenganana mung disebat Kangjeng Prabu Maharaja atanapi Maha Sunda Aji.

Dina implengan sim kuring, Citraresmi atanapi Dyah Pitaloka teh putrana Sri Baduga Maharaja, raja Karajaan Pajajaran. Dipapantes Citraresmi teh putra nunggal, teu raka teu rai, da dina buku "Kidung Sunda" oge teu disebatkeun Citraresmi kagungan raka atanapi rai.

Beh dieu, sabada sim kuring maca buku "Sejarah Jawa Barat" (Yuganing Rajakawasa), basa Indonesia, karangan Drs. Yoseph Iskandar nembe sim kuring engeuh yen geuning ramana Citraresmi anu gugur di Bubat teh sanes Sri Baduga Maharaja raja Karajaan Pajajaran anu indung dayeuhna di Pakuan, Bogor, nanging Prabu Maharaja Linggabuana raja Karajaan Sunda anu indung dayeuhna di Kawali, Ciamis.

Prabu Maharaja Linggabuana ngasta kaprabon Karajaan Sunda ti taun 1350 dugi ka taun 1357 Masehi (kabujeng gugur di Bubat), jujulukna Prabu Wangi. Sri Baduga Maharaja ngasta kaprabon karajaan Pajajaran ti taun 1402 dugi ka taun 1521 Masehi, jujulukna Prabu Siliwangi. Ulah pagentos, aya Prabu Wangi aya Prabu Siliwangi.

Numutkeun pancakaki, Prabu Maharaja Linggabuana ka Sri Baduga Maharaja teh pernah buyut. Perelean rundayanana: Prabu Maharaja Linggabuana puputra Niskala Wastu Kancana. Niskala Wastu Kancana puputra Ningrat Kancana. Ningrat Kancana puputra Sri Baduga Maharaja.

Sihoreng Citraresmi atanapi Dyah Pitaloka teh kagungan rai pameget nyaeta Niskala Wastu Kancana.

Dina buku "Sejarah Jawa Barat" (kaca 196) disebatkeun Prabu Maharaja Linggabuana ti Prameswari Dewi Lara Lingsing kagungan putra opat:

  1. Putra cikalna, istri. Ku ramana dipaparin jenengan Dyah Pitaloka. Ku eyangna, Prabu Ragamulya Luhur Prabawa (ramana Prabu Maaharaja Linggabuana) dipaparin jenengan Citraresmi. Citraresmi atanapi Dyah Pitaloka dibabarkeun dina taun 1339 Masehi.
  2. Putra pameget pupus dina yuswa sataun.
  3. Putra pameget pupus dina yuswa sataun.
  4. Putra bungsuna, pameget, dipaparin jenengan Niskala Wastu Kancana.

Waktos rama, ibu, sareng rakana nyaeta Citraresmi arangkat ka Bubat, Niskala Wastu Kancana yuswana nembe salapan taun. Teu dicandak ka Bubat nanging dititipkeun ka ingkang paman Sang Bunisora (raina Prabu Maharaja Linggabuana). Sang Bunisora engkena janten Mangkubumi Suradipati. Dina buku "Kidung Sunda" Niskala Wastu Kancana sareng Sang Bunisora teu kasebat-sebat.

Dina buku "Kidung Sunda" dicarioskeun sateuaacan dilamar ku Prabu Hayam Wuruk ti Majapait teh Citraresmi digambar heula ku juru tekin (upami ayeuna mah pelukis) Prabangkara. Ari dina buku "Sejarah Jawa Barat" mah Citraresmi teu kacarioskeun digambar heula nanging langsung dilamar ku Patih Madu anu sumping ka Kawali ngemban timbalan Prabu Hayam Wuruk.

Para pangagung Sunda arangkatna ka Majapait disarengan ku garwa-garwana. Indit sirib jajap Citraresmi anu bade ditikah ku Prabu Hayam Wuruk. Sanes bade caos upeti, sanes bade mapag jurit atanapi nangtang perang.

Dina buku "Kidung Sunda" eces pisan Citraresmi newek salirana ku keris, sanes ku kujang atanapi ku patrem. Newek salirana di pasanggrahan (di lebet tenda) disaksian ku ingkang ibu (prameswari) sareng ku pawarang anu kadua anu jenenganana Paduka Matur.

Prameswari, Paduka Matur, sareng istri-istri pangagung Sunda anu sanesna narewek salirana dugi ka parupusna di palagan Bubat di payuneun carogena masing-masing.

Dina buku "Sejarah Jawa Barat" (kaca 206) disebatkeun: "Sang Mangkubumi Suradipati kemudian mengirimkan utusan ke Majapahit untuk menjemput semua abu jenazah (awu wangkay) yang kemudian dibawa ke ibu kota Kawali untuk dipusarakan di Sanghiyang Linggahiyang yang sekarang menjadi pemakaman Islam yaitu Astana Gede, Kawali."

Dina buku "Kidung Sunda" dicarioskeun layon Maha Katong (Raja Sunda), layon dua garwa, layon Sang Retna (Citraresmi), layon para mantri anu pupus di medan perang, sanggeus diduruk, lebuna diwadahan tuluy dipalidkeun ka sagara sakumaha adat biasa.

Dina buku "Sejarah Jawa Barat" dijentrekeun: "Semua orang Sunda yang datang ke Bubat itu telah binasa. Tidak seorang pun yang tersisa."

Dina buku "Kidung Sunda" kacaturkeun aya keneh anu hirup nyaeta Patih Pitar anu masrahkeun diri, masrahkeun wadyabala sesa perang, sarta masrahkeun istri Pasundan anu nyesa keneh ka Prabu Hayam Wuruk.

Dina buku "Kidung Sunda" digambarkeun Bubat ayana di sisi walungan gede. Kapal-kapal ti Karajaan Sunda mengkol ti muhara tuluy balabuh di Bubat. Bubat teh jigana ngaran desa da kasebut aya kuwuna. Tegal tempat begalan pati ngaranna tegal Wilajanggala.

Dina buku "Kidung Sunda" kacarioskeun ti barang dikantunkeun pupus ku Citraresmi, Raja Hayam Wuruk teras teu damang wales kaleleban dugi ka pupusna teu lami ti kajantenan palagan Bubat. Layon Sang Raja Hayam Wuruk disimpen dina tambela, lamina sasasih tujuh dinten. Samemeh diduruk hajat heula ngahormat arwah Sang Raja.

Dina buku "Sejarah Jawa Barat" (kaca 327) kaunggel Prabu Hayam Wuruk ngasta kaprabon Majapait dugi ka taun 1389 Masehi. Hartosna 32 (tilupuluh dua) taun sabada palagan Bubat. Ganjor pisan bentenna sareng anu kaunggel atanapi kacarioskeun dina buku "Kidung Sunda". Cag, teundeun sampeureun tunda teangeun. (*)


Dedy Windyagiri
Duriat Pegat Di Bubat Duriat Pegat Di Bubat Reviewed by Rupa Sundapura on 22.04 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.