Tjarita Mantri Djero (Bagean 3, Djilid 1)

Jogaswara katjida resepeunana ngareungeukeun dongeng ramana teh. Ngaregepkeunana mani taja galideurna. Saoer Adjengan, "Koemaha Oedjang, resep kana dongeng teh djeung kaharti eusina?"

Carita Nyambung

Walon Jogaswara, "Kantenan resep mah sareng kahartos. Abdi mah nembe ngoeping dongeng noe sakitoe loetjoena."

Lahir ramana, "Tjing lamoen enja Oedjang ngarti kana eusina, Ama rek nanja. Lamoen Oedjang djadi Ki Sembada, rek dibikeun eta pakarang teh ka Ki Dora atawa moal?"

Jogaswara, "Ah oepami abdi mah djadi Ki Sembada, keur naon make ngoretkeun. Apan Ki Dora teh toenggal gandek kapertjajaan radja keneh. Oelah soteh dibikeun ka noe lian, panginten ka deungeun-deungeun, sareng moal enja Ki Dora akon-akon. Oepami Ki Sembada teu kakah-koekoeh mah panginten moal doegi ka parasea sareng moal doegi ka naremahan pati."

Ramana mesem ngadangoe pangwalon poetrana kitoe teh, pok andjeunna sasaoeran, "Matak naon lamoen Ki Dora kaoesap setan, boga pipikiran hajang mibanda kana eta pakarang, niat tjoerang ka doenoengan? Soemawonna kakara lebah gandek, teu atjan poegoeh kasatiaanana. Doeloer pet koe hinis ge loba noe teu beunang dipertjaja. Djeung naha waka ngandel kana omongan Ki Dora. Saha saksina jen manehna dipiwarang koe radja?"

Jogaswara mindel henteu tiasaeun ngawalon, bingoeng koe pijawabeun. Koe ramana katingali pasemon poetrana semoe bingoeng, pok andjeunna ngalahir deui. "Ieu dongeng saenjana djero maksoedna, toer beunang didjieun toeladan. Timbangan Oedjang tadi teh salah. Lamoen kitoe lain tjetjekelan noe koemawoela, sabab wani njampolehkeun piwarangan doenoengan, doemeh pertjaja kana omongan sasama badega. Padahal eta omongan teh teu atjan poegoeh benerna, sabab taja saksina. Lamoen Ki Sembada mikeun teh tembong deui kasamporetanana djeudjeuhanana, henteu boga wiwaha, taja tjoeriga. Ana kitoe henteu meudjeuhna manehna meunang kapertjajaan noe sakitoe gedena ti doenoenganana. Tapi koe sabab Ki Sembada henteu masrahkeun eta pakarang ka Ki Dora, tetep manehna aja dina bener sarta tembong kasatiaanana, kaaloesan tabe'atna. Paingan nepi ka djadi tjatjarakan aksara, parabot paranti ngampihan elmoe noe oetama, da noeroet boeat ka Ki Sembada anoe tetela oetama kalakoeanana. Koe sabab eta, kapengkoehanana Ki Sembada koe Oedjang koedoe ditoelad, soemawonna lamoen Oedjang baring soepagi aja milik, diparengkeun bisa koemawoela. Ki Dora oge kaasoep kana djelema toehoe, ngan handjakal boga adat moeroegoel, perwatek djelema bodo, sok boga rasa bener sorangan. Padahal lamoen manehna roemasa atah sasar, henteu tarapti mawa saksi, moal nepi ka naremahan pati! Kitoe deui noe djadi radja henteu loepoet tina kasalahan. Naha nibankeun paparentahan teh henteu sagolek pangkek, satjangreud pageuh. Kapan radja mah koedoe ngagem ageman, sabda pandita ratoe, henteu meunang lantja-lintji, loentjat moelang. Boektina dina henteu ati-atina nibankeun dawoehan, rentjang kakasih doeanana sah ti doenja. Radja mah koedoe leuwih asak rampana teh, oelah kena-kena kagoengan kakawasaan. Sababna hese diomeanana lamoen geus salah teh. Taloengan keneh djelema biasa, lamoen njieun kasalahan teh aja noe baris ngahoekoeman. Ari radja koe saha baris dihoekoemna, sabab kakawasaan ngahoekoeman aja dina dampal pananganana!"

Jogaswara, "Soemoehoen, jaktos pisan kitoe, ari diemoet paos mah."

"Koe sabab eta," saoer Adjengan, "Oedjang koedoe pertjaja kana kajakinan hate sorangan. Sanadjan tjek batoer salah, tapi lamoen tjek kajakinan hate sorangan bener, asal geus tjoekoep ihtiar, oelah rek galideur, sabab saksi nomer hidji noe bakal njalahkeun djeung ngabenerkeun kalakoean maneh teh njaeta hate. Sanadjan kalakoean goreng beunang disimboetan koe omongan bohong, tapi hate mah moal beunang dipaling. Lamoen njieun kasalahan moal pinanggih djeung kasoegemaan, salilana berewit dina ati. Toengtoengna djadi panjakit anoe bakal ngaroeksak kana badan djeung pikiran." (*)

Samboengan ti Bagean 2 Njamboeng ti Bagean 4

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 3, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 3, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.33 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.