Tjarita Mantri Djero (Bagean 2, Djilid 1)

Kira-kira geus aja sareboe lima ratoes taoenna ka toekang, sakoeliah Poelo Djawa lelegana leuweung geledegan keneh, panjoempoetan sagala roepa sasatoan. Loba pisan alas banawasa anoe atjan kasaba koe manoesa, lantaran djaman harita mah saeutik keneh djelemana. Nagara-nagara teu atjan loba, soemawonna dajeuh-dajeuh noe rarame tjara ajeuna mah meh euweuh.

Carita Nyambung

Katjaritakeun di wewengkon beulah koelon, aja sahidji nagara. Radjana kagoengan poetra pameget hidji, kakasihna Tritroesta. Barang Pangeran Tritroesta geus sedeng roemadja poetra, koe ramana dipasantrenkeun ka nagara Atas Angin, dipiwarang njipoeh panemoe, ngoejang loeang, neangan kapinteran.

Sanggeus toetoeg masantrenna, Pangeran Tritroesta moelih deui ka Poelo Djawa, njandak rentjang mangpirang-pirang, noe ngahadja naringgalkeun lemah tjaina, rek ngoembara ngadon ngaboeniaga. Koelantaran Pangeran Tritroesta katjida ngagoengkeunana kana agama Saka (Boeda), djenenganana oge dilandi djadi Adji Saka, hartina radja noe ngadjoengdjoeng agama Saka. Adji Saka henteu lila tjalikna di ramana, lantaran ngilari pinagaraeun, angkat ka djaoehna. Bral andjeunna djeung sarentjangna, oerang nagara Atas Angin tea, balajar mapaj basisir kaler, madjoe ngetan. Meunang saboelan didjalan, Adji Saka soemping ka moehara hidji waloengan, toeloej kapalna balaboeh, doemeh di palebah dinja aja tempat anoe aloes baris pinagaraeun. Tina loehoer goenoeng katingali aja padataran lega, rata lir tjai talaga. Ari pernahna rada anggang ti basisir. Sabagian rentjangna dipiwarang noenggoean tjatjandakanana, noe sawareh deui ditjandak ngiring, rek njoengsi padataran pinagaraeun tea. Rentjang-rentjangna noe dikantoenkeun di sisi basisir, dikapalaan koe gandekna kakasih, ngaran Ki Sembada. Samemeh djengkar. Sang Adji nitipkeun pakarang kagoenganana ka Ki Sembada. Dawoehanana, "Sembada, ieu koe maneh tjekelan pakarang kami noe geus kakontjara kamatihanana, pikeun ngadjaga diri maneh djeung babatoeran, bisi pinanggih bantjang pakewoeh. Tapi patjoean oelah rek dibikeun ka djalma sedjen kadjaba ti ka kami, sarta maneh oelah ingkah satoengtoeng kami teu atjan balik deui!"

Ki Sembada tjedok njembah, nampanan pakarang noe dititipkeun tea sarta manehna djangdji sedja nohonan sadawoehan kalawan katiginan.

Bral Sang Adji angkat, djalanna tarahal pisan, wantoening njorang leuweung loewang-liwoeng. Tetela eta palataran teh aloes lamoen didjieunan nagara teh. Sadjabana tjoertjor tjaina, ongkoh bahe ngaler, ninggang kana tjatoer-ranggana ngawangoen nagara.

Wantoening loba noe migawena, henteu sabaraha lilana dina boeboelak noe ngeblak teh geus paragpag wawangoenan, galede djeung araloes. Djalan-djalanna boetbat, di sisina dipelakan tatangkalan keur baris pangioeh-ioeh.

Sanggeus dajeuh anggeus, der pesta, rame pisan, bari sakalian ngistrenan Sang Adji Saka djoemeneng radja di dinja. Ari eta nagara anjar teh dingaranan Medang Kamoelan.

Heuleut sawatara boelan ti sanggeusna Kangdjeng Radja mangkoe kadaton, ras andjeunna emoet ka rentjangna noe dikantoenkeun di basisir tea. Tadina mah rek dipiwarang dipapagkeun, tapi koe Sang Adji kaemoet henteu perloe, doemeh aja kersana palaj ngadamel deui dajeuh di sisi basisir. Noe koe andjeunna dipikaboetoeh teh ngan pakarang noe dititipkeun ka Ki Sembada tea bae. Toeloej njaoer panakawan kapertjantenanana, ngaran Ki Dora. Dawoehan Sang Praboe, "Dora, maneh indit sing gasik ka basisir, tepoengan Ki Sembada, penta pakarang kami noe dititipkeun ka manehanana."

Ki Dora henteu pandjang tataros deui, gantjang bae miang, rek nepoengan Ki Sembada, ngemban dawoehan Kangdjeng Radja.

Barang gok doea panakawan papanggih, Ki Dora njarita jen manehna dioetoes koe Ratoe, rek njokot pakarang titipan tea. Ki Sembada kaget dina hatena, ngomong sadjeroning pikirna, "Naha Kangdjeng Radja soelaja tina soebaja, kapan bareto andjeunna wawangsit, eta pakarang teu meunang dipasrahkeun ka djelema lian, ari ajeuna miwarang diserenkeun ka Ki Dora! Parentah noe mana noe koe aing koedoe ditoeroetkeun teh, noe ti heula atawa noe pandeuri?"

Dasar panakawan toeman goegon kana dawoehan, Ki Sembada gilig dina atina, eta pakarang moal dibikeun ka Ki Dora, rek ngoekoehan parentahan noe ti heula bae, sabab koe manehna kapikir, jen eta noe koedoe dikoekoehan teh, sabab kadenge koe tjeulina pribadi. Pok ngomong ka Ki Dora, "Adi, lain pisan akang teu pertjaja, tapi ieu pakarang koe akang hamo kapasrahkeun, sabab Kangdjeng Radja, samemeh djengkar, ngamoelamantian pisan ka akang, ngalarang oelah wani-wani mikeun ka djalma sedjen, lamoen lain ka andjeunna."

Ki Dora katjida henegeunana ngadenge omongan Ki Sembada kitoe teh, sieun balik lengoh, henteu bisa nedoenan piwarangan doenoengan. Tembalna soegal, "Enja, koering oge datang ka dieu teh lain lantoeng tamboeh lakoe, tapi dioetoes koe Ratoe, ngarawatan pakarang kagoenganana. Naha make dikoretkeun? Ana kitoe sampean baha kana dawoehan!"

Ki Sembada panas hatena ngadenge keketjapan Ki Dora noe sakitoe njarogokna, pok manehna ngomong bari morongos, "Padoeli teuing diseboet baha kana parentahan oge, tapi ieu pakarang koe dewek moal dibikeun ka silaingl!"

Ki Sembada djeung Ki Dora parea-rea omong, keukeuh noe menta, keukeuh noe teu mikeun, toengtoengna ger taroeng, silih tondjok, silih tjabok, malah nepi ka silih tewek. Eureun-eureun soteh geloetna sanggeus doeanana marandi getih, ngadjarolopong handapeun tangkal kai. Waktoe eta doea panakawan garaloengan, taja noe nganjahoankeun, wantoening tempatna rada anggang ti pangrereban.

Toenda noe geus ngalalondjor, doea gandek noe saratia ka doenoengan. Kakotjapkeun Sang Radja, katjida andjeunna soemelang manahna, doemeh Ki Dora geus sakitoe lilana teu atjan keneh bae moelang. Ras emoet kana dawoehanana ka Ki Sembada, njaeta memeh djengkar teh andjeunna geus ngomat-ngomatkeun oelah wani-wani mikeun pakarang titipanana ka djalma lian. Njaoer dina manahna, "Palangsiang Ki Dora djeung Ki Sembada parasea, sabab doeanana oge tabe'atna koekoeh pengkoeh kana parentahan!"

Tina reuwasna, Kangdjeng Radja henteu talangke deui, bral andjeunna angkat gagantjangan, rek njidikkeun kereteging manahna. Tetela henteu njalahan, Ki Sembada djeung Ki Dora kasondong geus tingdjolopong, patoendjang-toendjang. Panakawan doeanana koe Sang Adji dioesapan, bari dipariksa naon lantaranana noe matak kitoe baloekarna. Rentjang noe saratia teh aroendjoekan sili genti, imeut pisan ti wiwitan nepi ka wekasan, ngaromongna paparegatan. Barang geus tamat aroendjoekanana, hos maraot.

Sang Praboe katjida prihatinna, tjalik bari ngahoeroen baloeng, sedih dina panggalih, doemeh doea rentjang anoe sakitoe saroehoed koemawoelana sah ti doenja lantaran kasalahan andjeunna, bongan henteu tigin kana dawoehan. Pikeun panginget-nginget kana kasoemoedjoedanana eta doea panakawan, Sang Adji njerat dina tangkal kai koe peso raoet, kieu oenina: Hana tjaraka, data sawala, pada djajanja, maga batanga. Hartina, aja doea oetoesan parasea,saroea kabedasanana, toengtoengna djaradi lajon.

Eta omongan anoe diserat dina koelit kai teh koe Sang Adji diaos diboelak-balik. Katjida andjeunna kagetna, doemeh dina eta omongan sakabeh sora aja. Sakali deui koe andjeunna diaos bari ditarikkeun gentrana, dioenikeun hidji-hidjina sora: Ha, na, tja, ra, ka, da, ta, sa, wa, la, pa, da, dja, ja, nja, ma, ga, ba, ta, nga. Ari breh teh katingali, eta omongan teh beunang didjieun tjatjarakan.

"Tah, kitoe asal-oesoelna aja tjatjarakan aksara Djawa teh." (*)

Samboengan ti Bagean 1 Njamboeng ka Bagean 3

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 2, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 2, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 09.47 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.