Tjarita Mantri Djero (Bagean 1, Djilid 1)

Reboen-reboen halimoen pasoesoen-soesoen, ngarimboenan tatangkalan. Wawangoenan djeung kakajon siga disangsangan kasang, disampajan boeh rarang. Raong hajam kongkorongok, sorana palambat-lambat. Sisi langit beulah wetan marabat pating aroedat, balebat. Retjet manoek disarada; manoek tjatjing, tjangkoerileung, patembalan djeung saeran, ngabageakeun katineung: sarangenge noe moentjoel loehoereun goenoeng, tjahjana ngageboer hoeroeng.

Carita Nyambung

Halimoen noe pasoesoen teh peuraj njingraj lalaoenan, njengled saperti lalangse, ngagoeloeng kawas reregan. Lemboer anoe kapindingan, noe ngan tembong renggenekna djadi atra katendjona, geus leungit aling-alingna.

Sinadjan geus kahalangan koe mangpirang-pirang djaman, ganti taoen ganti boelan, kaajaan boemi alam meh henteu aja robahna, kitoe deui hawa napsoena djelema teu aja pisan mendingna. Ti bihari nepi ka alam kiwari henteu aja euih-euih, karepna ngan hajang leuwih, dibelaan metakeun katelengesan, tega noenda kaadilan asal maksoedna tinekanan.

Teu ngingetkeun manoesa aja noe moerba; lain rempakeun, lawaneun! Awal-ahir wawales tangtoe toemiba, moal aja noe bisa manghalangankeun. Tapi sanadjan kitoe, djelema taja eureunna njoba-njoba ngarobah koelak-tjanggeumna. Ana henteu kadjadian, ngarasoela, teu narimakeun kana takdir anoe ngawengkoe dirina.

Geus leuwih tiloe ratoes taoen lilana nepi ka ajeuna, sabagian Tanah Priangan tatar wetan, noe katelah Nagara Tengah, djadi pamoengpoengan noe njiar sandang-pangan, panjeundeuhan noe ngoembara ngadon boeboeara, lantaran mangsa harita noe djadi toenggoel pajoengna eta nagri landoeng kandoenganana, laer aisanana, djembar sagarana. Sadjaba ti kakontjara gede bobot pangajonna, Dalem Nagara Tengah teh kawentarkeun katoweksaanana ka abdina. Eta sababna noe matak sapangeusi eta nagri pada ngarasa soegema hatena, senang teu aja karingrang, lantaran towong rampog sepi paling.

Katjaritakeun ka padoesoenan Nagara Tengah aja noe ngaboeni raga, tapi taja noe bisa nerangkeun ti mana asalna. Kitoe deui kana ngaranna taja noe njahoeun, sabab djinisna mah teu daekeun njaritakeun. Tapi sanadjan ka djelema teu poegoeh bandjar karang pamidanganana, taja anoe koemawani, malah pada ngadjenan, kawas geus baroga sangka jen eta noe ngoembara teh lain djalma djore-djore. Pantes pada mikaera oge, sabab dedeg-pangadegna segoet, kawas tedak menak, toeroenan ngaheujeuk dajeuh. Didjoegdjoegan elmoena, goeroeaneun. Elmoe lahir, elmoe batin taja kapetolanana, malah djadi patarosan, diparoendjoeng tjara ka sesepoeh, disareboetna oge Adjengan bae.

Adjengan teh kagoengan poetra pameget hidji, joeswana kira-kira 15 taoen, Jogaswara djenenganana. Eta moerangkalih koe iboeramana katjida dipikaasihna, kawantoe poetra ngan hidji-hidjina. Tapi sanadjan banget dipikameumeut, Jogaswara henteu dipitoemanan ngalentreng. Isoek-isoek keneh koe ramana geus digoegahkeun, ditjandak ka sawah, sabab Adjengan teh tani damelna. Teu woedoe oge kaseboet tjoekoep. Sawahna aja opat-lima baoena, taloenna aja doea-tiloe loewoekna. Tapi sanadjan dikeprik, Jogaswara kana gawe badag teh semoe rada soengkan, malah mindeng koe ramana diwoeroekan sangkan tambah kasaregepanana.

Hidji mangsa Jogaswara koe ramana ditjandak ka sawah, mariksa piboeateun. Tetendjoan katjida matak waasna, toeroet-toeroet lemboer makplak pasawahan lega, majakpak satoengtoeng tendjo. Parena roehroej koneng, ana katebak koe angin, siga sagara emas keur oempalan.

Adjengan ngadeg dina galeng, pasemonna hegar marahmaj, semoe boengah dina manah, ningali pakajana waloeja. Pok andjeunna ngalahir ka poetrana. Saoerna, "Oedjang, geura tendjo ieu pare noe sakieu aloesna; ranggeujanana moenggah marenod bawaning beurat koe eusi. Pikeun toekang tani mah moal aja kaboengahan noe leuwih ti kieu, noe matak sing getol digawe teh, ambeh seubeuh ngala boeahna."

Jogaswara ngadangoe kasaoeran ramana kitoe teh semoe teu miloe boengah. Pioendjoekna, "Da eta tjape matjoel teh, nja panas, nja djareblog!"

Walon ramana, "Hih, ari Oedjang, sagala pagawean oge aja kaheseanana, tapi koemaha da djelema mah wadjibna digawe teh pikeun njiar kahiroepanana. Kapan aja paribasa, lamoen teu ngakal moal ngakeul, hartina lamoen henteu daek digawe moal barang dahar."

Jogaswara hatoeran deui, "Ah, oepami aja deui pakasaban sanes mah, alim djadi boeloe taneuh teh."

Saoer Adjengan, "His, djadi boeloe taneuh oge ari pinanggih djeupg kasenanganana mah timboel aloesna. Djeung poma Oedjang oelah boga pikiran jen tani teh pagawean hina, sababna koe Ama mah sagala pagawean geus karandapan: djeneng enggeus, dagang enggeus, tapi kaberekatanana taja noe njaroeaan kana tani. Geuning tjek babasan oge, noe dagang tinggal hoetangna, noe djeneng tinggal adigoengna, noe tani kari moektina."

Jogaswara henteu sasaoeran deui, kaboeroe kaget ngadangoe ramana njarioskeun enggeus djeneng. Djeneng naon djeung ti mana? Kapan ti saemoet oge ramana teh toekang tani, toer teu atjan ingkah ka mana-mana.

Ti harita Jogaswara ngageremet bae dina manahna, palaj oeninga kana rasiah ramana. Saenjana mah geus lila Jogaswara aja dina kaewoehan teh, doemeh panganggo iboe-ramana beda djeung adattabe'atna batoer salemboer. Toekang tani noe sedjen mah tara njarek lamoen anak-anakna ngaromong songong teh, tapi ari Adjengan mah, sakalieun poetrana sasaoeran rada teugeug oge, sok ngawoeroekan. Lahirna, "Oedjang, poma sing inget, sanadjan kaseboetna ngan sakadar anak patani, papatjoean oelah rek ngalalaworakeun kana tetekon katatakramaan, sabab toeroenan mah teu beunang diboenian. Lir ibarat emas, sanadjan geus roemeuk oge, ari dikosok mah tangtoe herang deui, wantoening moal robah sipat kaemasanana mah. Kitoe deui lamoen hajang nganjahokeun toelen henteuna emas, geuning sok dioedji heula, digosokkeun kana batoe pangoedjian, djadi salilana moal kabobodo. Di djelema oge nja kitoe, lamoen rek niten hidji djelema toeroenan loehoer lainna, dioedji heula, njaeta ditilik tindak-rengkakna, tatabasana, djeung ngomongna, sabab ieu sarat-sarat noe tiloe roepa hese ditoeroetanana, lamoen dina dirina henteu njampak darahna."

Baroedak sedjen mah koe kolotna sok dioembar sakarepna. Tapi Jogaswara mah selang-selang tina ngabantoe di sawah teh sok diwoeroek matja djeung noelis. Djeung naha ka ramana teh loba teuing noe taloemaros. Kawasna oerang lemboer eta mah, oepama rek migawe hidji pagawean, henteu wani prak lamoen teu dirempoegan koe Adjengan teh. Paingan djadi patarosan oge, da Adjengan teh teuing koe loba kaoeningana.

Waktoe Jogaswara ngamimitian diwoeroek noelis aksara Djawa, ramana njarios jen tjatjarakan noe keur diadjarkeun teh aja dongengna. Jogaswara katjida panasaraneunana, malah mindeng oendjoekan njoehoenkeun dipangdongengkeun.

Dina hidji mangsa, kabeneran Adjengan keur teu kagoengan padamelan, Jogaswara disaoer. Lahirna: "Lamoen Oedjang hajang njaho dongengna tjatjarakan tea, heug dengekeun, koe Ama rek ditjaritakeun." (*)

Njamboeng ka Bagean 2

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 1, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 1, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.47 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.