Wangenan Novel

Novel nyaeta karangan prosa fiksi (lancaran hayalan), pangaruh sampeuran ti Eropah, gelar dina wangun tinulis. Ukuranana relatif panjang, eusina nyaritakeun hal-hal anu ilahar kajadian dina kahirupan sapopoe. Novel Sunda munggaran, "Baruang ka nu Ngarora" medal taun 1914, karangan Daeng Kanduruan Ardiwinata. Novel Indonesia munggaran, "Azab dan Sengsara" medal taun 1920 karangan Merari Siregar. Genep taun leuwih ti heula novel Sunda tinimbang novel Indonesia.

Rohang Kalam

Novel ditulis dina wangun lancaran, lain wangun ugeran (puisi). Ku kituna cara nulisna diparagraf-paragraf, diwuwuhan ku dialog/guneman saluyu jeung kaperluan. Lain dipada-pada jiga dina sajak.

Novel mangrupa karangan fiksi, hartina naon-naon anu dicaritakeun dina novel mangrupa hasil imajinasi pangarangna, lain fakta atawa lain kanyataan. Sok sanajan kitu, sababaraha novel ditulis dumasar kana sajarah.

Novel lain karya sampakan, tapi karya sampeuran, pangaruh tina karya sastra di Eropah. Nalika Eropah ngajajah urang, nu dibawa lain pangaruh mangrupa banda alam fisik wungkul, tapi oge kakayaan alam pikiran, kaasup karya sastra.

Novel gelar mimiti sacara tinulis, diketik atawa dicitak, samalah kiwari geus ceuyah novel-novel dina wujud digital.

Galur dina novel relatif ruwed, palakuna bisa ngalaman rupa-rupa kajadian, boh kajadian anu tumiba/dilakonan ku fisikna, boh kajadian anu tumiba/dilakonan ku pikiran jeung rarasaanana.

Ciri-ciri Novel:

  • Lancaran (prosa)
    Novel ditulis dina wangun lancaran, lain wangun ugeran (puisi). Ku kituna cara nulisna diparagraf-paragraf, diwuwuhan ku dialog/guneman saluyu jeung kaperluan. Lain dipada-pada jiga dina sajak.
  • Fiksi
    Novel mangrupa karangan fiksi, hartina naon-naon anu dicaritakeun dina novel mangrupa hasil imajinasi pangarangna, lain fakta atawa lain kanyataan. Sok sanajan kitu, sababaraha novel ditulis dumasar kana sajarah.
  • Karya sastra sampeuran ti Eropah
    Novel lain karya sampakan, tapi karya sampeuran, pangaruh tina karya sastra di Eropah. Nalika Eropah ngajajah urang, nu dibawa lain pangaruh mangrupa banda alam fisik wungkul, tapi oge kakayaan alam pikiran kaasup karya sastra.
  • Gelar sacara tinulis
    Novel gelar mimiti sacara tinulis, diketik atawa dicitak, samalah kiwari geus ceuyah novel-novel dina wujud digital.
  • Galurna relatif ruwed
  • Galur dina novel relatif ruwed. Palakuna bisa ngalaman rupa-rupa kajadian, boh kajadian anu tumiba/dilakonan ku fisikna, boh kajadian anu tumiba/dilakonan ku pikiran jeung rarasaanana.
  • Ukuranana relatif panjang
    Ukuran novel jauh leuwih panjang manan carita pondok (carpon). Dina kabeungharan sastra, aya anu disebut novelet jeung roman. Dina sastra Sunda teu dipisah-pisah antara novel, novelet, jeung roman, kabehanana sarua, eta-eta keneh.
  • Palakuna relatif loba
    Kulantaran panjang tea, palaku dina novel relatif loba, saluyu jeung kajadian-kajadian anu lumangsung dina novel.
  • Nyaritakeun hal-hal anu ilahar dina kahirupan sapopoe
    Anu dicaritakeun dina novel estuning kajadian-kajadian sapopoe anu ilahar kaalaman ku manusa. Dina sababaraha novel aya dicaritakeun sasatoan atawa mahluk-mahluk lian ti manusa, tapi angger dina enas-enasna mah eta teh mangrupa representasi pangalaman manusa.
  • Ngaran pangarang natrat kanyahoan
    Ngaran pangarang novel natrat kanyahoan, dituliskeun dina buku novelna. Ieu saluyu jeung tradisi tulis/citak dina alam kahirupan moderen, saluyu oge jeung kamekaran jiwa manusa anu rasa 'memiliki'-na mingkin dieu mingkin gede. (*)

Imas Rohilah
Wangenan Novel Wangenan Novel Reviewed by Rupa Sundapura on 21.00 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.