Diskon

Barakatak

Di ruang pangadilan hakim keur mariksa pasakitan.

Hakim: "Geus sabaraha kali anjeun asup pangberokan?"
Pasakitan: "Bade sapuluh kali, Pa."
Hakim: "Rupana anjeun euweuh rasa kapok, tah ku kuring bakal dibere hukuman anu leuwih beurat."
Pasakitan: "Punten Pa Hakim, saurna ka langganan mah sok aya diskon, upami sapuluh kupon gratis hiji."
Hakim: ?@%&*!#%?

Diskon Diskon Reviewed by Rupa Sundapura on 19.14 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.