Papisah

Fiksi Mini Basa Sunda

Tengah peuting di beh dusun Calangap kadenge sora ngabeledug tarik naker. Loba jalma anu teu sirikna balap muru ka TKP. Manahoreng bus ngadu munding jeung entreuk. Teuing supirna naha tunduh teuing pada-pada mabokna. Untung we, boh beus boh entreuk karosong kabeh. Ngan orokaya supir jeung kenekna maraot.

Nempo balukar tabrakan, anu lalajo pada bibirigidigan. Cangcaya kana panenjoan.

"Untung pada-pada ngosong nya. Coba lamun eusi, tangtu loba korban."

"Maraot nyah supir jeung kenekna?"

"Atuh heueuh, tempo wae kusorangan. Hulu supir jeung kenek papisah." (*)


https://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/347761638598743/
Papisah Papisah Reviewed by Rupa Sundapura on 19.05 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.