Sasakala Biruang Jadi Galak

Baheula mah biruang atawa ontohod teh bejana bageur, malah sok daek tutulung ka jelema. Di handap ieu aya dongeng hiji biruang jeung juru tani.

Dongeng Buhun

Aya hiji juru tani boga sawah di sisi leuweung, sarta sosobatan jeung biruang. Waktu sawahna dipelakan pare, unggal peuting sok dijaga jeung dironda ku biruang. Atuh senang juru tani teh, datangna ka sawah ti beurang wungkul, henteu kudu katiisan kaibunan.

Kacaritakeun waktu dibuat (ngala pare), buru-buru juru tani ngakut pare ka lembur, dibunikeun di imahna. Di sawahna teu ditinggalkeun saranggeuy-ranggeuy acan. Barang biruang ka sawah, kacida kageteunana, nenjo pare kari jaramina wungkul. Gancang bae biruang teh ka juru tani nanyakeun pare bagianana. Ku juru tani dijawab yen bagian biruang ka handapna, ari ka luhurna geus beak kabeh didahar ku manehna saanak pamajikan. Biruang asa katipu, da tadina ngajaga sawah soteh ngarah kabagian parena lain jaramina.

"Lamun sampean rek muruhan ku jarami kula moal daek mangjagakeun ti peuting nepi ka bagong jeung beurit taya nu ngulampreng, da hayang soteh ku pare," ceuk biruang.

"Hampura we sakadang biruang, sabab geus beak, keun taun hareup mah bagian kula ti handapana, anjeun ka luhurna," ceuk juru tani.

"Hade ari kitu mah, ngan ulah jalir," ceuk biruang.

Kocapkeun taun hareupna, juru tani di sawahna melak kumeli (kentang) lain pare. Biruang wantuning sato, teu nyahoeun bedana pare jeung kentang. Samarukna kumeli ge sok buahan kawas pare, nepi ka manehna kabagean luhurna. Sajero sakitu lilana, biruang suhud pisan tungguna, unggal peuting tara elat. Bray beurang kakara asup ka leuewung.

Juru tani lain kakara melak kumeli teh. Manehna apal pisan iraha waktu beutian. Dina waktuna, kumeli teh dirabut ku juru tani jeung pamajikan katut tatanggana. Memeh magrib teh geus anggeus teu aya satangkal-tangkal acan. Beutina geus diringkid ka lembur.

Biruang datang ka sawah, nyampak kumeli tangkalna wungluk katut daunna ditumpuk-tumpuk. Unggal tumpukan ku biruang diguarkeun sugan aya hakaneunana, tapi lapur teu manggih naon-naon. Kakara manehna ngarti, yen bagian handapna kumeli mah nu ngeunahna teh, nyaeta tangtu anu geus diringkid ku juru tani ka imahna oge.

Ayeuna biruang yakin yen juru tani tea teu beunang dipercaya, teu beunang di pikasobat. Manehna ngomong jero hatena, "Aing sumpah nepi ka turun-tumurun, jadi musuh jeung jelema. Lamun jelema datang ka leuweung, sina ngarasa pamales sobat nu geus ditipu."

Ti harita tug ka kiwari, biruang teh sato galak henteu beunang diheureuyan jelema. Kukuna jeung huntuna pohara pasakana, tanagana kacida pisan bedasna lain lawaneun jelema lumrah. (*)


Tina Dongeng Sasakala - Rd. Satjadibrata
Sasakala Biruang Jadi Galak Sasakala Biruang Jadi Galak Reviewed by Rupa Sundapura on 10.23 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.