Tjaah

Roesdi djeung Misnem

Oenggal-oenggal taoen tangtoe oerang manggih waktoe ngidjih. Lĕmboerlĕmboer noe sisi waloengan, lamoen ngidjihna tea, sok radjeun katjaahan. Lamoen tjaahna gĕde, tjaina sok radjeun limpas ka darat.

Ari lemboer Roesdi pĕrnahna di sisi waloengan. Dina hidji poe, basa hoedjan gĕde, kabeh waloengan-waloengan, soesoekan-soesoekan tjaraah. Sawah-sawah, balong-balong kakeueum, malah rea pisan sasak-sasak noe paralid.

Tjaina waloengan-waloengan mani leber, rea nakĕr tatangkalan noe galede paralid kabawa tjaah. Hateup eurih mani meh mĕndĕt dina waloengan kawas-kawasna aja imah atawa saoeng kabawa palid. Toekangeun eta ngaboegigag bangke ĕmbe djeung bangke moending, ari bangke hajam mah teu kabilang deui, tina bawaning koe rea.

Tjaahna teu lila orot, tatangkalan njarangsang sisi waloengan. Kolot-kolot pahiboet ngaradekan rangrang keur soeloeh. Sawareh tingkalatjeboer nararikan kai ti tengah tjai, da noe di darat mah beakeun koe batoer.

Roesdi djeung batoer-batoerna oge aja di dinja. Tapi ngan narendjokeun ti kadjaoehan bae, da sarieuneun kabawa palid. Ti soesoekan leutik maranehannana manggih laoek, taksiran bae anoe kalimpaskeun koe tjaah tea.

Barang geus beak alaeunana, ngabroel baralik ti tjai, ngaleut marawa beubeunangannana. Sapandjang jalan rame noe saleuseurian saloesoerakan tina rea babawaanana.

Eta djĕlĕma ngomong kieu, "Lah, hajang teh oenggal poe tjaah kawas tadi, ambeh teu soesah koe laoek djeung teu soesah koe soeloeh."

Tembal batoerna noe sedjen, "Ih, oentoeng soteh oerang, da ari batoer mah roegi katjaahan. Kěbonna djeung pĕpĕlakanana leboer, imahna djeung parabotanana roeksak, malah sakapeung mah aja oge djĕlĕma paeh kabawa palid." (*)

Tjaah Tjaah Reviewed by Rupa Sundapura on 09.28 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.