Prameswari (Bagian 1)

Ngaran lengkepna mah Prameswari Pradhya Paramitha, ngan nenehna Swari. Geulis, pinter, tur parigel, nepi kapeto mingpin hiji parusahaan nu diwariskeun ti kulawargana.

Carita Nyambung

Poe ieu, Swari bakal ngayakeun acara nu geus dianti ti baheula, cenah mah rek ditanyaan. Enya sih, diadu-adu ku kolot, ngan ti basa panggih munggaran jeung pisalakieunana, geus langsung cocog wae. Kasep, gagah, da pulisi, jeung bageur deuih.

"Kersa nya, Neng!" ceuk bapana harita.

Swari langsung unggeuk nyatujuan. Sataun ti harita, aya iber rek ditanyaan. Kulawarga Prabu bakal ngajorag ka Bandung, rek riung jukung jeung kulawarga Swari, ngahijikeun duanana sok sanajan ngan saukur tukeur cingcin.

Pasosore, Swari ngahaja ti pagawean langsung ka mall, rek aya beulieun. Puguh ge ari rek hahajatan mah sok aya wae nu kurang.

Turun tina mobil, langsung muru ka ATM, rek narik duit. Ngajanteng di luar ATM, di jero aya lalaki keur anteng. Swari ngadagoan. Aya kana satengah jamna eta lalaki di jero ATM.

"Kang, tos beres teu acan?" Swari gegedor. Geus lila nungguan, kesel.

Eta lalaki ngareret, mere isarat bari imut.

"Kedap!" cenah.

Swari jamedud. Teu lila eta lalaki kaluar ti jero ATM.

"Punten Bu, kablokir kartuna!" cenah bari balaham-belehem.

Swari teu nembalan. Sup asup ka jero ATM. Kartu diasupkeun. Sanggeus rada lila, breh teh aya tulisan dina monitor ATM, yen ATM keur error. Geus mah lila nungguan, kari-kari ATM teu bisa dipake. Swari kukulutus, kaluar ti jero ATM.

"Naha? Teu tiasa, nya?" Eta lalaki nyerengeh jiga nu mupuas.

"Muhun!" tembal Swari bari ngagadeud.

Lalaki nu dibaeudan teh seuri maur, bari nelek-nelek Swari ti kajauhan nu keur ngagedig bangun ambek jeung keuheul.

Swari neangan deui ATM, hadena aya di deukeut lift. ATM-na jalan. Geus nyokot duit gancang muru ka toko nu dipimaksud.

Geus balanja sataker kebek kaperluan manehna jeung kaperluan sejen, Swari langsung muru ka parkiran, rusuh. Leungeun uyup-ayap kana tas, teu kanyahoan konci mobil murag, basa ngadudut tisu tina kantong.

Nepi ka parkiran, rek muka panto mobil, rada ngarengkog.

"Aah, murag jigana, tapi di mana nya?" Swari reuwas kacida.

Balanjaan ditunda. Swari ngurilingan mobil susuganan konci mobil kapanggih. Keur imeut neangan konci, teuing ti mana datangna, lalaki nu tadi di jero ATM ngageroan, "Milari naon atuh?" cenah.

Swari ngareret, laju baketut.

"Euh, eta deui eta deui, rek naon nya?" ceuk gerentes hate Swari bari gancang ngabalieur teu mirosea ka nu ngajak ngawangkong.

"Eh ditaros teh nya!" Eta lalaki jiga nu ngahaja ngagoda Swari.

"Milari konci mobil, uninga teu?" tembal Swari, tamba teuing teu nembalan.

"Oh, henteu!"

Swari beuki keuheul. Matak naon mun ingkah jelema teh, ceuk hate Swari nu keur ngajanteng mikiran konci mobil.

Si lalaki nyampeurkeun ka Swari, bari sura-seuri. Muru ka hiji mobil nu parkir gigireun mobilna Swari.

"Punten ngiring ngalangkung!" cenah bari rengkuh. Swari beuki ijid.

Singhoreng mobil nu ngajengjen gigireun Swari teh bogana eta lalaki. Mobil mewah nu hargana ampir tilu milyar, pulas hideung bangbara. Bangun nu hayang puas, manehna mencet remote nu ngahiji jeung konci mobilna. Kap luhur mobil ngangkat bari muka, mobil canggih meunang ngamodif. Beda jeung mobil Swari, nu hargana di handap 500 jutaan.

Nempo nu pamer mobil, Swari ngadilak. "Sombong pisan lalaki teh, samaruk rek kabita nyah?" Swari kukulutus.

"Raka!" Sora awewe kadenge palebah gerbang parkiran.

Nu digeroan ngareret.

"Kavita!" cenah semu atoh pisan nempo nu anyar datang.

Swari olohok. Raka, lalaki nu pamer mobil tea, ngagabrug awewe nu anyar datang.

"Sayang, naha teu nelepon heula?" Raka ngareret ka Swari bari nangkeup pamajikanana.

Swari beuki keuheul teu pupuguh. Hate asa direrab, duka kunaon. Nempo Raka jeung Kavita sakitu geugeutna, bet aya rasa ceuceub. Naha? (*)

Hanca

Styaningsih
Prameswari (Bagian 1) Prameswari (Bagian 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 22.15 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.