Drama: Si Kabayan Jadi Dukun (Bagean 3)

Drama Opat Bagian

Si Kabayan Jadi Dukun

Drama Opat Bagian

Karangan: Moh. Ambri


Nu Ngalalakon

  1. Saikem
  2. Elu
  3. Utun
  4. Kabayan
  5. Salhiam
  6. Ki Silah
  7. Ki Salih
  8. Sudagar
  9. Nyi Nonoh
  10. Sujiah
  11. Jang Agus

Bagean 3

Di leuweung, keur meungkeutan suluh beunangna ngala, torojol Ki Silah jeung Ki Salih. Duanana sirih isarahan, terus arunggut. Teu antaparah, brek dariuk dina taneuh.

Silah: "Sampurasun Eyang, ieu putu ngadeuheusan!"

Kabayan (kaget bari undur-unduran): "Haaar, naha da teu boga incu, boga ge anak laleutik keneh. Henteu kasalahan mah Ujang teh?"

Silah: "Henteu Eyang, seja ngadeuheusan bae, gaduh piunjuk."

Kabayan (gek diuk): "Ari kitu aya naon, Jang?"

Salih: "Sumuhun, mugi Eyang luntur manah kersa ngalandongan putra dunungan kuring nu pireu ngadadak."

Kabayan: "Haar, da kuring mah lain dukun, boga ge jampe kabuhulan."

Silah: "Ah yang sing hawatos bae ka putu, piraku ari kedah dipaksa mah."

Kabayan (korejat hudang, taki-taki): "Har make rek maksa sagala rupa. Moal kuring mah, moal daek!"

Silah (silih kiceupan jeung Salih bari jung nangtung): "Punten atuh Embaaaaaah...!"

(Jebet kabayan ditampiling dua kali. Bangkieung, gebru, ohek-ohekan bari aduh-aduahan).

Salih: "Mangga atuh Eyang, bilih kasontenan di jalan."

Kabayan: "Teu eudeuk! Embung cekeng ge, embung!"

Silah (bari meberkeun dampal leungeunna): "Bilih palay sakali deui, Eyang. Kueh gelep!"

Kabayan: "Meungeus...! Meungeus...! Heug daek! Kumaha atuh itu suluh?"

Silah: "Sawios dipeser, yeuh ieu artosna, receh salawe perak!"

Kabayan: "Hayang baju nu eta kuring mah."

(Kabayan nunjuk kana kampret nu dipake ku Silah).

Silah (bari muka bajuna, terus dibikeun ka Kabayan): "Mangga...! Mangga...!"

Kabayan (bari nunjuk ka nu Salih): "Tukeuran heula iketna!"

Salih: "Lebar, Eyang, anyar keneh meser!"

Kabayan: "Kajeun teu tulus kuring mah!"

Silah (nyanghareup ka Salih): "Bikeun bae, Lih! Engke ge digantian ku dunungan."

(Iket dibikeun ka Kabayan bari murukusunu).

Kabayan: "Embung leumpang kuring mah. Sangeuk!"

Silah: "Kumaha atuh, Eyang?"

Kabayan: "Hayang digandong kuring mah, ku si eta!" (Bari nunjuk ka Salih. Salih bangkenu).

Silah: "Wayahna bae Lih, da urang nu butuh. Keun engke diburuhan ku dunungan!"

(Kabayan rigidig digandong).

Kabayan: "Henteu kurang duit suluh teh, Jang? Cik urang itung heula! Dongko Jang, dongko!"

(Salih dongko. Kabayan ngitung duit dina tonggong Salih, dua-tilu balikan).

Salih: "Cangkeul, Eyang! Na lami-lami teuing ngetang artos teh."

Kabayan: "Kerok bae, Jang. Tah bener geuning ayeuna mah." (Sup duit diasupkeun kana saku kampret).

Kabayan: "Hayang dikurudung heula ku sarung! Nu eta, tah!" (bari nunjuk sarung Ki Silah).

Silah: "Samarinda ieu mah, Eyang, lebar!"

Kabayan: "Kajeun bolay kuring mah!"

Salih: "Bikeun bae, Silah. Uing geus cangkeul yeuh!"

Silah (bari ngudar sarung tina cangkengna, pek dikurudungkeun ka Kabayan): "Ku bararangga pisan!"

(Teu lila Silah ngiringkeun Salih nu ngagandong Kabayan nu dikurudung sarung. Sukuna rambay, di gandongna motah, unggut-unggutan. Ti tukang nyirintil Saikem, noel ka Silah).

Saikem: "Kunaon baraya, Eyang dikurudung jeung digandong? Heunteu cilaka mah?"

Silah: "Heunteu Embok, teu kunanaon!"

Saikem: "Tulus ditampilingna Eyang teh?"

Silah: "Puguh bae, ku kuring ditampilingna oge, kakara kersaeun ngiring."

Saikem (bari seuri): "Sukur atuh!"

Silah: "Sukur kumaha, Embok?"

Saikem: "Enya sukur, Embah kabawa ku baraya."

Silah: "Permios atuh, Embok."

Saikem: "Rampes, baraya!"

(Silah Indit, Saikem gogodeug bari seuri).

Saikem: "Tuh si gebleg teh make hayang digandong sagala. Tapi sanajan kumaha oge, Kabayan teh salaki aing, muga-muga bae salamet."

(Saikem nyekel pipina nu kungsi dicabok tea, terus indit ka luar bari ngelek boboko). (*)

Sambungan ti Bagean 2 Nyambung ka Bagean 4

Moh. Ambri
Drama: Si Kabayan Jadi Dukun (Bagean 3) Drama: Si Kabayan Jadi Dukun (Bagean 3) Reviewed by Rupa Sundapura on 12.34 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.