Ngaran Bagian Awak Sasatoan

Dina basa Sunda loba istilah-istilah anu patali jeung sasatoan. Di handap ieu bisa ditengetan hiji-hijina.

Pangajaran Basa Sunda

1. Tanduk

  • Dongkol » Tanduk anu ngulapes duanana, goreng katenjona.
  • Leker » Bangun tanduk munding anu meh siga leukeur (meh mangrupa sirkel), tungtung jeung tungtung padeukeut.
  • Ranggaek » Tanduk anu cagakan atawa nu nyengklik.
  • Sanggadulang » Bangun tanduk munding anu melengkungna rubak ka gigir.

2. Hulu

  • Balung » Jawer hayam nu ka luhur (bagian luhur).
  • Bangus » Sungut sasatoan suku opat (anjing, babi, jeung sajabana).
  • Cula » Sabangsa tanduk dina cukang irung badak.
  • Cungur » Tungtung irung sasatoan sabangsa munding jeung sajabana.
  • Gading » Sihung gajah atawa singa laut.
  • Jawer » Gagaber handapeun careham (hayam, kalkun, jeung sajabana) .
  • Loyop (koplok) » Ceuli sasatoan anu ngaplek.
  • Pamatuk » Sungut sasatoan sabangsa manuk, hayam, jeung sajabana ti eta, paranti macok.
  • Rancung » Ceuli sasatoan anu nangtung/jeceng.
  • Sihung » Huntu sato galak, bangunna mencos antara huntu hareup jeung careham.
  • Tulale » Irung gajah nu panjang sarta bisa dipake barang cokot saperti leungeun.

3. Awak

  • Buntut » Bagian awak sato nu pangtukangna.
  • Burih » Bagian eusi beuteung bangsa manuk tempat ngancurkeun (ngagiling) kahakananana.
  • Cecepet » Anggahota badan lauk cai pikeun kasaimbangan awakna.
  • Dada mento » Daging dada hayam jeung bangsa manuk lianna.
  • Gagaber » Bagian kulit beuheung sapi India jeung sawatara sato sejen nu guwang-gawing.
  • Jangjang » Anggahota badan bangsa manuk, insekta, jeung sajabana ti eta, nu biasana sok dipake hiber.
  • Pamatil » Cucuk cecepet lauk tur sawareh ngandung peurah.
  • Sisit » Bagian kulit sasatoan tina sabangsa tanduk nu nyusun.
  • Telih » Sarupa kantong handapeun beuheung hayam jeung bangsa manuk lianna, tempat ngumpulkeun kahakanan.
  • Tunggir » Bagian buntut hayam jeung bangsa manuk, ngandung gajih pikeun ngaleuciran buluna.

4. Suku

  • Cakar » Tapak cokor.
  • Ceker » Kuku sato opat nu beulah dua (embe, sapi, jeung sajabana ti eta).
  • Cokor » Suku sasatoan.
  • Siih » Senggeh suku hayam jago nu siga sihung paranti ngabintih.
  • Talapok » Kuku kuda nu sok diterapan beusi ti handapna.

5. Bulu

  • Borontok » Warna bulu hayam, hideung atawa beureum campur totol-totol bodas.
  • Bulu kumuut » Bulu nu kakara jadi, lemes keneh.
  • Bulu pangere » Bulu manuk nu kakara mekar congona.
  • Jambul » Bulu-bulu istimewa dina hulu sawatara hayam, japati, jeung sajabana ti eta, nu rada nyungcung.
  • Kondang » Warna bulu hayam semu koneng.
  • Kukuncung » Bulu anu ngacung atawa ngacir dina huluna.
  • Rengge » Warna bulu hayam nu meh siga cele leutik.
  • Rintit » Bulu hayam nu carentik. (*)
Ngaran Bagian Awak Sasatoan Ngaran Bagian Awak Sasatoan Reviewed by Rupa Sundapura on 20.07 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.