Di Setasion

Ret kana pigeulang leungeun, jam lima leuwih lima. Unggal bangku geus aya nu ngadiukan. Kuring nangtung di lawang gerbong. Ngarasakeun angin isuk nu ngahiliwir. Lipetan sapedah disimpen di gigireun bangku. Aman, jam mangkat kareta sapuluh menit deui.

Fiksi Mini Basa Sunda

"Tisu...! Tisu...! Tisuna, A?" cek tukang asong nu ngaliwat. Kuring gideug. Tina saku hareup kantong gandong ngaluarkeun anduk leutik, ngelap kesang dina beungeut, buuk, jeung beuheung. Leungeun ngaragamang kana botol, nu nogel ti saku gigir kantong.

"Aqua, A?" tukang asong sejen ngaliwat. Kuring gideug deui. Tutup botol dibuka, caina maseuhan tikoro. Namba halabhab. Lumayan nanjak, jalan ka setasion teh. (*)


Diropea tina Grup Fikmin Basa Sunda di Facebook
Di Setasion Di Setasion Reviewed by Rupa Sundapura on 21.04 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.