Veronika

Neng Veronika teh salah sahiji wanoja simpenan Si Aki, ngan edas unggal ditelpun kana henpunna sok melbok wae, malahan sok dijawab kieu, "Telkomsel veronika, tinggalkan pesan atau tutup telepon anda!"

Barakatak

Kukituna, Si Aki ngarasa keuheul, pangrasana asa disapirakeun, malahan aya niat nek males.

Hiji mangsa kaparengan Neng Veronika nelpun ka Si Aki, atuh gancang ku Si Aki dijawab.

"Telkomsel Aki Jamhuri, tinggalkan pesan atau putus hubungan kita!" ceuk Si Aki bari ngagidir bakating ku keuheul. (*)

Veronika Veronika Reviewed by Rupa Sundapura on 21.12 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.